Kamis, 01 Desember 2011

GAYA BASA SUNDA

GAYA BASA

Gaya Basa
Gaya basa atawa majas nya éta ungkara basa anu susunanana geus matok sarta ngandung harti injeuman. Majas manrope cara makena kecap kiasan/injeuman anu sifatna ngabandingkeun, ngagambarkeun, jeung negaskeun.

1. Majas Personifikasi (mijalma)
Majas personifikasi, nys éta majas anu mapandekeun/ngaibaratkeun hiji barang mibanda kalakuan kawas manusa.
Conto :
a. Cihcir keur ngawih tengah peuting.
b. Daun kalapa cing arulang ngagupayan anu rek mulang.
a. Sora suling ngabangingik keur ceurik tengah peuting.
b. Angin gunung ngusapan buuk anu keur ngiuhan.

.2. Majas Metafora (babandingan langsung)

Majas metafora, nya éta majas anu ngabandingkeun hiji barang jeung barang sejen sacara langsung, anu ngabogaan sifat anu sarua jeung barang asalna.
Conto :
a. Raja angkasa keur ngabombardir kota Bagdad. (kapal udara)
b. Sirung – sirung Pajajaran geus mimiti hudang di Kota Bogor. (masarakat Sunda)
c. Si Ratu Ngebor, keur ngahibur nu lalajo di Bogor.
d. Kabeh oge kasima basa Si Raja Leuweung gagauran neangan mangsa.

3. Majas Asosiasi (ngumpamakeun)

Majas asosiasi, nya éta majas anu ngumpamakeun kana barang anu ngabogaan ciri anu sarua jeung barang anu diumpamakeunana.
Conto :
a. Tanteu Jois mah ari angkat téh siga toko maju. (sagala dipake,emas, jsb)
b. Budak téh siga careuh bulan. (diwedak anu cemedok)
c. Bi Mumun beungeutna pias kawas mayit, sabab geuring ripuh.
d. Budak téh siga bueuk meunang mabuk, basa dicarekan ku bapana.

 4. Majas Litotes (ngasor)
Majas litotes nya éta majas anu digunakeun pikeun ngahandapkeun kaayaan diri nu nyarita (ngasor), pikeun ngahormat ka jalma anu diajak nyarita.
Conto :
a. Linggih atuh pa, ka saung butut. (nu dimaksud imah alus)
b. Tuang téh teu aya nanaon ngan saukur jeung uyah. (nu dimaksud mewah)
c. Abdi mah jalmi bodo teuterang huruf bingkeng-bingkeng acan.
  
 5. Majas Hiperbola ( rarahulan)
Majas hiperbola, nya éta majas anu ngagunakeun kecep anu kaleuleuwihi atawa pamohalan.
Conto :
a. Aceh kiwari banjir getih.
b. Jakarta ayeuna geus jadi kota demontrans.,
c. Bakating kusieun, bulu punduk racung kawas kawat.
d. Manehna ngajerit maratan langit basa indungna ka tabrak a

6. Majas Pleonasme (kadalon)

Majas kadalon, nya éta majas anu ngagunakeun kecap tambahan katerangan anu sabenerna mah teu perlu, sabab geus tetela.
Conto :
a. Budak téh naek ka luhur ngala jambu.
b. Mobil mogok téh didorong ka hareup.
c. Pundurkeun ka tukang tah mobil téh tong ngahalangan jalan.
 
7. Majas Metonimia (lalandian)

Majas metonimia, nya éta majas anu ngagunakeun kecap lalandian pikeun ngaganti barang anu dimaksud.
Conto :
a. Maung Bandung jadi juara liga Danhill.
b. Budak téh keur numpak Honda.
c. Si Ujang Gembrot lumpatna mani ngagegag.
d. Pa Otto Iskandardinata katelah Si Jalak Harupat.

 8. Majas Euphimisme (rautan)
Majas anu ngagunakeun kecap anu lembut/lemes, supaya kadengena leuwih sopan. Conto :
a. Punten Bu, abdi bade kapengker heula ! ( ka WC )
b. Pun Aki mah tos kirang ngadangu. (torek)
c. Si Ibro tuangna mani ponyo. (gembul)
d. Juragan Somad tos ngantunkeun poe kamari. (maot)
 
9. Majas Sinekdok (raguman)

Majas raguman di bagi dua, nya éta Pars Pro Toto (sabagian pikeun sakabehna) jeung Totem Pro Parte (sakabehna pikeun sabagian).

9.1. Majas Pras Pro Toto
Majas pras pro toto, nya éta majas anu ngagunakeun kecap dina kalimah nyebutkeun sabagian, padahal anu dimaksud sagemblengna atawa sakabehna.
Conto :
a. Budak téh geus lila teu katingali tarang-tarangna acan. (nu dimaksud mah sakabehna lain tarangna wungkul)
b. Pagawean loba leungeun mah sok tara bener. (nu dimaksud lain leungeun wungkul)
c. Domba téh sabaraha perhuluna ? (nu dimaksud lain huluna wungkul, tapi sakabehna)
d. Pucuk Enteh keur digiling di pabrik. ( nu dimmaksud lain salambar pucuk tapi sakabehna)

 9.2. Majas Totem Pro Parte
Majas totem pro parte nya éta majas anu ngagunakeunkecap dina kalima anu nyebutkeun sakabehna pikeun sabagian
Conto :
a. Indonesia jadi juara Badminton dina olimpiade di Los Angeles. ( nu dimaksud ngan sa tiem lain sakabeh masarakat Indonesia)
b. Di Bandung kungsi diayakeun konfrensi Asia-Afrika. (nu dimaksud di gedung Asia-Afrika, lain di sakabeh wewengkon Bandung)
c. Siswa SLTP N I Dramaga pinunjul kahiji pasanggiri biantara sa kabupaten Bogor. (nu dimaksud ngan saurang lain sakabeh siswa)

 10. Majas Ironi (sindiran anu lemes)
Majas anu ngagunakeun kecap sabalikana anu tujuanana pikeun nyindir sindir sacara lemes pikeun nu diajak nyarita.
Conto :
a. “Aduh,… jang ampir weh kabeurangan!” (nu dimaksud sabalikna)
b. “ Wah, maneh mah pinter, nilai rapotna oge mani caang kieu!”
a. Si Eneng mah tulisan téh mani sae kieu, Bapa mah mani teu bisa macana!”
b. “Hidep mah abongna geus jadi propesor, ngitung anu kieu wae mani teu bisa!”

Evaluasi
Jawab patalekan ieu di handap !
1. Lamun hidep ulin ka imah babaturan, kaparengan akina babaturan hidep téh panonna geus lolong. Kumaha pibasaeun hidep lamun ngagunakeun majas eufeumisme !
a. “Bapa silaing mah geus teu neuleu nya ?”
b. ” Tuang aki téh titingalianana tos kaganggu kitu?”
c. ” Wah, aki maneh mah geus lolong!”
d. “Pun aki mah titingalianana tos kirang awas!”
2. “Bagong kajajaden téh ahirna guyang getih dicacag ku urang lembur”. Kalimah kasebut ngagunakeun majas….
a. litotes, b. personifikasi, c. hiperbola, d. metapora.
3. Pilih ungkara basa di handap ieu anu ngagunakeun majas litotes!
a. “Rorompok abdi mah didamelna tina saung tos butu deui!”
b. “Tuh imah dewek mah anu tilu tingkat!”
c. ”Allhamdulillah, nilai ujian téh awon, ngan ukur kengeng izajah tamat, sanes lulus.”
d. ”Lumayan sok sanaos kirang nyugemakeunana oge, pun anak mah kamari janten juara kahiji lomba maca dongeng di Kabupaten Bogor !”
Tengetan paguneman di handap ieu !
1). Adun : “ Mod, kasewelasan mana anu maen ayeuna?”
2). Komod : “ Juve, malah kiperna oge pan sigegep!”
3). Sanif : “Wah, hebat euy, bakal hujan gol geura ari Juventus maen mah.”
4). Adun : “ Is,… puguh wae, tong boro jalma hayang lalajo, bulan oge bakal ngintip hayangeun nyaksian.”
4. Dina paguneman di luhur, kalimah anu ngagunakeun majas hiperbola, aya dina kalimah nomer….
a. no. 1 no. 2 c. no. 3 d. no. 4
5. Majas asosiasi dina paguneman di luhur, aya dina kalimah nomer….
a. no. 1 no. 2 c. no. 3 d. no. 4
6. Dina paguneman di luhuir, aya ungkara “bulan oge bakal ngintip hayangeun nyaksian.” Ungkara kasebut, ngagunakeun majas naon….
a. hiperbola, b. asosiasi, c. metafora, d. personifikasi.
Titenan ungkara basa ieu di handap !
Ti kajuhan keneh Gunung Salak geus katempo keur ngajogo diharudum ku halimun. Barudak anu ngilu hiking, terus wae ngeureuyeuh naek ka luhur. Sawareh mah katingali beungeutna mani sepa, napasna oge meh ampir beak waktu nyorang tanjakan anu kacida netekna. Palebah anu mengkol jeung paroek ku tatangkalan barudak téh ngan katingali sirahna wungkul cing arungkug.
“Pa, liren heula sakedap, abdi tos teu kiat hoyong kapengker ! ceuk Imas bari nyusutan kesang.
“Euh,… dasar Si Gembrot, keur dileuweung kieu oge beser dih!” Ceuk Dodo bari nyaritana kitu téh manehna bari heuay.
” Urang eureun heula wae sakeudeung tuh diditu deukeut mata air!” ceuk Pa Ganjar. Manehna téh guru pramuka anu kacida pisan resepeunana mawa barudak ulin ka gunung.
“Ari Imas tos datang teu acan Tin ?” ceuk Pa Ganjar ka Titin anu keur jongjon diuk bari mencetan bitisna. Keur kitu anu diomongkeun norojol datang bari ulungah-elengeh.
“Mani gancang-gancang teuing Mas, ka cai téh mani hampir sajam nungguan!” ceuk Si Uhe bari rada manyun.
7. Dina paragraf ka-1 wacana di luhur, majas pras pra toto aya dina kalimah kasabaraha ?
a. kalimah ka-1 b. kalimah ka-2 c. kalimah ka-3 d. kalimah ka-4
8. Majas metonimia, dina ungkara basa di luhur aya dina paragraf….
a. paragraf ka-1 b. paragraf ka-2 c. paragraf ka-3 d. paragraf ka-4
9. “Barudak anu ngilu hiking , terus wae ngeureuyeuh naek kaluhur.” Kalimah diluhur ngagunakeun majas….
a. metafora, b. personifikasi, c. ironi, d. pleonasme.
10. Majas ironi dina ungkara basa kasebut aya dina paragraf kasabaraha?
a. ka-1 b. ka-3 c. ka-5 d. ka-6


TATA MAKNA

Pengertian
Tata makna manrupa widang elmu basa anu maluruh ngenaan harti kecap jeung parobahan harti kecap. Harti kecap ngawengku; (1) harti leksikal, (2) harti gramatikal, (3) harti denotatif, (4) harti konotatif, (5) harti sinonim, (6) harti antonim, (7) harti homonim, (8) harti hiponim, (9) harti poli semi.
Sedengkeun parobahan hati kecap ngawengku; (a) harti nu ngalegaan (generalisasi, (b) harti nu ngaheureutan (sfesipikasi), (c) harti nu ngaluhuran (ameliorasi), (d) harti nu ngahandapan (peyorasi), (e) harti nu matukeurkeun (sinestesia), jeung (f) harti kecap an ngumpamakeun (asosiasi).

2.1. Harti Kecap
2.1.1. Harti Leksikal
Harti leksikal nya éta harti kecap an sarua jeung harti an aya dina kamus. Harti leksikal bisa oge disebut harti kecap an can make rarangken (imbuhan). Conto:
-hujan = cai an turun ti langit (harti kamus)
-payung = alat pikeun nahan panas panon poe atawa cai hujan
-buku = alat pikeun nulis atawa maca an dibendel
conto kalimah:
a. Mang Somad keur nandean cai hujan.
b. Mang Udin keur ngomean payung.

2.1.2. Harti Gramatikal
Harti gramatikal nya éta harti kecap an geus make rarangken. Conto:
- kahujanan = hatina kakeunaan ku cai hujan
- papayung = pejabat atawa an nyekel jabatan
- payungan = make payung
Conto kalimah:
a. Si Ibro keur ngiuhan dina tangkal waru, kusabab sieun kahujanan.
b. Pa Ewon tos jadi papayung di kecamatan .

2.1.3. Harti Denotatif
Harti denotataif nya éta harti kecap anu sabenerna. Conto:
- meja - korsi - baju
- dahar - hujan - leungeun
2.1.4. Harti Konotatif

Harti konotatif nya éta harti kecap injeuman (kias), atawa harti an teu sabenerna.
Conto: - hujan cimata - panjang leungeun - meja hejo
Conto kalimah:
a. Neng Sinta hujan cimata basal indungna tilar dunya.
b. Si Bogel mmah budakna panjang leungeun
c. Koruptor teh diadili dina meja hejo.

2.1.5. Harti Sinonim
Harti sinonim, nya éta kecap anu ngabogaan harti sarua jeung kecap sejen.
Conto: - baju = acuk - gede = badag - beunghar = jegud
Conto dina paguneman:
Aki : “Nini, ari ieu baju saha mani alus kieu ?"
Nini : “Oh… éta mah acuk pa Lurah !"
Aki : “beda nya Nini, ari raksukan anu beunghar mah mani sae kieu !"

2.1.6. Harti antonim
Harti antonim nya éta kecap anu hartina lalawanan jeung kecap sejen. Conto :
- jangkung x pendek - pinter x bodo - hade x goreng
conto kalimah:
a. Lanceukna mah pinter, ari adina mah bodo.
b. Pa Ubed mah jalma beunghar, ari Si Ibro mah jalma sangsara.

2.1.7. Harti homonim
Harti homonim, nya éta kecap anu tulisan jeung sora basana (bunyi) sarua, tapi hartina teu sarua. Harti homonim dibagi dua, nya éta harti homograf jeung harti homofon.

2.1.7.1. Harti homograf
Harti homograf, nya éta kecap anu tulisanana sarua, tapi hartina beda. Conto:
- kaca = kaca - koneng = koneng - buku =buku
kaca = hartina lembaran tina buku (halaman)
kaca = hartina barang anu pecah belah
Conto kalimah: a. Pa Lurah nuju maca buku kaca 13
. b. Sinta keur ngelapan kaca jandela .
koneng = anu hartina warna
koneng = anu hartina mangrupa
Conto kalimah: a. Budak téh make baju koneng.
b. Bi Ijah keur ngarendos koneng dina coet.
2.1.7.2. Harti homofon

Harti homofon nya éta kecap anu sora basana sarua tapi hartina beda. Conto:
- bang x bank - rok x rock - sangsi x sanksi
Conto kalimah: a. Bang Mandra pamaen sinetron.
b. Juragan Badrun angkat ka bank BNI

2.1.8. Harti hifonim
Harti hiponim, nya éta kecap anu ngabogaan harti umum jeung harti husus.
a. Harti umum, nya éta harti kecap anu ngawengku harti sejen
b. Hart husus, nya éta harti kecap anu kawengku ku harti umum, atawa bagian
tina harti umum.

No.

Harti umum

Harti husus

1. Sayuran

Tomat, kentang, kangkung,
2. Lauk

Gurame, lele, bandeng, nila,
 3. Bangunan

Saung, gedong, hotel, villa,
4. Kembang

Melati, ros, mawar, sedap malam
Conto kalimah: 
1). a. Mang Somad keur mawa sayuran ka pasar. (harti umum)
b. Ceu Sari keur metikan kangkung di dapur. (harti husus)
2). a. Jakarta loba bangunan anu jujul ka langit. (harti umum)
b. “ Mangga atuh linggih heula kasaung butut pa!”(harti husus)
2.1.9. Harti polisemi

Harti polisemi, nya éta harti kecap anu leuwih ti hiji, atawa harti kecap anu ngaragum harti kecap sejen. Conto:
Awewe = - istri
- parawan
- bikang
Conto kalimah: a. Istri Pa Lurah nuju rapat di bale desa.
b. Hayam bikang Mang Usup geus ngendog.
Evaluasi
Jawab patalekan ieu di handap !
1. Aki = “ Kunaon nini nyekelan wae beuteung?”
Nini = “ Ieu, padaharan nini nyeri!”
Dumasar kana paguneman diluhur, kecap anu ngabogaan harti leksikal nya éta:
a. nyekelan b. padaharan c. kunaon d. beuteung
2. Kecap dina paguneman di luhur anu ngabogaan harti gramatikal, nya éta:
a. padaharan, b. nini, c. aki, d. beuteung.
”Barang anjog ka Taman Topi, Si Ibro ngahuleng bari luak lieuk susuganan aya anu wawuh. Manehna bingung teu nyaho jalan pibalikeun. Ari budak anu kurung batok mah karek sakalieun ulin ka kota oge bet ngarasa katalimeng…”
3. Kecap anu ngabogaan harti konotatif dina ungkara di luhur, nya éta:
a. barang anjog , taman topi b. jalan pibalikeun, kurung batok
c. katalimeng, ngahuleng d. taman topi, kurung batok
4. “Prasasti Ciaruteun mangrupa titinggal raja Purnawarman.”
Kecap Prasasti Ciaruteun ngabogaan harti :
a. konotatif, b. homonim, c. denotatif, d. polisemi.
5. “Budak téh jongjon wae tuang , teu ningalieun sangu anu dihuapkeunana maruragan dilodokan ku entog.”
Kecap dilodokan, dina kalimah di luhur, ngabogaan harti sinonim nya éta:
a. tuang, b. neda, c. dahar, d. nyatu.
6. “Si Juned mah kawentar jalma malarat.” Kecap antonim tina kecap malarat nya eta :
a. sangsara, b. beunghar, c. miskin, d. teu boga
7. Pilih kalimah ieu di handap anu ngabogan harti homofon !

1. Bang Kasman bandar hayam.
2. Bi Sumi keur ngarendos koneng , pikeun nyangu koneng.
3. Kuring mah sangsi budak anu bolos dibere sanksi ku kapala sakola.
4. Bang Miun keur ngelapan kaca.

“ (1) Mangga wae gera tuang heula Pa ! (2) Abdi mah parantos neda. (3) Upami teu kaabotan abdi mah bade neda piduana ti Bapa! (4) Ah, bapa mah moal dahar, keur teu ngarareunah padaharan…”
8. Ungkara di luhur, anu kecapna ngabogaan harti homograf, nya éta
a. kalimah ka-1 jeung ka-2 b. kalimah ka-2 jeung ka –3
c. kalimah ka –3 jeung ka-4 d. kalimah a-4 jeungka-1
9. Pilih kecap ieu di handap anu mangrupa kecap umum !
a. melati, b. ros, c. lele, d. tatangkalan.
10. Isuk-isuk keneh jalma-jalma geus minuhan sisi Situ Gede, aya anu mawa ayakan,
sirib, heurap, kecrik jeung alat sejena anu bisa pake ngala lauk. Beunteur, sepat,
bogo, lele jeung sajabana. Kecap husus dina ungkara kasebut, nya éta:
a. lauk, b. Situ Gede, c. mawa, d. heurap.

2.2. Parobahan Harti Kecap

2.2.1. Harti kecap anu Ngalegaan (generalisassi)
Harti kecap anu ngalegaan nya éta harti kecap anu dipake kiwari ambahanana leuwih lega tibatan harti kecap anu dipake ayeuna. Conto :
- bapa = kecap bapa bareto mah dipake pikeun sesebutan anak ka kolot lalakina ayeuna mah dipake pikan kasakumna jalma anu dipikahormat. Misalna , bapa lurah, bapa presiden, bapa RT, jsb.
- ibu = kecap ibu bareto mah dipake pikeun sesebutan ti hiji anak ka indungna, tapi ayeuna dipake sesebutan pikeun unggal jalma awewe anu dipika hormat. Misalna; ibu RT, ibu guru, ibu PKK, ibu lurah, jsb.
- saderek = kecap saderek baheula mah dipake pikeun sesebutan kanu jadi dulur, ayeuna dipake sesebutan pikeun kasakabeh jalma anu dipihormat. Misalna saderek RT,
conto kecap sejena nu hartina ngalegaan nya éta; teteh,aa, jsb.
Conto kalimah:
1)      a. Bapa Si Ewon bandar hayam. (harti heubeul)
b. “Ari bapa lurah aya?” ceuk pa RT (harti nu ngalegaan)
2) a. Pun Biang mah saderekna urang Bandung. (harti heubeul)
b. “Saderek téh bade kasaha? (harti generalisasi)
2.2.2. Harti Kecap anu Ngaheureutan (spesifikasi)

Harti kecap anu ngaheureutan nyak éta harti kecap anu dipake ayeuna leuwih heureut ambahanana tibatan harti kecap anu dipakae baheula. Conto :
- sarjana = kecap sarjana baheula mah dipake sesbutan pikeun sakabeh jalma anu pinter/ ngabogaan kaahlian leuwih ti jalma sejen disebut sarjana, tapi ayeuna mah kecap sarjana téh ngan dipake sesebutan pikeun ka jalma anu lulus ti perguruan tinggi. Misalna sarjana ekonomi, sarjana pertanian, jsb.
- guru = kecap guru baheula mah dipake pikeun sakabeh jalma anu ngajarkeun elm ka anu sejen, disebut guru. Kecap guru ayeuna mah ngan dipake pikeun jalma anu ngajar di sakola wungkul. Misalna guru basa Sunda, guru matematika, guru SD, guru olah raga, jsb.
Conto kecap anu ngaheureutan sejenna di antarana; kitab, siswa, murid, ulama, santri, ustad, pesantren, madrasah, kiai, gelas, jsb.
Conto kalimah: 1) a. Si Joni Uhe sarjana ekonomi lulusan
b. Pa Maman guru basa Indonesia.

2.2.3. Harti Kecap anu Ngaluhuran (ameliorasi)
Harti kecap anu ngaluhuran nya éta harti kecap anu dipake ayeuna ajenna (nilai rasana) leuwih luhur tibatan harti kecap anu dipake baheula. Conto :
- tenteu, = ajenna leuwih luhur tibatan kecap bibi
- om = ajenna leuwih luhur ti batan kecap mamang
- istri = ajenna leuwih luhur ti batan kecap pamajikan
Conto kecap anu ngaluhuran sejenna, di antarana;
- opah > aki - omah > nini - bujang > jajaka/pamuda
- parawan > gadis - wanoja > bikang - asisten > pembantu
- tuna wisma > gelandangan - karyawan > kuli
Conto kalimah: a. Tanteu Rina nuju balanja di supermaket. (ameliorasi)
b. “ Bibi cing pang nyandakeun cai ieu aya tamu” ceuk dununganana. (harti peyorasi)
c. Bibi Si Jantuk imahna di Jakarta. (harti asal)

2.2.4. Harti Kecap anu Ngahandapan ( peyorasi)
Harti kecap anu ngahandapan, nya éta harti kecap anu dipake ayeuna ajenna atawa nilai rasana leuwih handap ti batan baheula. Conto :
- kecap bibi = baheula mah dipake sesebutan pikeun ka adi bapa/indung anu
awewe, ayeuna mah kecap bibi téh dipake sesebutan pikeun ka babu (pembentu) atawa anu status sosialna handap; bibi sayur, bibi jamu , jsb.
- mamang = kecap mamang baheula mah dipake sesebutan pikeun ka adi
lalaki bapa/ indung, ayeuna mah kecap mamang téh dipake sesebutan pikeun anu setatus sosialna handao. Misalna; mamang beca, mamang baso, jsb.
Conto kecap sejenna anu nilai rasana nganhandapan, di antarana; bikang, parawan, propokator, gelandangan, lolong, budeg, jsb.
Conto kalimah: a. Si Bibi tukang bala-bala anu disuhun ka tabrak beca. (peyorasi)
b. Pun Bibi mah didamelna di Bank BNI. (harti nu sabenerna)

2.2.5. Harti Kecap anu Ngumpamakeun (asosiasi)
Harti kecap anu ngumpamakeun , nya éta harti kecap anu diumpamakeun jeung harti kecap anu ngabogaan sifat anu saraua jeung hiji barang. Conto:
- amplop = duit sogokan
- korsi baseuh = pagawean anu genah , jsb.
Conto kalimah: a. Jang Eman ari make amplop mah teu burung wae lulus ujian.
b. Persib Maung Bandung jadi juara liga Danhill.
c. Ari make sabun mah teu burung jadi pegawe negeri.

2.2.6. Harti Kecap anu Matukeurkeun (sinestesia)
Harti kecap peyorasi nya éta harti kecap anu muncul balukar patukeurna panca indra. Umpamana indra pangdenge jadi indra pangrasa. Conto:
1. a. Neng Sinta mah ari dangdos téh mani manis. (sinestesia)
b. Rambutan aceh mah rasana mani manis. (harti sabenerna)
2. a. Juragan Ubed nyariosna mani teuas, basa nyarekan bujangna. (sinestesia}
b.Tangkal tiwu téh mani teuas ari geus kolot mah. (harti sabenerna)
EVALUASI
Jawab patalekan ieu di handap !
1. Pilih kalimah di handap ieu anu hartina ngalegaan!
a. “Pa, ari ibu kamana ?” Ceuk Sinta nanyakeun indungna
b. ”Geura tuang heula atuh bapa!” ceuk Raras ka bapana.
c. “Ari Bapa Camat nyondong kitu Neng ?” ceuk Mang Udin.
d. Pun bapa mah nuju angkat ka Jakarta
Titenan paguneman ieu di handap !
1). Aki : “Ulah gutak gitek wae nini, diuk téh teu sopan, era ku pa guru!”
2). Nini : “ih… ari si aki sok bawel!”
3). Sinta : “jep, atuh jempe isin tuh ku Tanteu Susi, ningali wae ka dieu!”
4). Guru : “ Keun bae atuh, “ (tembalna, sarta pok nyarita deui)
“ Bi Ijah…nyandak cai yeuh kadieu, aya tamu geura suguhan!”
2. Dumasar kana ungkara di luhur, kalimah anu kecapna ngandung harti peyorasi, nyaeta :
a. no. 1 b. no. 2 c. no. 3 d. no. 4
3. Kalimah anu kecapna ngabogaan harti spesifikasi dina paguneman di luhur, nyaeta:
a. no. 1 b. no. 2 c. no. 3 d. no. 4
4. Kecap anu hartina ngaluhuran dina paguneman di luhur, di antarana:
a. Bi Ijah, b. Tanteu, c. guru, d. nini.
Tengetan ungkara basa ieu di handap!
“Gunung Salak ari wanci isuk-isuk mah ngajogo diharudum ku halimun, estu ku matak waas. Hal kitu téh komo deu lamun disawangna ti kadeukeutan bruhbreh pamandangan mani endah. Angin gunung ngahiliwir kacida pisan ngeunahna. Sakapeung mah dipirig ku sora manuk mani hipu jeung manis pisan kadengena…”
5. Kecap dina paragraf di luhur, anu ngandung harti sinestesia, aya dina kalimah …
a. ka-1 jeung ka-2 b. ka-2 jeung ka-3
c. ka-3 jeung ka-4 d. ka-1 jeung ka-4
6. Kecap dina paragraf di luhur anu ngabogaan harti sinestesia, di antarana:
a. diharudum ku halimun, b. pamandangan mani endah
c. angin gunung ngahiliwir, c.sora manuk mani hipu jeung manis.
7. “Para anggota DPR keur nembongkeun sihungna dina sidang paripurna.” Kecap sihung dina kalimah di luhur, ngabogaan harti, nya éta:
a. huntu anu seukeut, b. duit, c. kakawasaan d. senjata.
8. “Ari make amplop mah teu burung budak téh lulus ujianana!” kecap amplop ngandung harti; a. sinestesia, b. asosiasi, c. peyorasi, d. ameliorasi.
9. “Robet Uhe jadi asisten pelatih sepak bola kesebelasan Italia.” Kecap asisten ngabogaan harti : a. asosiasi, b. spesifikasi, c. peyorasi, d. ameliorasi.
10. Pilih kalimah di handap ieu anu hartina ngalegaan!
a. Tanteu Erna tukang bala-bala keliling ka tabrak beca.
b. Pun Bibi mah kawitna ti Bogor.
c. Para santri keur ngaji di pasantren Kiai Adullah Mustofa.
d. “Punten bade tumaros, ari anu bade nikah téh Teteh kitu?” ceuk pa lebe

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar