Kamis, 01 Desember 2011

Rarangkén Tengah

b. Rarangkén Tengah
Rarangkén tengah nyaéta rarangkén anu diselapkeun kana wangun dasar kecapna. Rarangkén tengah dina basa Sunda aya tilu nyaéta –ar-, -um-, jeung –in-.

1. Rarangkén Tengah –ar-
Rarangkén tengah –ar- mibanda alomorf: -al-, -ar-, jeung ra-
  • -Rarangkén tengah –ar- robah jadi –al-, upama:
1) wangun dasarna dimimitian ku konsonsn l,
Contona:
lieur + -ar- -----> lalieur
leuleus + -ar- -----> laleuleus

2) wangun dasarna ditungtungan ku konsonan r,
Contona:
bageur + -ar- -----> balageur
pinter + -ar- -----> palinter

3) wangun dasarna mibanda engang nu ngandung konsonan gabung (kluster) br, tr, cr, kr, pr, jr, jeung dr.
Contona:
kémpréng + -ar- -----> kalémpréng
gombrang + -ar- -----> galombrang

  • -Rarangkén tengah –ar- robah jadi –ar- upama wangun dasarna dimimitian ku vokal,
Contona:
asup + -ar- -----> arasup
ulin + -ar- -----> arulin

  • -Rarangkén tengah –ar- robah jadi –ra- upama wangun dasarna ngan saengang sarta dimimitian ku konsonan,
Contona:
cleng + -ar- -----> racleng
beng + -ar- ------> rabeng

Guna jeung harti rarangkén tengah –ar-, di antarana:
1. ”Barudak keur arulin di buruan.”

Rarangkén –ar- dina kecap barudak gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’loba...’.

2. ”Nu rék rapat téh geuning can daratang.”
Rarangkén –ar- dina kecap daratang gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’loba nu ngalakukeun...’.
Conto séjéna: baralik, arulin, dalahar, sararé

3. ”Méh kabéh nu datang ka dieu nalaksir kan Neng Elis.”
Rarangkén –ar- dina kecap nalaksir gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’loba ngalakukeun ka/kana ...’.
Conto séjéna: nyariwit, nyarium

4. ”Abdi mah nuju rarépot, nu mawi moal tiasa dongkap.”
Rarangkén –ar- dina kecap rarépot gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’aya dina kaayaan terus-terusan ...’.
Conto séjéna: nyareri, rarieut, laleuleus

5. ”Di Jatiluhur mah lauk teh paraéh kabéh.”
Rarangkén –ar- dina kecap paraéh gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’loba dina kaayaan...’.
Conto séjéna: baruruk, garoréng, garede, parait  

Rarangken Tengah -in- (Diajar Basa Sunda)

Guna jeung harti rarangkén tengah –in-, di antarana:
1. ”Sagala rupa ogé kudu aya perjanjian tinulis.”
Rarangkén –in-, dinu kecap tinulis gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) nu hartina ’geus kakeunaan ku...’.
Conto séjéna: sinerat, ginanjar

2. ”Mudah-mudahan hidep sing pinanggih jeung kabagjaan.”
Rarangkén –in-, dinu kecap pinanggih gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’aya dina kaayaan...’.
Conto séjéna: tinemu

3. ”Prabu Yudistira téh kawéntar raja sinatria.”
Rarangkén –in-, dinu kecap sinatria gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga sipat...’.
Conto séjéna: pinandita

4. ”Upami aya waktos, tinangtos abdi ogé dongkap.”
Rarangkén –in-, dinu kecap tinangtos gunana ngawangun pancén nu mangrupa ’mamanis.’
Conto séjéna: sinareng
 

Diajar Basa Sunda (Rarangkén Tengah -um-)

3. Rarangkén Tengah –um-

Rarangkén tengah –um- mibanda alomorf –um, upama wangun dasarna dimimitian ku vokal (aksara hirup).

Contona:
amis + -um- = umamis
aing + -um- = umaing

Guna jeung hartina, di antarana:
1. ”Saméméh lumampah téh kudu dirarancang heula.”
Rarangkén –um-, dinu kecap lumampah gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun...’.
Conto séjéna: lumaku, sumujud

2. ”Ayeuna kuring téh keur kumawula ka Haji Rendi.”
Rarangkén –um-, dinu kecap kumawula gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun pagawéan salaku...’.

3. ”Urang téh teu hadé gumantung waé ka kolot.”
Rarangkén –um-, dinu kecap gumantung gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’dina kaayaan...’.
Conto séjéna: gumulung, tumamprak, sumerah

4. ”Manéhna datang ka dieu bari lumengis.”
Rarangkén –um-, dinu kecap lumengis gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun tuluy-tumuluy/remen...’.
Conto séjéna: rumahuh, jumerit, sumegruk

5. ”Gedang téh geuning geus gumading.”
Rarangkén –um-, dinu kecap gumading gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga sipat/saperti...’.
Conto séjéna: humaseum, lumého, kumincir, umamis

6. ”Kuring mah teu resep ka awéwé nu gumeulis téh.”
Rarangkén –um-, dinu kecap gumeulis gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga rasa/kalakuan saperti nu...’.
Conto séjéna: umaing, gumede, gumasep

7. ”Kuring mah teu rumasa salah.”
Rarangkén –um-, dinu kecap rumasa gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga...’.
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar