Rabu, 30 November 2011

Kalimah Panyeluk

Kalimah Panyeluk

  1. Kalimah salam, nyaeta kalimah anu eusina ngebrehkeun kasalametan, biasana wangun matok. Contona :
- Wilujeng sumping, Bu!
- Assalamualaikum!
            2. Kalimah panggentra ( vokatif ) nyaeta kalimah panyeluk anu diwangun ku
                nyebut ngaran, gelar, sesebutan.Contona :
                - Ginan !
                - Satpam !
3. Kalimah anteuran, nyaeta kalimah panyeluk anu ngebrehkeun rasa   panyaturna, biasana patali jeung kanyeri, kareueus,jsta. Contona :
- Ah !
- Ambuing !

GUGURITAN

Guguritan teh minangka judul karangan anu dina wangun pupuh. Conto-contona:
  1. Dina Pupuh Kinanti aya guguritan kembang Eros, Parahu Laju Didayung jeung sajabana
  2. Dina Pupuh Asmarandana aya Guguritan: Eling-eling mangka eling
  3. Dina Pupuh Dangdanggula aya guguritan: Bandera Urang, Kembang Cau, Mega Beureum.
  4. Jeung sajabana
Nurutkeun wangunna eta guguritan teh :
  1. Carita
  2. Sindiran Dangding
  3. Wawangsalan Dangding
Ari numutkeun eusina mah guguritan teh jembar pisan, sakumaha dina wawacan upamana bisa nyaritakeun lalakon, kasusahan, kabingungan, kasedihan, kabungahan, ngambek, perang, wawaran jeung sajabana.
Conto-conto pupuh :
1.   Pucung 
Utamana jalma kudu rea batur
keur silih tulungan
silih nitipkeun nya diri
Budi akal lantaran ti pada jalma
2.   Lambang
Urang kudu inget pisan
Nya diajar di sakola
Kudu gura-giru bisa
Sing inget ka indung bapa
3.   Pupuh Magatru
Guguritan      : Peuyeum Sampeu
lagu                : Buhun
Peuyeum sampeu dagangan ti Ranca Purut
Dijual dua saduit
Dibungkusan daun waru
Dituruban daun jati
Katuangan anu ompong
Guguritan       : Majalaya
Lagu               : Buhun
Majalaya Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo, Rongga, Cisondari
Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong
4.  Pupuh Maskumambang
Guguritan      : He Barudak
Lagu               : Buhun
He barudak kudu mikir ti leuleutik
Maneh kahutangan
Ku kolot ti barang lahir
Nepi ka ayeuna pisan
5.  Pupuh Pangkur
Guguritan      : Seja Nyaba (dicutat tina wawacan
                          Panji Wulung)
Lagu               : Buhun
Seja nyaba ngalalana
Ngitung lembur ngajajah milang kori
Henteu puguh nu dijugjug
Balik paman sadaya
Nu ti mana tiluan semu rarusuh
Lurah begal ngawalonan
Aing ngaran Jaya Pati
6.  Pupuh Balakbak
Guguritan      : Aya Warung
Lagu               : Buhun
aya warung sisi jalan rame pisan
Citameng
Awewena bisa pisan ngala duit
Ngagoreng
Lalakina – lalakina los ka pipir nyoo hayam
Si Rengge
Guguritan      : Awewena
Lagu               : Buhun
Awewena loba pisan caritana
Cerewed
Lamun henteu panuju kasalakina
Ngeceblek
Salakina-salakina cicing bae teu ngalawan
Nyerengeh
Guguritan      : Palered
Lagu               : Buhun
Di dinya mah loba pisan gagarabah
Palered
Aya maung, hayam, entog, meri, soang
Jeung monyet
Didagangkeun-didagankeun di tokona loba pisan
Ngaberes
7.   Pupuh Mijil
Guguritan      : Putra Pringgandani
Lagu               : Buhun
Mesat ngapung Putra Pringgandani
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak-lirik ningali ka bumi
Milari Sang Rayi
Pangeran Bimanyu
Guguritan       : Pamaksadan Hasil
Lagu               : Buhun
Lamun hayang pamaksadan hasil
Sing loba kanyaho
Jeung kahayang ditambah kadaek
Hiji deui perlu kapimilik
Kabisa nu mahi
Sakitu teh cukup
Guguritan       : Bapak Tani
Lagu               : Buhun
Bapa Tani nu di tepis wiring
Pakena kalotor
Dudukuyna oge geus laledeh
Manggul pacul jeung ngajingjing arit
Gambarna patani
Tah eta teh kitu
8.   Pupuh Sinom
Guguritan      : Tawis Kabingah
Lagu               : Pangrawit
Sinom tawis kabingahan
Kabingahan tanpa tanding
Teu kagambar ku rumpaka
Henteu kasanggi ku dangding
Patepang sareng wargi
Nu cunduk ti lembur-lembur
Ketua KTNA
Mugi-mugi nambih andil
Ngaronjatkeun karaharjan masarakat
9.   Pupuh Asmarandana
Guguritan      : Eling-eling mangka eling
Lagu               : Buhun
Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Gururitan       : Eling-eling Murangkalih
Lagu               : Buhun
Eling-eling murangkalih
Kudu apik jeung berseka
Ulah odoh ka panganggo
Mun kotor geuwat seuseuhan
Soeh geuwat kaputan
Ka nu buruk masing butuh
Ka nu anyar masing lebar
Nu rujit mawa kasakit
Mawa cela ka salira
Katenjo ku batur awon
Tungtungna urang dihina
Ku pada babaturan
Batur the geus tangtu embung
Babarengan eujeung urang
10. Pupuh Wirangrong
Guguritan      : Daun Kaliki
Lagu               : Buhun
Daun kaliki ditulis
Karinding laguna goyong
Samangka kabeuki ciung
Disuakan awi tali
Meungpeun carang ku ayakan
Api-api kurang awas
11. Pupuh Dangdanggula
Guguritan      : Bandera Urang
Tina                : Panji Pustaka
Anggitan                : MA Salmun
a. Ngerab-ngerab katebak ku angin
Beureum bodas hebat tapi waos
Dua warna pulas polos
Ti luhur beureum alus
Perlambangna sugih kawani
Teguh tanggoh tur gagah
Dina perang tarung
Suka pejet batang ngejat
Kajeun lebur teu lebar naruhkeun pati
Bumela ka nagara

b. Pulas bodas warna anu murni
Suci setra alah batan sutra
Sasmita beresih hate
Perlambang budi luhung
Suci tina geugeuleuh galih
Tur adil palamarta
Pengkuh teu salingkuh
Beuneur bebeneranana
Kersa bakti gumati terus jeung ati
Ka nusa jeung ka bangsa

c. Beureum bodas wani sarta suci
Netenggeran sa-Indonesia
Sing lambat lambut ngelebet
Ngebutkeun bayu wahyu
Mawat jaya daya sajati
Rahayu mulya raya
Ari saratna sarupa
Kudu bakti sewu-sewu seuweu siwi
Sawawa sawajarna
12. Pupuh Sinom
Guguritan      : Sinar Bulan
Lagu               : Cahya Sumirat
Sinar bulan mani mencrang
Tengah peuting sepi jempling
Di langit bentang baranang
Ngahibaran diri kuring
Anu keur langlang-lingling
Ngawaskeun nu keur ngalantung
Kuring teu anggang leumpang
Sanajan kitu teu cicing
hate kuring baluang ngantosan beurang
13. Pupuh : Kinanti
Gugurintan    : Anaking Jungjunan Kalbu
Lagu               : Panimang
Anaking jungjunan kalbu
Didu’akeun siang wengi
Salira sing panjang yuswa
Salira masing walagri
Jeung masing luhur darajat
Sabar soleh suci galih

Guguritan       : Pangrungrum Bangun Aralum
Lagu               : Ninun
Pangrungrum bangun aralum
Hariring sari nu ketir (deuh masing deudeuh)
Haleuang sada nalangsa
Nganti-nganti seuweu siwi
Para putra-putri Sunda
Tumandang di medan seni
(Dicutat tina Ganda Mekar)
14. Pupuh   : Dangdanggula
Gururitan       : Dangdanggula Purwaning Hariring
Dangdanggula purwaning hariring
Tawis bingah nu tanpa wangenan
Ngiring bingah ka panganten
Anu nembe ngadahup
Takdir diri dihin pinasti
Nyatana ayeuna
Kersa Maha Agung
Pangerab Nu Murbeng Alam
Mugi-mugi ieu panganten sakalih
Bagja salalawasna

Saterusna ieu aya sababaraha pada guguritan. Cobi tengetan bandingkeun sareng conto anu ditulis ti payun, taksir pupuh naon?
1. Pupuh      :……?
Kueh-kueh anu aya di lembur-lembur
Lapis legit jeung papais
Simping opak, apem, cuhcur,
Wajit, bolu, kueh ali
Angleng, semprong jeung kolontong
2. Pupuh      : ….?
Wuluku, garu, pasangan
Sawarehna tina parabot patani
Parang, congkrang, pacul, garpuh,
Susurung jeung lalandak
Kored, cungkir, lanjam diwuwuh ku pecut
Tambang oge teu kaliwat
Kasasup tali kondali
3. Pupuh      :.?
Planet panon peo urang
Merkurius ngaranna anu kahiji
Anu kaduana Venus
Ari nu katiluna
Ieu pisan bumi tempat urang hirup
Ari anu sejena mah
Pek sebutan hiji-hiji
4. Pupuh      :
Nun sumuhun nu ieu wastana curuk
Ari nu sisi mah cinggir
Anu di tengah jajangkung
Nu caket cinggir jariri
Indung leungeun anu pondok
5. Pupuh      :
Ari tabeat penjajah
Teu mikirkeun karahajaan pribumi
Asal maranehna wungkul
Harirupna ngacak ngebur
Henteu cara pribumina
Sangsara salalawasna
6. Pupuh      : ?
Guguritan  : Nyambut
Hayoh tarik wulukuna masing jujur
Entong ka sisi ka gigir
Nincakna kakalem wungkul
Geus di tungtung mideur deui
Kitu bae ulah poho
7. Pupuh      : ?
Guguritan  : Melak Pare
Lamun hayang pelak pare alus mulus
Sing alus garapan
Jeung sing alus ngarur cai
Jeung pupukna 2 X ku urang kudu cukupan

Tandurna ge ku urang kudu diatur
Kudu tandur jajar
Sarta ulah ombol teuing
Umur binih 2 X ulah pisan kakolotan
      

Piaraan pelak pare kudu alus
Ngarambet ngarandak
Ngored galeng oge deui
Moal hade 2 X upama urang culculan
8. Pupuh      : ?
Anak-anak lurah Semar Badranaya
Garoreng
Aya anu disebut si Udawala
Si Udel
Aya deui 2 X hiji deui anu bungsuna
Si Gareng
9. Pupuh      : ?
Lampah beuteur ku urang ulah ditiru
Jorok baranghakan
Cacing ngaringkuk disantok
Teu nyahoeun jerona aya useupan
10. Pupuh    : ?
Sangkan untung urang kudu boga elmu
Jeung aya kahayang
Dibarengan ku kadaek
Hiji deui 2 X saratna aya kabisa


11. Pupuh    : ?
Rebab raja kanayagan
Ari kendang eta nu jadi papatih
Gambang bonang ketuk kempul
Taat kana parentah
Sang gamelan saron oge pada tuhu
Kecrek ge milu marentah
Goong anu ngaheueuhan
12.  Pupuh   : ?
Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir
Pacikrak ngalawan merak
Anjing ngagogogan kalong
Cileungcang mande sagara
Jogjog neureuyan loa
Ngajul bentang ku asiwung
Cecendet mande kiara

- FUNGSI KALIMAH -

Fungsi kalimah
A. Kalimah Wawaran
Kalimah wawaran nyaéta kalimah anu eusina ngawawarkeun méré béja ka nu lian tur miharep résponsi nu mangrupa panitén wungkul. Dina basa tulisan biasa ditungtungan ku peun (.), ari dina basa lisan boga lentong.
contona: Manéhna keur indit ka Jakarta. Sumuhun, leres ieu bumina Wa Haji mah.
B. Kalimah Pananya
Kalimah pananya nyaéta kalimah anu eusina nanyakeun hiji perkara ka jalma lian sarta miharep résponsi nu mangrupa jawaban. Dina basa tulisan ditungtungan ku tanda pananya (?), ari dina lisan boga lentong.
contona: Manéhna téh mahasiswa UPI Bandung? Dimana meuli buku téh?
C. Kalimah Paréntah
Kalimah paréntah nyaéta kalimah anu eusina pikeun maréntah batur sangkan milampah pagawéan, atawa miharep résponsi nu mangrupa tindakan. Sina basa tulisan sok ditungtungan ku tanda panyeluk (!), ari dina basa lisan mibanda lentong.
Aya rupa-rupa kalimah paréntah kayaning:
1. Kalimah Panitah nyaéta kalimah anu dipaké pikeun nitah batur sangkan ngalakukeun hiji hal. Contona: Punten pangmésérkeun cai!
2. Kalimah pangajak nyaéta kalimah anu dipaké pikeun ngajak jalma lian ngarah digawé babarngan. Contona: mangga atuh urang tuang heula!
3. Kalimah pangharepan nyaéta kalimah anu eusina ngébréhkeun harepan lumangsungna peristiwa. Contona: muga-muga baé baé kuring jadi munggah haji taun ayeuna!
4. Kalimah panyaram/panyarék nyaéta kalimah anu eusina pikeun nyarék jalma lian sangkan ulah migawé pagawéan. Contona: Ulah garelut waé atuh!
5. Kalimah pangwawadi nyaéta kalimah anu eusina nganjurkeun atawa ngawawadian jalma lian sangkan ulah migawé pagawéan. Contona: saéna mah pami badé mondok lapor heula ka !
6. Kalimah pangjurung nyaéta kalimah anu eusina ngajurungkeun jalma pikeun migawé pagawéan. Contona: geuwat atuh bisi kaburu hujan!
D. Kalimah Panyeluk
Kalimah panyeluk (Interjéksi) nyaéta kalimah anu eusina ngébréhkeun rasa (émosi) panyaturna, upamana waé rasa gumbira, nalangsa, kagét, geuleuh, reueus, jst. Dina basa tulisan sok ditungtungan ku tanda panyeluk (!)
Nilik kana adegan internalna, kalimah panyeluk aya sababaraha rupa.
a. Kalimah Salam nyaéta kalimah anu wangunna matok, biasana dipaké waktu tepung jeung jalma lian, boh ngamimitian boh mungkaskeun omongan. Contona:
- Wilujeng énjing!
- Assalamualaikum!
b. Kalimah Panggentra (vokatif) nyaéta kalimah panyeluk nu diwangun ku nyebut ngaran, gelar, sesbutan, atawa pangkat geusan manggil atawa ngagentraan jalma lian. Contona:
- Asép!
- Pa Guru!
- Béca!
c. Kalimah Anteuran nyaéta kalimah panyeluk anu ngébréhkeun rasa panyatur, biasana tumali jeung kanyeri, kareueus, kakeuheul, antusiasme, jst. Contona:
- Aduh!, Euleuh!, Asyik!

RANRANGKEN HAREUP

Kecap RundayanKecap rundayan téh nyaéta kecap anu wangun dasarna geus dirarangkénan. Rarangkén dina basa Sunda téh kabéhanana aya opat, nyaéta: rarangkén hareup (afiks atawa awalan): rarangkén tengah (infiks atawa sisipan); rarangkén tukang (sufiks atawa akhiran); jeung rarangkén barung (konfiks)

a. Rarangkén HareupRarangkén hareup nyaéta rarangkén anu ngantét hareupeun wangun dasarna. Rarangkén hareup dina basa Sunda nyaéta: ba-, barang-, di-, ka-, N-, pa-, pada-, pang-, para-, per-, pi-, sa-, sang-, si-, silih/sili-, ti-, ting/pating-.

1. Rarangkén Hareup ba-
Conto kecap dina kalimah:
“Pa Haji Rahmat milu bajoang ngarebut kamerdékaan.”
Gunana rarangkén hareup ba- pikeun ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun…’
Conto séjéna: balayar, badarat, barempug.

2. Rarangkén Hareup barang-
“Kuring mah ka dieu téh lain rék barangpénta.”
Gunana rarangkén hareup barang- ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ngalakukeun pagawéan anu teu tangtu atawa teu puguh objékna’.
Conto séjénna: barangbeuli, baranginjeum, barangdahar.

3. Rarangkén Hareup di-
Guna jeung harti rarangkén hareup di-, di antarana:

(1) “Poé ieu mah kuring rék digawé nepi ka peuting.”
Rarangkén di- dinya gunana ngawangun kecap pagawean (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun …’.
Conto séjéna: diajar, didamel

(2) “Lamun rék ka masjid kudu dikopéah atuh.”
Rarangkén di- di nya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘maké’ ….
Conto séjénna: dibaju, dikabaya, disapatu, didasi.

(3) “Pepetasan téh geuning henteu disada.”
Rarangkén di- di di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngaluarkeun …’.

(4) “Buku téh geus dibaca ku kuring.”
Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘kakeunaan pagawéan ….’.
Conto séjénna: dibilang, dibawa, dicokot, dikorupsi.

(5) “Ban mobil téh kempés, kudu dikompa heula.”
Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘kakeunaan pagawéan ku/make …’.
Conto séjéna: didongkrak, dibuldoser, disugu, dipacul.

(6) “Lamun leuweung diruksak tangtu bakal aya akibatna.”
Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina “dijieun jadi …’.
Conto séjéna: dijebol, dibentuk, dibeureun (saperti dina babasan: rék dibeureum, rék dihideung …)

(7) “Guru mah geus sakuduna dihormat.”
Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘dibere’
Conto séjénna: dipeunteun, dihampura.
4. Rarangkén Hareup ka-
Guna jeung hartina rarangkén hareup ka-, di antarana:
1.“Loték Bi Encum kajojo ku urang mana-mendi.”
Rarankén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘kakeunaan ku pagawéan di- …’.
Conto séjénna: kagiridig

2. “Rujak téh geuning henteu karasa ladana.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘bisa di- …-keun’.
Conto séjénna: kagambar, kabayang.

3. “Babawaan téh moal bias kabawa kabéh.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘bisa di- …”.
Conto séjénna: kaangkut, kasawang, kairong.

4. “Hayam jago Mang Iyas kagéléng mobil.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina “teu dihaja di- …’.
Conto séjénna: katincak, katoél, katubruk, kapacul

5. “Rumasa kuring mah jalma euweuh kanyaho.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘hal anu patali jeung …’.
Conto séjénna: kabisa, kamampuh, kasakit

6. “Abdi mah teu acan gaduh kabogoh, margi sakola kénéh.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘hal anu dipi- …’.
Conto séjénna: kahayang, kaasih, kanyaah

7. “Manehna téh kapélét ku Néng Elis urang Buah batu.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ‘kakeunaan ku …’.
Conto séjénna: kagendam, kaduyung
8. “Jang Somad jadi unggul kahiji saémbara ngarang puisi.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap bilangan nu hartina ‘tahapan atawa bagian…’.
Conto séjénna: kadua, katilu, kasapuluh


5. Rarangkén Hareup N- (nasal)
Rarangkén hareup N- mibanda alomorf (variasi) m-, n-, ng-, nga-, nge-, jeung ny-.
• Rarangkén N- robah jadi m- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan b jeung p.
Contona: baca + N- ------> maca
Pacul + N- ------> macul

• Rarangkén N- robah jadi n- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan t.
Contona: tulis + N- ------> nulis
tanya + N- ------> nanya

• Rarangkén N- robah jadi ng- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan k jeung vokal.
Contona: karang + N- ------> ngarang
aku + N- ------> ngaku

• Rarangkén N- robah jadi nga- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan b, d, g, h, j, l, m, n, w, jeung y.
Contona: badug + N- ------> ngabadug
dulag + N- ------> ngadulag
golér + N- ------> ngagolér
hampas + N- ------> ngahampas
juru + N- ------> ngajuru
liang + N- ------> ngaliang
ma’lum + N- ------> ngama’lum
riung + N- ------> ngariung
wadul + N- ------> ngawadul
yuga + N- ------> ngayuga

• Rarangkén N- robah jadi nge- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan sarta ngan saengang.
Contona: cét + N- ------> ngecét
Bor + N- ------> ngebor

• Rarangkén N- robah jadi ny- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan c jeung s..
Contona: colok + N- ------> nyolok
sapih + N- ------> nyapih

Guna jeung harti rarangkén N- di antarana:

1.“Ayeuna urang sami-sami ngadu’a ka Gusti Alloh.”
Rarangkén N- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngedalkeun …’.
Conto séjénna: ngadongéng, nyarita, nyora

2.“Kuring keur maca novel basa Sunda.”
Rarangkén N- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun pagawéan …’.
Conto séjénna: nginum, ngigel, ngaji, masak

3. “Mang Joni keur ngawuluku di sawah.”
Rarangkén N- dina kecap ngawuluku gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun pagawéan ku/maké ...’.
Conto séjénna: nyugu, ngecrik, ngarit, ngabuldoser

4. ”Manéna téh kungsi masantrén di Tasik.”
Rarangkén N- dina kecap masantrén gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun di ...’.
Conto séjénna: masar, ngaranca, ngebon, nyawah, ngahuma

5. ”Kuring ngarasa bungah manéh geus lulus ujian.”
Rarangkén N- dina kecap ngarasa gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’boga ...’.
Conto séjénna: ngaraos

6. ”Geus sakuduna urang ngabdi ka nagara jeung bangsa.”
Rarangkén N- dina kecap ngabdi gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’milampah saperti ...’.
Conto séjénna: ngawula, ngajag

7. ”Bu Tati keur meunteun hasil ulangan kelas dua.”
Rarangkén N- dina kecap meunteun gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’méré ...’.
Conto séjénna: ngahampura, ngahormat, ngama’lum

8. ”Néng Azka geus pinter ngagambar.”
Rarangkén N- dina kecap ngagambar gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyieun ...’.
Conto séjénna: nyayur, nyambel, ngabordél, nyulam

9. ”Pa Rahmat nuju ngalayung di tepas bumina.”
Rarangkén N- dina kecap ngalayung gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun dina waktu ...’.
Conto séjénna: nyubuh, moyan, meuting

10. ”Budak téh gawéna ngan ngaruksak cocooan baé.”
Rarangkén N- dina kecap ngaruksak gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyieun jadi ...’.
Conto séjénna: meulah, ngalebur

11. ”Ulah sok ngahina ke jelema téh.”
Rarangkén N- dina kecap ngahina gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nganggap ...’.
Conto séjénna: ngahampas, nyatru

12. ”Basa kuring datang manéhna keur ngagolér dina dipan.”
Rarangkén N- dina kecap ngagolér gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’aya dina kaayaan ...’.
Conto séjénna: ngadayagdag, ngabaheuhay, ngedeng

13. ”Ceu Purma keur ngabaso di alun-alun.”
Rarangkén N- dina kecap ngabaso gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’dahar/nginum ...’.
Conto séjénna: nyirop, nyoto, ngopi, ngemih

14. ”Ari solat téh kudu ngiblat.”
Rarangkén N- dina kecap ngiblat gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyanghareup/ngajugjug ka ...’.
Conto séjénna: ngalér, ngidul, ngétan, ngulon

15. ”Di luar anjing ngagogog mani ragég.”
Rarangkén N- dina kecap ngagogog gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngaluarkeun sora...’.
Conto séjénna: ngagaur, ngahiem, ngabérélé, ngahahah, ngorosok

16. ”Lebah dinya mah jalana ngolécér.”
Rarangkén N- dina kecap ngolécér gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’kaayan saperti...’.
Conto séjénna: nyagak, mayung, nanjeur

17. ”Abong seniman, imahna ogé nyéni.”
Rarangkén N- dina kecap nyéni gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’boga sipat...’.
Conto séjénna: nyéntrik, ngedul, ngota


6. Rarangkén Hareup pa-
Guna jeung harti rarangkén hareup pa-, di antarana:

1. ”Bapa kuring mah patani.”
Rarangkén pa- dina kecap patani gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’nu biasa/pacabakanana...’.
Conto séjénna: padagang, pamayang

2. “Ayeuna manéhna jadi patugas kaamanan di palabuan.”
Rarangkén pa- dina kecap patugas gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’anu ngalakukeun..’.
Conto séjénna: pagawé, pajoang, patandang, pamingpin

3. “Upami teu aya paudur abdi ogé badé dongkap.”
Rarangkén pa- dina kecap paudur gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’anu jadi...’.

4. “Kuring teu mawa panakol kohkol.”
Rarangkén pa- dina kecap panakol gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’alat/nu dipake...’.
Conto séjénna: paneunggeul, pangajul, pamupus

5. “Kuring papisah jeung manéhna téh di Pintusinga.”
Rarangkén pa- dina kecap papisah gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’aya dina kaayaan...’.
Conto séjénna: pagalo, paribut, paantel

6. “Geus lila kuring teu patanya jeung manéhna téh.”
Rarangkén pa- dina kecap patanya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’pabales-bales/silih...’.


7. Rarangkén Hareup pada-
Guna jeung hari rarangkén hareup pada-, di antarana:

1. ”Bangsat téh padangepung ku urang Buahbatu.”
Rarangkén pada- dina kecap padangepung gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ’loba kakeunaan ku pagawéan ...’.
Conto séjénna: padanyiwit, padamelong, padamoro

2. ”Adi lanceuk padadagang kaén di Pasar Baru.”
Rarangkén pada- dina kecap padadagang gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’sarua ...’.
Conto séjénna: padadaék, padausaha

3. ”Pérsib jeung Bandung Raya mah padakuat atuh.”
Rarangkén pada- dina kecap padakuat gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’sarua ...’.
Conto séjénna: padabeunghar, padageulis

8. Rarangkén Hareup para-
Parasiswa kudu meuli buku basa Sunda.”

Rarangkén para- gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’loba/sakabéh....’
Conto séjéna: paraguru, paramitra, parabapa, parasadérék.

9. Rarangkén Hareup per-
Rarangkén hareup per- mibanda guna jeung harti, di antarana:
1. ”Manuk galudra téh perlambang gagah sakti.”

Rarangkén per- dina kecap perlambang gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’anu jadi ...’.


2. ”Perbawa loba duit sok hayang sagala dibeuli.”

Rarangkén per- dina kecap perbawa gunana ngawangun kecap sifat nu hartina ’hal anu dibawa ti lahir. ’
Conto séjéna: perwatak

10. Rarangkén Hareup pi-
Guna jeung harti rarangkén hareup pi-, di antarana:
1. ”Ménta pituduh mah ka Gusti Alloh atuh.”

Rarangkén pi- dina kecap pituduh gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’nu dijieun ...’.
Conto séjéna: piwuruk, piwejang, piwulang


2. ”Kuring maké jam tangan dina pigeulang.”

Rarangkén pi- dina kecap pigeulang gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’tempat ...’.
Conto séjéna: piruhak


3. ”Mang Asep keur masang pitapak di leuweung.”
Rarangkén pi- dina kecap pitapak gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’alat/pakakas ...’.


4. ”Geura pigawé atuh PR téh ambéh téréh anggeus!”

Rarangkén pi- dina kecap pigawé gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nitah ngalakukeun ...’.
Conto séjéna: pidamel


5. ”Sugan téh Néng Dési teu piduit.”

Rarangkén pi- dina kecap piduit gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’resep kana/ka ...’.
Conto séjéna: pidunya, piindung
 
13. Rarangkén Hareup si-
Guna jeung harti rarangkén hareup si- di antarana:
1. ”Kuring dititah sideku ku manéhna.”
Rarangkén si- dina kecap sideku gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun...’.
Conto séjéna: sidakep

2. ”Isuk-isuk téh kudu mandi, ulah sibeungeut wungkul.”
Rarangkén si- dina kecap sibeungeut gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’migawé keur sorangan’.
Conto séjéna: sidéang


14. Rarangkén Hareup silih-
Rarangkén hareup silih- boga alomorf sili- jeung pili-.
Guna jeung hartina:
”Kang Jaja jeung Mang Juhe silihpelong.”
Rarangkén silih- gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’pabales-bales’.
Conto séjéna: silihteunggeul atawa siliteunggeul, silihtajong atawa silitajong, silihgenti atawa siligenti


15. Rarangkén Hareup ti-
Guna jeung harti rarangkén hareup ti- di antarana:
1. ”Amir titajong kana batu.”
Rarangkén ti- dina kecap titajong gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’kalakuan teu kahaja’.
Conto séjéna: tidagor, tijalikeuh

2. ”Di Lebakjero aya treuk tibalik.”
Rarangkén ti- dina kecap tibalik gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’aya dina kaayaan...’.
Conto séjéna: titeuleum


16. Rarangkén Hareup ting/pating-
Rarangkén hareup ting- mibanda alomorf pating-, nu guna jeung hartina sarua.
Guna jeung harti rarangkén ting-, di antarana:

1. ”Barudak awéwé tinggerendeng di juru.”
Rarangkén ting- dina kecap tinggerendeng gunana ngawangun kecap pagawean (aktip) nu hartina ’loba anu ngalakukeun...’.
Conto séjéna: tinggorowok, tingcikikik, jeung tingcéréwét

2. ”Lampu-lampu katénjona ti kajauhan tingkaretip.”
Rarangkén ting- dina kecap tingkaretip gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’loba jeung tuluy-tumuluy atawa bareng dina kaayaan...’.
Conto séjéna: tingsérédét, tingburinyay  

Rarangkén Barung

Rarangkén barung nyaéta rarangkén anu dipakéna babarengan geusan ngawangun guna (fungsi) jeung harti kecap. Ciri utama rarangkén barung nyaéta: upama salahsahiji rarangkénna dilaan, éta kecap téh teu bisa madeg mandiri.

Kadé pahili jeung rarangkén gabung!
Ari rarangkén gabung mah mangrupa gabungan dua rarangkén atawa leuwih anu ngawangun guna jeung harti kecapna henteu babarengan. Cirina: upama salah sahiji rarangkénna dilaan, tetep mibanda harti mandiri. Bisa disebutkeun kieu: rarangkén anu digabungkeun kanu wangun dasar anu geus dirarangkénnan. Jadi henteu babarengan cara dina rarangkén barung.

Rarangkén barung dina basa Sunda di antarana: ka-an, pa-an, pang-keun, pi-eun, pika-, pika-eun, jeung sa-eun.

1. Rarangkén Barung ka-an
Guna jeung harti rarangkén barung ka-an, di antarana:
a. ”Urang kudu milu ngajaga kaamanan.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kaamanan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu patali jeung ...’.
Conto séjénna: kaéndahan, kageulisan

b. ”Anu moal rugi mah dagang kaolahan.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kaolahan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu di ...’.

c. ”Roti téh bubuk, kadiukan ku kuring.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kadiukanan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’teu dihaja kakeunaan ku ...’.
Conto séjénna: kakotoran, kacaahan, kaancikan
d. ”Urang téh kudu ngaheulakeun kapentingan bangsa jeung nagara.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kapentingan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu di - ... keun’.
Conto séjénna: kaperluan

e. ”Urang téh kudu daék narima kanyaataan.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kanyataan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu sipatna ...’ .
Conto séjénna: kajayaan, kaagungan

f. ”Kang Édi kacopétan dinu beus kota.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kacopétan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’teu dihaja kakeunaan ku pagawéan ...’ .
Conto séjénna: kabangsatan, kapalingan

g. ”Béjana di nagara batur mah masih kénéh aya nu kalaparan.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kalaparan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’teu dihaja aya dinu kaayaan ...’ .
Conto séjénna: kakurangan

h. ”Salila ieu kabutuh kuring kacumponan ku ladang tani.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kacumponan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’bisa di - an’.
Conto séjénna: katedunan

i. ”Kabuktian ayeuna mah, saha anu boga salah téh.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kabuktian gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’bisa di - keun’.
Conto séjénna: kapastian

j. ”Kuring mah kabeneran wé itungan bener kabeh téh.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kaberanan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’teu dihaja ...’ .
Conto séjénna: kalepasan

k. ”Hayu urang indit, bisi kabeurangan.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kabeurangan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’teu dihaja kakeunaan ...’.
Conto séjénna: kapeutingan, kapanasan, katiisan

l. ”Kuring rék indit ka kacamatan.”
Rarangkén ka-an, dina kecap kacamatan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’tempat anu patali jeung ...’.
Conto séjénna: kadaleman, kabupaten (tina kabupatian)

2. Rarangkén Barung pa-an
Guna jeung hartina, di antarana:
(1) ”Henteu loba paguyuban anu henteu bagerak dina widang budaya mah.”
Rarangkén pa-an, dina kecap paguyuban gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’hal anu patali jeung ...’.
Conto séjénna: pakumpulan

(2) ”Di Tegalpari ogé ayeuna geus aya pakampungan.”
Rarangkén pa-an, dina kecap pakampungan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’gundukan ...’.
Conto séjénna: pasawahan

(3) ”Ma Icih keur nyokot béas ti pabéasan.”
Rarangkén pa-an, dina kecap pabéasan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’tempat ...’.
Conto séjénna: pamandian, pakandangan, jeung pangangonan

(4) ”Manéna téh geus lila teu boga pakasaban.”
Rarangkén pa-an, dina kecap pakasaban gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’hal anu jadi...’.
Conto séjénna: pausahaan, pacabakan

(5) ”Ulah babarengan jeung jelema pamabokan, bisi kababawa.”
Rarangkén pa-an, dina kecap pamabokan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’nu biasa/tukang...’.
Conto séjénna: pamadatan, panipuan, jeung pasuratan

(6) ”Dina dongéng mah loba anu pamohalan.”
Rarangkén pa-an, dina kecap pamohalan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’dina kaayaan...’.
Conto séjénna: paculcilan

3. Rarangkén Barung pang-keun
”Cing, pangmawakeun buku ka dieu.”
Rarangkén pang-keun, dina kecap pangmawakeun gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’supaya ditulungan ngalakukeun pagawéan...’.
Conto séjénna: pangdongéngkeun, pangnyokotkeun

4. Rarangkén Barung pi-eun
Guna jeung harti rarangkén barung pi-eun, di antarana:
(1) Bu Lala rék meuli pibajueun.”
Rarangkén pi-eun, dina kecap pibajueun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’bahan...’.
Conto séjénna: piimaheun, picalanaeun

(2) ”Pa Haji Rozak téh pimitohaeun kuring.”
Rarangkén pi-eun, dina kecap pimitohaeun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’bakal jadi/calon...’.
Conto séjénna: pisalakieun, pidoktereun, jeung pipamajikaneun

(3) ”Nenjo tulangna mah Cép Zaki téh pijangkungeun.”
Rarangkén pi-eun, dina kecap pijangkungeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’bakal...’.
Conto séjénna: pialuseun, pigeuliseun, jeung pigedéeun

5. Rarangkén Barung pika-
Pikanyaah ku manéh basa Sunda téh, sabab batur mah biheung teuing aya anu nyaaheun.”
Rarangkén pika-, dina kecap pikanyaah gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya dikeunaan ku..’.
Conto séjénna: pikacinta, pikareueus

6. Rarangkén Barung pika-eun
”Kuring kakara meunang pikabungaheun.”
Rarangkén pika-eun, dina kecap pikabungaheun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’nimbulkeun rasa..’.
Conto séjénna: pikasediheun, pikasebeleun, jeung pikareueuseun

7. Rarangkén Barung sa-eun
Guna jeung harti rarangkén barung sa-eun, di antarana:
(1) ”Manéhna ogé satujueun kana rencana urang téh.”
Rarangkén sa-eun, dina kecap satujueun gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) anu hartina ’jalma katilu aya dina kaayaan..’.

(2) ”Néng Siti téh umurna sahandapeun kuring.”
Rarangkén sa-eun, dina kecap sahandapeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’kaayaan aya di...’.
Conto séjénna: saluhureun, sagigireun, jeung sahareupeun

(3) ”Kuring ogé rék sajungeun indit, manéh kaburu datang.”
Rarangkén sa-eun, dina kecap sajungeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’... pisan’.
Conto séjénna: sapokeun, sahoseun

(4) ”Ari sakalieun dahar mah aya sangu téh.”
Rarangkén sa-eun, dina kecap sakalieun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’ngan sa- ...’.
Conto séjénna: sakitueun, samobileun

Sisindiran-Wawangsalan Bahasa-Basa Sunda,

Bahasa kolot mah sisindiran téh asalna tina kecap sindir. Mun nurutkeun kamus Basa Sunda karangan R.Satjadibrata, sindir téh hartina: “Kecap atawa omongan anu hartina henteu sacéréwéléna/saujratna” (ilikan kamus Basa Sunda karangan R.Satjadibrata, kaca 376).
Sisindiran téh nyaéta: omongan anu dibalibirkeun, anu dibungkus. Nya kawajiban urang anu kudu mesékna sangkan ngarti kana naon eusina, tegesna mah sangkan ngarti kana naon anu dimaksud ku nu ngomong atawa nyindiran téa.
Minangka parabot pikeun mesékna téa, urang kudu surti, lemes rasa seukeut harti. Tah mun geus kitu mah, kakara urang bakal bisa ngarti kana maksudna, mun teu kitu mah nya lapur wéh.
Mun ditilik tina wangunanana, sisindiran téh bisa dibagi kieu:

1. Wawangsulan/wawangsalan:
a) Bangbalikan lanjaran
b) Bangbalikan dangding
c) Wawangsalan dangding

2. Rarakitan:
a) Nu ngandung birahi
b) Nu ngandung piwulang
c) Nu ngandung lulucon

3. Paparikan:
a) Nu ngandung birahi
b) Nu ngandung piwulang
c) Nu ngandung lulucon (sésébréd)

Lamun eusi salah sahiji sisindiran “meupeuh” ka batur, disebut sésébréd, asalna tina kecap sébréd = ngabetrik, meupeuh ka batur, puguh waé karasana matak peureus.

Sésébréd, bisa mangrupa rarakitan atawa paparikan. Dina wawangsalan mah langka kapanggih. Jadi, pikeun nyindekkeun hiji rarakitan atawa paparikan bisa henteuna disebut sésébréd, urang kudu nalék eusi éta rarakitan atawa paparikan téa. Lamun eusina meupeuh ka batur, taaaahh.. nu kitu u ngarana sésébréd téh.

Jengglénganana atawa gurat badagna sisindiran téh. Tulisan ka hareup ku uing nyoba digetrut nu kaasup wangunan sisindiran. Pikeun contona kamungkinan sauted heula nya, engké weh tulisan dina waktu séjén khusus dipangnéangkeun conto-conto séjénna.

1. WAWANGSULAN/WAWANGSALAN

Wawangsulan asalna tina kecap wangsul (basa Jawa: wangsal), hartina wangsul atawa balik. Ku sabab kitu, wawangsulan téh osok disebut ogé bangbalikan.

Nilik kana wangunanana, wawangsulan/wawangsalan téh bisa dibagi tilu bagéan, nyaéta:
a) Bangbalikan lanjaran
b) Bangbalikan dangding
c) Wawangsalan dangding

a) Bangbalikan Lanjaran

Bangbalikan lanjaran, nyaéta: sisindiran anu sapadana (bait/kuplet) diwangun ku dua padalisan (jajar). Anu sajajar mimiti disebut cangkang, jajaran ka dua disebut eusi. Jumlah engang dina unggal-unggal jajaran kudu dalapan, purwakantina (sajakna ceuk basa Indonesia mah) nyaeta a – b, sarta aya bagéan anu disebut médium pikeun mindahkeun harti tina cangkang kana eusi.
Contona siga kieu ;

Teu beunang diopak kembung
teu beunang dientong-entong
(médiumna/eusina = lontong)
Teu beunang ditiwu leuweung
teu beunang dipikasono
(médiumna/eusina = kaso)

Ngeunaan bangbalikan lanjaran mah. Conto séjénna, engké baé ku uing dibérébétkeun nya. Énté ogé bisa nyieun sorangan asal saratna ulah lunta tina patokan-patokan nu geus dibéjérkeun tadi.

b) Bangbalikan Dangding
Bangbalikan dangding, nyaéta: bangbalikan lanjaran anu disusun tur dijieun dangding. Ku lantaran kitu, patokan-patokan anu aya dina bangbalikan lanjaran teu keuna pikeun bangbalikan dangding mah.

Ku lantaran dijieun dangding téa, nya patokan-patokanana ogé robah nurutkeun patokan-patokan dangding na baé. Upamana dangdingna dina wangun pupuh dangdanggula, dina dangdanggula téh sapadana aya sapuluh jajar, atuh cukup ku lima bangbalikan lanjaran. Lain deui lamun wangunna dina pupuh sinom. Dina sinom mah, cukup ku opat satengah bangbalikan lanjaran. Pon kitu dina wangun pupuh lianna, saperti dina kinanti, cukup ukur ku tilu bangbalikan lanjaran, jeung saterusna.

Sajaba tinu tadi dijéntrékeun, unggal jajaran bangbalikan dangding teu kudu dalapan engang, tapi gumantung kana aturan pupuh na téa. Jumlah engang unggal jajaran, guru laguna atawa rubah-robahna sora unggal tungtung jajaran (dangdingdeungna) éta kabéh gumantung kana aturan pupuhna.

Aturan nyusun bangbalikan lanjaranana sina selang sekar, cangkang jeung eusina paselang. Wangunan bangbalikan dangding saperti kitu urang sebut waé bangbalikan dangding model kahiji. Sabab, aya deui bangbalikan dangding modél sejenna, nyaeta: “bangbalikan dangding modél kadua”.

Dina bangbalikan dangding modél kadua ieu, cangkang jeung eusi téh disajajarkeun baé. Cangkang ayana dina angkatan wirahma, ari eusi ayana dina pungkasan wirahmana.

Méh teu mulek teuing ku uing dituliskeun atuh keur contona nya.

Conto Bangbalikan dangding model kahiji

Dangdanggula
Méga beureum surupna geus burit (cangkang)
ngalanglayung panas pipikiran (eusi)
Cikur jangkung jahé konéng (cangkang)
naha teu palay tepang (eusi)
Sim abdi mah ngabeunying leutik (cangkang)
ari ras cimataan (eusi)
Gedong tengah laut (cangkang)
ulah kapalang nya béla (eusi)
Paripaos gunting pameulahan gambir (cangkang)
kacipta salamina (eusi)

Sinom
Balandongan ngujur jalan
sok hayang geura los indit
Kendang gedé pakauman
dagdigdug rasaning ati
Balé diréka masjid
nya pikir bati rumajug
Tegal tengah nagara
laun-laun sugan jadi
emas ancur sakieu nya karipuhan.

Conto Bangbalikan dangding model kadua (cangkang jeung eusi disajajarkeun)

Dangdanggula
cai langit duh pupujan ati
laleur hurung duh raja mustika
puputon sekar kedaton
pulas beureum duh lucu
sanggah seungit sumpah gé wani
yén engkang batur cadas
niat badé estu
tilam kuda seja béla
santen bodas sanajan tepi ka pasti
minyak sapi geus téga.

c) Wawangsalan Dangding

Saacan nyawalakeun bab wawangsalan dangding, urang bédakeun heula antara wawangsalan dangding jeung dangding. Boh dina wawangsalan dangding, boh dina dangding, duanana ogé bisa ngagunakeun pupuh anu jumlahna 17 téa. Ngan, dina wawangsalan dangding mah ngandung unsur-unsur bangbalikan. Tegesna, ngandung unsur-unsur “nu dibalikeun deui” atawa ngandung unsur “pesékeun”. Sedengkeun dina dangding mah teu aya unsur-unsur kitu, éstu ngan sacéréwéléna baé dina ngagambarkeun kaayaan téh. Boh ngagambarkeun: kaéndahan alam, atawa papatah, kajadian, jeung sajabana ti éta. Saperti: “Guguritan Laut Kidul”, “Sasambat Kuda Kahar”, “Kiamat Leutik”, “Eling-Eling Masing Eling”, jeung sajabana.

Lamun dibandingkeun jeung bangbalikan dangding, bédana nyaéta: dina wawangsalan dangding mah wangunanana téh sapada (satu bait. Ind) cangkang wungkul, sapada deui eusi wungkul.

Contona:

Sinom
(pada kahiji cangkang wungkul)

siki tarum rina kembang
badoang manuk badori
eunteup dina kalijaga
manuk walét jangjang beusi
cihcir disada peuting
dina pucuk kembang tanjung
kuma piakaleunana
melak supa semar jadi
daun bakung pisitan buah kokosan

(pada kadua eusi wungkul)

béak taun béak bulan
ngadagoan bagja diri
teu ayeuna sugan jaga
rék weléh inggis ku bisi
mikir beurang jeung peuting
ripuh dipupuk ku bingung
kuma piakaleunana
sangkan téréh ngajadi
gering nangtung mikiran munggah hoshosan.

Naon-naon nu dimaksud sisindiran dina wangun kahiji, nyatana wawangsalan. Syukur lamun teu kaharti, jadi Énté bisa néang sumber séjén nu leuwih jéro. Ayeuna urang teruskeun kana wangun sisindiran nu kadua, nyaéta: Rarakitan.

RARAKITAN

Rarakitan, asal kecapna tina rakit, hartina: pasang. Sarakit, hartina sapasang. Jadi, rarakitan pihartieunana téh: Papasangan.

Anu disebut rarakitan nyaeta: sisindiran anu sapadana diwangun ku opat jajar. Dua jajar (jajaran kahiji jeung kadua) mangrupa cangkang, dua jajar deui (jajaran katilu jeung kaopat) mangrupa eusina. Jajaran kahiji téhr, ngarakit jeung jajaran katilu, lamun jajaran nu kadua ngarakitna jeung jajaran kaopat. Purwakantina : a – b – a – b.

Upama nilik kana eusina, rarakitan téh bisa dibagi-bagi jadi tilu bagéan, nyaéta:
a) nu eusina ngandung birahi (karesep Énté lah nu kieu mah)
b) nu eusina ngandung piwulang (nu Énté sok hareudang geningan mun dipapatahan téh)
c) nu eusina ngandung lulucon (sésébréd)

Conto rarakitan nu ngandung birahi

kaduhung kuring ka Lémbang
ka Lémbang ka Cibiana
kaduhung kuring kagémbang
kagémbang kieu rasana

sapanjang jalan Soréang
moal weléh diaspalan
sapanjang tacan kasorang
moal weléh diakalan

Conto rarakitan nu ngandung piwulang

meuli wajit jeung jawadah
kapaké hajat kiparat
masing rajin nya ibadah
kapaké dunya akhérat

méméh ngagelarkeun kasur
samak heula ambéh rinéh
méméh ngomongkeun ka batur
tilik heula awak manéh (hehehehe….burayut kénéh euy…)

Conto rarakitan nu ngandung lulucon (sésébréd)

majar téh cau lampénéng
cau kepok dina nyiru
majarkeun téh lengkéh koneng
gening nya dekok nya gembru (hahahaha…énté pisan ieu mah euy…)

rarasaan melak cau
teu nyaho mun melak cabé
rarasaan asa lucu
teu nyaho mun matak réhé

Héhéhéhé….kitu meureun nu dimaksud rarakitan ogé. Saméméh panon uing beurat ku tunduh, urang tuluykeun kana wangun sisindiran nu katilu nya, nyaéta: Paparikan.

PAPARIKAN

Paparikan, asalna tina kecap parek = deukeut. Wangun paparikan sarua jeung rarakitan. Anu ngabédakeunana, nyaéta: dina paparikan mah tara aya kecap anu dibalikan deui. Cangkang jeung eusina ngan “deukeut sorana” wungkul. Nilik kana eusina ogé sarua jeung rarakitan. Siga kieu conto-contona mah.

Conto paparikan nu eusina ngandung birahi

ngala saga sisi huma
disamberan ku waliwis
tiis raga tiis sukma
lantaran jadi ka nu geulis

suwangkung ulah dihumbut
pikeun tihang papanjangan
nu jangkung ulah sok imut
bisi kuring kaédanan.

Conto paparikan nu eusina ngandung piwulang

ninyuh ubar ku cipati
diwadahan piring gelas
anu sabar éta pasti
ku Allah dipikawelas

papan kiara ditatah
iraha jadi lomari
mun bisa miara létah
mokaha salamet diri

Conto paparikan nu eusina ngandung lulucon (sésébréd)

jeruk purut Cikaruncang
jambu aér Wanayasa
camerut hayang ka bujang
susu laér teu karasa

cau kepok keur rumégang
dieunteupan bondol héjo
keur dekok katambah égang
ditambahan olol lého (hahahaha… sumpah teu nyindiran Énté ieu mah, asli Énté pisan).

Kumpulan Pribahasa (Babasan/Paribasa) Sunda Jeung Hartina.

Seueur pisan pribahasa (babasan/paribasa) sunda nu ku sim kuring hilap deui, ma’lum hirup lain di tatar sunda nyarita loba teu make sunda komo deuiآ pribahasa (babasan/paribasa) sundaآ pastina oge jarang kapake. Ayeuna sugan jeung sugan rek diajar deuiآ pribahasa (babasan/paribasa) sunda. --- manawi para wargi bade nambihan sumangga diantos ---
  • Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
  • Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
  • Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
  • Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
  • Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
  • Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
  • Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
  • Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.
  • Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibandangaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
  • Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
  • Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
  • Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
  • Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.
  • Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
    napsu kapegung.
  • Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
  • Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
  • Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
  • Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
  • Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
  • Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
  • Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
  • Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
  • Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida nyaahna.
  • Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu pohara hade galena.
  • Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.
  • Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
  • Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa kajadian.
  • Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
  • Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
  • Aya hate kadua leutik naksir.
  • Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
  • Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
  • Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
  • Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.
  • Aya nu dianjing cai Aya nu diarep-arep atawa dihأ©roan.
  • Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
  • Baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
  • Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun.
  • Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
  • Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku rido jeung beresih hate.
  • Banda tatalang raga lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
  • Belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka papada kawula.
  • Bengkung ngariung bongkok ngaronyok babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
  • Beurat birit hese jeung sungkan dititah.
  • Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.
  • Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
  • Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
  • Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.
  • Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
  • Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
  • Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
  • Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
  • Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
  • Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
  • Bobot pangayun timbang taraju kabأ©h anu dipigawأ© kudu pinuh tinimbangan.
  • Bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu gede.
  • Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
  • Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
  • Buluan belut, jangjangan oray pamohalan kajadian.
  • Bungbulang tunda / tunda talatah lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.
  • Buntut kasiran koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
  • Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang ginding, loba pakean anu aralus dipake.
  • Buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
  • Caang bulan dadamaran migawe nu kurang mangpaat.
  • Cacag nangkaeun Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.
  • Cangkir emas eusi delan omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
  • Cara bueuk meunang mabuk ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
  • Cara gaang katincak anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
  • Cara jogjog mondok carekcok bae, mani gandeng nacer.
  • Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
  • Cecendet mande kiara Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
  • Ceuli lentaheun Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
  • Cicing dina sihung maung Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
  • Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).
  • Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
  • Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
  • Clik putih clak herang Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
  • Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.
  • Daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
  • Dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
  • Dah bawang dah kapas tah barangna tah duitna.
  • Daluang katinggang mangsi Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
  • Dأ©sa maca cara nagara mawa tata Ngagambarkeun yأ©n kaayaan jeung adat kabiasaan di dأ©sa jeung kota (nagara) tأ©h bأ©da-bأ©da.
  • Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
  • Deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
  • Dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
  • Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
  • Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
  • Dipiamis buah gintung disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.
  • Disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
  • Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
  • Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
  • Dogdog pangrewong bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
  • Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
  • Dosa salaput hulu kacida loba dosana.
  • Dulang tinande awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.
  • Duum tinggi ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.
  • Elmu ajug pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
  • Elmu sapi samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
  • Elmu tumbila nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
  • Elok bangkong nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
  • Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
  • Endog tara megar kabeh najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
  • Galehgeh gado darehdeh tapi henteu terus kana hate.
  • Gancang pincang kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
  • Gantung denge hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
  • Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
  • Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
  • Gede gunung pananggeuhan Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
  • Gede gunung pananggeuhan Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
  • Getas harupateun, pingges harepan Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
  • Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
  • Gindi pikir belang bayah Goreng hate, dolim, julig , dengki.
  • Ginding kakampis Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
  • Giri lungsi tanpa hina Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
  • Goong saba karia Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
  • Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
  • Gurat batu Pageuh kana jangji.
  • Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
  • Hade gogog hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
  • Hade ku omong goreng ku omong Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
  • Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
  • Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
  • Hampang birit gampang jeung daekan dititah.
  • Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
  • Hapa hapa ge ranggeuyan Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
  • Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
  • Harewos bojong Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
  • Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
  • Harus omong batan goong Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
  • Hayang untung jadi buntung teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
  • Hejo tihang Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
  • Herang caina beunang laukna Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
  • Herang caina beunang laukna Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
  • Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
  • Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
  • Heureut deuleu pondok lأ©ngkah Ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu rأ©a babandingan da kurung batok.
  • Heurin ku letah Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan.
  • Hirup ku panyukup gede ku pamere Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
  • Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
  • Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
  • Hulu dugul dihihidan Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
  • Hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
  • Hurung nangtung siang leumpang Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
  • Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
  • Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).
  • Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
  • Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara paurna.
  • Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina bina.
  • Ipis kulit beungeut Gede kaera.
  • Iwak nangtang sujen Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
  • Jabung tumalapung sabda tumapalang milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
  • Jadi maung malang jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
  • Jadi sabiwir hiji jadi carita jalma loba.
  • Jadi senen kalemekan mindeng dicaritakeun batur.
  • Jaman cacing dua saduit jaman baheula pisan.
  • Jati kasilih ku junti pribumi kaeehkeun ku urang asing.
  • Jauh jauh panjang gagang hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
  • Jauh ka bedug anggang ka dayeuh dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
  • Jauh ka bedug dusun,bodo, euweuh kanyaho.
  • Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
  • Jegjeg ceker cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
  • Jejer pasar lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
  • Jeung leweh mah mending waleh leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
  • Jogjog neureuy buah loa mikarep ka anu lain babad.
  • Jogjog neureuy buah loa Milampah anu moal pihasileun.
  • Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
  • Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara Kawentar pisan, kawentar kamana mana.
  • Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
  • Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
  • Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
  • Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
  • Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
  • Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
  • Kandel kulit beungeut euweuh caerأ،.
  • Katempuhan buntut maung Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
  • Katumbukan catur kadatangan carita Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.
  • Kawas anjing kadempet lincar Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
  • Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.
  • Kawas cucurut kaibunan Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
  • Kawas hayam keur endogan cilingcingcat bae, teu bisa cicing.
  • Kawas hayam panyambungan Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
  • Kawas kacang ninggang kajang Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
  • Kawas kuda leupas ti gedogan Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
  • Kawas lauk asup kana bubu Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
  • Kawas lauk asup kana bubu gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
  • Kawas nu mulangkeun panyiraman Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.
  • Kawas siraru jadi Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
  • Kawas wayang pangsisina Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
  • Kejo asak angeun datang Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
  • Keur meujeuhna bilatung dulang Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
  • Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
  • Keur nuju bentang surem keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.
  • Kiceupna sabedug sakali Pohara lungguhna.
  • Kiruh ti girang kiruh ka hilir Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
  • Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.
  • Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam Kacida miskina.
  • Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
  • Kudu bisa kabulu kabale Kudu bisa mawa awak.
  • Kudu bisa ngeureut neundeun Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
  • Kudu bisa pindah cai pindah tampian Kudu bisa nyaluyukeun manأ©h jeung lingkungan anu anyar dicicingan.
  • Kudu boga pikir kadua leutik Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
  • Kudu hade gogod hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
  • Kudu nepi memeh indit Kudu direncanakan kalawan asak.
  • Kujang dua pangadekna Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
  • Kulak canggeum bagja awak Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
  • Kumaha bule hideungna bae Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.
  • Kumaha kejebur caina geletuk batuna kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
  • Kunang kunang nerus bumi Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
  • Kuru cileuh kentel peujit Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
  • Kurung batok teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae.
  • Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
  • Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
  • Landung kandungan laer aisan Gede timbanganana, gede pangampurana.
  • Langsung saur bahe carek Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
  • Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
  • Legok tapak genteng kadek Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
  • Leubeut buah hejo daun Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
  • Leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
  • Leunggeuh cau beuleum Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
  • Leutik burih euweuh kawani.
  • Leutik cahak, gede cohok Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
  • Leutik leutik ngagalatik Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
  • Leutik ringkang gede bugang Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
  • Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
  • Lieuk euweuh ragap taya Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
  • Loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
  • Lodong kosong ngelentrung Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
  • Luhur kuta gede dunya Gagah tur beunghar taya kakurang.
  • Luncat mulang Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
  • Lungguh tutut Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
  • Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
  • Maliding sanak Henteu adil, pilih kasih.
  • Mangpengkeun kuya ka leuwi Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
  • Mapay ka puhu leungeun Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
  • Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
  • Maut nyere ka congona Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
  • Melengkung bekas inhalan Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
  • Mere langgir kalieun Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
  • Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
  • Meungpeun carang ku ayakan Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
  • Meungpeung teugeu harianeun Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
  • Miceun batok meunang coet Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
  • Mindingan beungeut ku saweuy ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
  • Mipit teu amit ngala teu menta Maling boga batur.
  • Miyuni hayam kabiri Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
  • Moal ceurik menta eusi Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
  • Moal neangan jurig teu kadeuleu arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
  • Mobok manggih gorowong Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.
  • Mobok manggih gorowong meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
  • Monyet kapalingan jagong Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
  • Mopo memeh nanggung Hoream, teu sanggup samemeh prak.
  • Mun teu ngakal moal ngakeul mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
  • Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan).
  • Ngadu angklung di pasar papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.
  • Ngadu ngadu rajawisuna mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong.
  • Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
  • Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
  • Mupugkeun tai kanjut Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
  • Naheun bubu pahareup hareup dina pangabutuh silih injeuman duit.
  • Nangkeup mawa eunyeuh mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
  • Nangtung kariung ngadeg karageman Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
  • Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
  • Nepakeun jurig pateuh Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
  • Nete porot ngeumbing lesot Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
  • Nete semplek nincak semplak Kieu salah kitu salah.
  • Nete semplek nincak semplak Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
  • Nete taraje, nincak hambalan Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
  • Neukteuk curuk dina pingping Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
  • Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
  • Neundeun piheuleut nunda picela Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
  • Ngabأ©jaan bulu tuur Ngabأ©jaan jalma nu geus nyahoeun.
  • Ngabudi ucing teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
  • Ngadagoan kuah beukah Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu).
  • Ngadagoan uncal mabal Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
  • Ngadaweung ngabangbang areuy pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
  • Ngadek sacekna, nilas saplasna Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
  • Ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
  • Ngagandong kejo susah nyatu loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
  • Ngagedag bari mulungan Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
  • Ngaliarkeun taleus ateul ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
  • Ngaliarkeun taleus ateul Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
  • Ngarep ngarep bentang ragrag Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
  • Ngarep ngarep kalangkang heulang Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
  • Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
  • Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
  • Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek Lamun nyokot hiji hal kudu saidin anu boga.
  • Ngeupeul ngahuapan maneh Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
  • Nginjing sila, bengkok sembah goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.
  • Ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah taya guna sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
  • Ngodok liang jero Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
  • Ngukur ka kujur nimbang ka awak Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
  • Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
  • Ngusap birit bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
  • Nimu luang tinu burang Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
  • Nincak parahu dua Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
  • Ninggang kana kekecrekna Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
  • Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
  • Noong ka kolong Leutik hate, leutik pangharepan.
  • Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
  • Nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
  • Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
  • Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
  • Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
  • Nuju hirup ninggang wirahma Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
  • Nuturkeun indung suku Leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan.
  • Nulungan anjing kadempet nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
  • Nya di hurang nya dikeuyeup Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
  • Nya ngagogog nya mantog Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
  • Nya picung nya hulu maung Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
  • Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
  • Nyair hurang meunang kancra Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
  • Nyaliksik ka buuk leutik Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
  • Nyalindung ka gelung Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
  • Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
  • Nyanghulu ka jarian Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
  • Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang Nyarita kudu pas, eces, ngabogaan harti.
  • Nyeri beuheung sosonggeteun Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
  • Nyeungeut damar di suhunan mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
  • Nyeungseurikeun upih ragrag Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
  • Nyiar batuk piaraheun Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
  • Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
  • Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
  • Nyieun heuleur jeroeun huma Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.
  • Nyieun pucuk ti girang pangheulana neangan piaseaeun.
  • Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
  • Nyiuk cai ku ayakan Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
  • Nyium bari ngegel Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
  • Nyokot lesot ngeumbing porot Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
  • Nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
  • Nyuhun nanggung ngelek ngegel Rebo pisan, babawaanana loba naker.
  • Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
  • Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
  • Omong harus batan goong Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
  • Owah gingsir Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
  • Paanteur-anteur julang silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
  • Pacikrak ngalawan merak Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
  • Pada rubak sisi samping Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
  • Pagirang girang tampian Paunggul unggul dina neangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).
  • Paheuyeuk heuyeuk leungeun Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
  • Pait daging pahang tulang Arang gering.
  • Pait daging pahang tulang cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
  • Pakotrek iteuk Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
  • Paluhur luhur diuk pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
  • Panday tara bogaeun bedog Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
  • Papadon los ka kolong Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
  • Peureum kadeuleu beunta karasa Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
  • Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
  • Pindah cai pindah tampian Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
  • Pinter aling laing bodo Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
  • Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
  • Piruruhan katengahimahkeun Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
  • Poأ©k mongklأ©ng buta rajin (atawa buta radin) Poأ©k pisan.
  • Pondok jodo panjang baraya Saha ogأ© jodoh urang silaturahmi kudu tetep dijaga.
  • Pupulur memeh mantun Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
  • Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
  • Puraga tamba kadengda Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
  • Raweuy beuweungeun rambay alaeun Loba dahareun da loba pepelakan.
  • Rumbak caringin di buruan dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
  • Rumbak kuntieun Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
  • Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
  • Rusuh luput gancang pincang Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
  • Sabobot sapihanean Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
  • Sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
  • Sagalak galakna macan taru nyatu anakna sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
  • Sagolek pangkek sacangreud pageuh Hanteu cidra kana jangji.
  • Saherang herangna cai beas Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
  • Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
  • Sakecap kadua gobang Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
  • Sakiriciking duit sakocopoking bogo Naon bae anu matak narik kana hate urang.
  • Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
  • Samar polah samar rasa Henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina hatأ© baأ©, tacan bruk-brak
  • Sangsara di geusan betah Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
  • Sapu nyere pegat simpay Paturay papisahan.
  • Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
  • Satengah buah leunca Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
  • Satungtung deuleu Ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan
  • Saumur nyunyuhun hulu Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
  • Saungkab peundeuy Omongan anu pondok tur kurang manis.
  • Sengserang padung Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
  • Sentak badakeun teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
  • Sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
  • Sereg dibuana logor diliang jarum Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
  • Seukeut ambeu seukeut deuleu loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
  • Seukeut tambang manan gobang Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
  • Seuneu hurung cai caah Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
  • Seuneu hurung dipancaran Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
  • Seungit angin-anginan Seungit pisan meleber ka mana-mana
  • Seuseut batan neureuy keueus Hese pisan.
  • Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
  • Silih jenggut jeung nu gundul Mأ©nta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga.
  • Sirung ngaliwatan tunggul Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
  • Sosoroh ngadon kojor Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
  • Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri sorangan.
  • Tamplok batokeun Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
  • Taraje nangeuh dulang pinande Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan alus sarta bener.
  • Taya tangan pangawasa Jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga.
  • Taya halodo panyadapan taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae digelendeng atawa dicarekan).
  • Teng anak teng, anak merak kukuncungan sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
  • Teu aya sarebuk samerang nyamu Teu aya saeutik eutik acan.
  • Teu beunang dikoet kunu keked Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
  • Teu boga pikir rangkepan Teu boga curiga saeutik eutik acan.
  • Teu busik bulu salambar teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.
  • Teu cari ka Batawi tapi ka salaki hakan pake hayang ti salaki.
  • Teu diambeuan teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
  • Teu didingding kelir teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
  • Teu dipiceun sasieur Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
  • Teu ditari teu ditakon Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
  • Teu gugur teu angina Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
  • Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
  • Teu mais teu meuleum teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
  • Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.
  • Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
  • Teu nyaho di alip bingkeng bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
  • Teu puguh alang ujurna teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
  • Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.
  • Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
  • Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
  • Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
  • Tiis ceuli herang mata ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
  • Tikoro andon peso ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
  • Tinggar kalongeun Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
  • Tipu keling ragaji Inggris pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
  • Titip diri sangsang badan Mihapekeun maneh.
  • Titirah ngadon kanceuh sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
  • Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
  • Tugur tundang cuntang gantang Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
  • Tunggul dirarud catang dirumpak Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
  • Tunggul sirungan, catang supaan Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
  • Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
  • Ulah beunghar memeh boga ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
  • Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
  • Ulah cara ka malati kudu cara ka picung Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
  • Ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
  • Ulah keok memeh dipacok Ulah sieun saacan ngalakonan.
  • Ulah leutik hatأ© Ulah sieun atawa putus pangharepan.
  • Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina Kudu nuturkeun أ©tika anu aya.
  • Ulah muragkeun duwegan ti luhur masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
  • Ulah ngaliarkeun taleus ateul Ulah nyeubarkeun fitnah.
  • Ulah ngukur baju sasereg awak Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan
  • Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian Ulah rebutan kakawasaan
  • Ulah pangkat memeh jeneng Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
  • Ulah tiis tiis jahe kudu iatna, kudu cingceung.
  • Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
  • Uncal tara ridu ku tanduk Duduluran karumpul kabeh.
  • Ulah nyaliksik ku buuk leutik Ulah nyangsarakeun rakyat leutik.
  • Uyah tara tees kaluhur Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
  • Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.
  • Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang wiwirang nau pohara gedena.
Sumber : Majalah Cupumanik