Kamis, 01 Desember 2011

Vokal, Konsonan, jeung Engang

A. Vokal
a. Perkara Vokal


Vokal atawa aksara hirup nyaéta sora basa anu diwangun ku sora tina bayah (paru-paru) anu kaluarna ngaliwatan tikoro teu kahalangan ku alat ucap saperti biwir, huntu, létah,lalangit,jeung elak-elakan.Sora anu dikaluarkeun gumantung kana tilu hal, nyaéta:
1. luhur-handapna létah;
2. maju-mundurna létah; jeung
3. wangun biwir

Upama baé, waktu urang ngucapkeun vokal i, posisi létah aya di luhur jeung di hareup, sarta wangun biwir kawas anu nyengir. Sedengkeun waktu ngucapkeun vokal u, posisi létah di luhur jeung di tukang, sarta biwir buleud kawas nu manyun. Tangtu baé baris béda jeung waktu urang ngucapkeun vokal a, o, é, e, jeung eu.

Upama nilik kana luhur-handap jeung maju-mundurna létah, cara ngahasilkeun vocal téh bias dijieun bagan kieu:


---------------------------------------------
| Luhur-   |    Maju-Mundur                    |
| Handap | --------------------------------
|                  | Hareup | Tengah | Tukang |
-----------------------------------------------
| Luhur     |      i        |     eu        |      u       |
| Sedeng   |      é       |      e         |      o        |
| Handap  |               |      a         |                |
-----------------------------------------------

b. Vokal dina Basa Sunda

Dina aksara Sunda, vokal téh disebut aksara macakal, nyaéta aksara anu ngarobah sora. Masing-masing mibanda istilah anu mandiri, nyaéta:
1. panghulu, aksara pikeun ngarobah sora jadi sora i;
2. panyuku, aksara pikeun ngarobah sora jadi sora u;
3. panéléng, aksara pikeun ngarobah sora é (téléng);
4. pamepet, aksara pikeun ngarobah sora jadi e (pepet);
5. panolong, aksara pikeun ngarobah sora jadi sora o;
6. paneuleung, aksara pikeun ngarobah sora jadi sora eu;

Salian ti éta, aya deui aksara atawa bisa disebut tanda-tanda anu ngarobah sora, tapi lain vokal. Upamana baé: pangwisad, panglayar, pamingkal, panyecek, pamaéh, jeung panyakra.

Pangwisad nyaéta tanda sora h (eh) dina tungtung kecap;
Panglayar, tanda sora r (er) dina tungtung kecap;
Pamingkal, tanda sora ya (ya) dinu tungtung kecap;
Penyecek, tanda sora ng (eng) dina tungtung kecap;
Pamaeh, tanda pikeun maéhan sora engang; jeung
Panyakra, tanda pikeun nyelapkeun aksara r (er) dina engang.

Kiwari aksara Sunda téh geus teu diparaké deui. Upama nulis jeung maca, urang Sunda geus ngagunakeun aksara Latén baé. Ku kituna anu disebut vokal ku urang Sunda ayeuna, aksara atawa tandana heunteu béda jeung anu disebut vokal ku sélér bangsa séjén. Iwal ti basa Sunda aya vokal eu, anu euweuh dina basa Indonésia jeung Jawa, upamana.

Vokal atawa aksara hirup dina basa Sunda aya tujuh, nyaéta a, i u, é, o, e, jeung eu. Distribusina dina kecap, bisa nyicingan tempat di hareup (awal kecap), di tengah, atawa di tukang (tungtung kecap).

Pikeun leuwih tétéla, perhatikeun bagan di handap!

-----------------------------------------------------------
|   Vokal  |              Cicingna dina Kecap            |
|                   | ---------------------------------------------
|                   |  di hareup   |   di tengah |  di tukang |
-----------------------------------------------------------
|      a          |     abdi          |     batu         |    kuda         |
|                   |  agama        |     biaya       |     paria       |
|                   |  amprok      |    mandi      |     tibra        |
-----------------------------------------------------------
|       i           |  indit            |     pita         |     sapi          |
|                   |   ibu              |      sair         |      cai           |
|                   |  istri             |   pindah      |    patri         |
----------------------------------------------------------
|       u          |  untung       |     kupa       |     paku        |
|                   |     ulin           |      laun       |       cau         |
|                   |    unggul      |    anduk     |    tambru     |
----------------------------------------------------------
|       é          |  éntog          |    kaléci      |     lélé           |
|                   |   éléh            |    paéh       |     sué             |
|                   | émbrat        |  dompét    |    lotré          |       
----------------------------------------------------------
|       o          |   oncom       |      roti       |     bako         |
|                   |   omong       |    soang     |       bao          |
|                   |  ompong      |   pondok  |      gebro      |
----------------------------------------------------------
|        e         |   entong       |     peti        |      are           |
|                   |     elap           |     siem      |        -              |
|                   |  embung      |     asem     |        -              |
----------------------------------------------------------
|        eu       |  eunteup      | peuyeum |    sampeu   |
|                   |   eureun        |      sieun     |      bieu        |
|                   |  eusleum      | eumbreuk|   nyentreu |
----------------------------------------------------------
 
B. Konsonan
a. Perkara Konsonan


Konsonan atawa wianjana nyaéta sora basa anu kaluarna tina bayah meunang panghalang tina alat ucap. Dina ngalafalkeun konsonan aya tilu hal anu kalibet, nyaéta:
1. kaayaan pita sora;
2. paantelna atawa padeukeutna sawatara alat ucap; jeung
3. cara éta alat ucap téa paantel atawa padeukeut.

Alat ucap nu paantel atawa nu padeukeut pikeun ngawangun sora basa disebut articulator, nyaéta: biwir, huntu, gugusi, létah, lalangit, jeung elak-elakan. Tempat patepungna dua artikulator waktu ngalafalkeun konsonan disebut daérah artikulasi.

Sawatara istilah daérah artikulasi, nyaéta:
1. bilabial, upama dua biwir (biwir handap jeung biwir luhur) paantel atawa rapet. Konsonan anu     dihasilkeunana disebut konsonan bilabial, ngawengku: p (ep), b (eb), m (em), w (ew);
2. labiodéntal,upama biwir handap paantel jeung tuntung huntu luhur. Konsonan anu     dihasilkeunana disebut konsonan labiodéntal, nyaéta: f (ef), v (vé);
3. dental-alvéolar, upama tungtung létah paantel atawa patepung jeung huntu atawa gugusi.     Konsonan anu dihasilkeunana disebut konsonan dental-alvéolar, kayaning: d (ed), l (el), n     (en), r (er), s (es), t (et), z (zét);
4. palatal, upama tungtung létah antel kana lalangit teuas. Konsonan anu dihasilkeunana disebut     konsonan palatal, nyaéta: e (ec), j (ej), ny (eny), y (ey);
5. velar, upama bagian tukang létah antel atawa ngadeukeutkeun lalangit hipu. Konsonan anu     dihasilkeunana disebut konsonan vélar, saperti: k (ek), g (eg), x (éks), ng (eng);
6. glotal, upama pita sora dideukeutkeun atawa rapet nepi ka hawa anu kaluar tina bayah téh     kacandet. Sora anu kaluar téh sora glotal atawa hamjah, saperti sora anu misahkeun sora u     kahiji jeung sora u kadua dina kecap suuk. Ari konsonan anu dihasilkeunana disebut konsonan     glotal, nyaéta h (eh).

Upama nilik kana cara kaluarna sora, konsonan téh bias dibagi dua, nyaéta:
1. konsonan sora bahan (oral), upama sora basana kaluar tina bahan, saperti: b, c, d, f, g, h, k, l, p, r, s, t, w, y;
2. konsonan sora irung (nasal), upama sora basana kaluar tina irung, kayaning: m, n, ny, jeung ng.

b. Konsonan dina Basa Sunda
Dina aksara Sunda, konsonan atawa wianjana téh ditandaan ku aksara ngalagena. Abjadna sok disebut cacarakan, runtuyanana: ha na ca ra ka da ta saw a la pa (dha) jay a nga ma ga ha (tha) nga. Aksara dha jeung tha, carang dipaké dina basa Sunda.

Ku lantaran kiwari urang Sundana ogé geus umum nulis jeung maca ngagunakeun aksara Latén, tangtu baé abjad anu dipakéna ogé alpabét (susunan aksara Latén). Sanajan kitu, ari sora basa anu kaluarna (tina bayah) mah, méh taya bédana jeung mangsa urang Sunda ngagunakeun cacarakan.

Nurutkeun susunan alpabét, konsonan dina basa Sunda téh nyaéta: b, c, d, g, h, j, k, l, m, n, p, r, s, t, w, y. Ditambah ku konsonan ng jeung ny, anu sanajan diwangun ku dua aksara tapi hiji sora. Lantaran pangaruh basa kosta (asing), konsonan f, q, v, x jeung z. Utamana lantaran pangaruh kamekaran élmu pangaweruh jeung téknologi. Dina urusan ngaran baé, upamana, apan ayeuna mah geus teu anéh upama aya urang Sunda nu ngaranna Évié, Novié, Farid, Rizki, Zaki, Iqbal, atawa Aléx.

Sarua jeung vokal, konsonan ogé distribusina dina kecap basa Sunda bias nyicingan tempat di hareup (awal), di tengah, atawa di tukang (tungtung). Iwal konsonan e jeung ny anu teu bias nyicingan tempat di tungtung kecap.

c. Kluster
Perhatikeun kalimah di handap!
1. Ceu Tati keur nyieun gemblong.
2. Mang Jaja dagang bandrék.
3. Bu Inda rék nyieun ampyang.
4. Kang Zaki keur nyieun skripsi.

Dina kalimah-kalimah di luhur, aya kecap-kecap gemblong, bandrék, ampyang, jeung skripsi. Upama ditengetan, dina éta opat kecap téh aya konsonan anu ngaréndéng nyaéta bl dina gemblong; dr dina bandrék; py dina ampyang; jeung skr dina skripsi. Anu kitu téh disebutna kluster, nyaéta gabungan dua konsonan atawa leuwih anu diucapkeun babarengan tur sawaktu dina hiji engang, bari teu kaselapan ku vokal.

Upama nyoko kana wangenan di luhur, kluster téh lain ngan ukur gabungan dua konsonan wungkul. Tapi ogé kudu aya dina hiji engang. Nu matak konsonan m dina kecap gemblong, upamana, heunteu asup kluster (bl), sebab misah engang. Upama kecap gemblong dirucat, jadi gem-blong. Kitu deui konsonan n dina kecap bandrék jeung konsonan m dina kecap ampyang.

Umumna kluster dina basa Sunda diwangun ku dua konsonan. Upama aya nu leuwih ti dua, biasana mangrupa pangaruh tina basa kosta (asing), saperti skr dina kecap skripsi. Salian ti éta, konsonan kadua dina kluster basa Sunda nyaéta l, r, atawa y.

Kluster dina basa Sunda, di antarana:
- bl : blug, tambleg, gemblong
- cl : clak, kéncléng, benclang-benclung
- gl : jengglong, jenggléng
- jl : jleg, génjlong
- kl : éngké, cengklik
- pl : plong, tamplok, démplon, kempléng
- br : bras, nambru, gambréng, nombro
- cr : crungcréng, kancra, kencring, pencrong
- dr : dreum, bandring, condré, saléndro
- gr : kianggrit, sanggray, pasanggrahan
- jr : genjring, ténjrag, anjrek
- kr : congkrang, dongkrak, angkrék
- pr : pribumi, kamprét, ompréng, namprak
- sr : sripanggung, angsrod, nyingsring
- tr : tresna, strika, santri, pentrang
- by : byur, gembyung
- py : ampyang, kempyang

Kluster basa Sunda nu mangrupa pangaruh basa asing, di antarana:
- fr : frase, frékuénsi, konfrontasi
- ps : pseudo, psikologi
- sp : spesial, inspéksi, transport
- st : status, stimulus, instant
- str : struktur, stratégi
- skr : skripsi, transkrip

Simkuring nyandak tinu buku Galuring Basa Sunda nu disusun ku, Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Drs. An 'Nur, sareng Dra. Tati Purmawati. Nu diterbitkeun ku Pustaka Setia.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar