Kamis, 01 Desember 2011

Rarangkén Tukang

Rarangkén Tukang
Rarangkén tukang nyaéta rarangkén anu ngantét tukangeun wangun dasarna. Rarangkén tukang dina basa Sunda di antarana: -an, -eun, -ing/ning, -keun, jeung –na.


1. Rarangkén Tukang -an
Guna jeung harti rarangkén tukang –an di antarana:


a. ”Kamari kuring ngaliwat ka sakolaan Téh Azka.”Rarangkén –an dina kecap sakolaan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’tempat...’
Conto séjéna: kuburan

b. ”Tah ieu puisi téh karangan Jang Adud.”Rarangkén –an dina kecap karangan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’hasil...’
Conto séjéna: tulisan, catetan, jeung paisan

c. ”Dagangan kuring mah geus payu kabeh.”Rarangkén –an dina kecap dagangan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu di ... -keun’
Conto séjéna: omongan, caritaan

d. ”Jang, nginjeum kiloan sakeudeung ka Mang Qomar!”Rarangkén –an dina kecap kiloan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’parabot/nu dipake...’
Conto séjéna: méteran, takeran, jeung timbangan

e. ”Ambéh téréh mah urang ngaloték atahan baé.”Rarangkén –an dina kecap atahan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’boga sipat...’
Conto séjéna: asakan

f. ”Agama Islam téh mangrupa ageman umumna urang Sunda.”Rarangkén –an dina kecap ageman gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu di...’
Conto séjéna: ajian, ceungceuman

g. ”Pung biang nganggo sinjang garutan.”Rarangkén –an dina kecap garutan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’hasil/asal ti...’
Conto séjéna: tasikan, cirebonan

h. ”Ilo ku hidep bacaan ti handap.”Rarangkén –an dina kecap bacaan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu bisa di...’

i. ”Cokotan deui urutna bisi laleungitan.”Rarangkén –an dina kecap cokotan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya di...’
Conto séjéna: bawaan, alaan, jeung pulungan
j. ”Lamun aya nu cilaka téh buru-buru tulungan.”Rarangkén –an dina kecap tulungan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya dibéré...’
Conto séjéna: bantuan, wakilan, jeung talangan

k. ”Kang Robi keur latihan ménbal di Situbatu.”Rarangkén –an dina kecap latihan gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) anu hartina ’ngalakukeun...’

l. ”Lamun aya anjing mah urang paéhan wé ku saréréa.”Rarangkén –an dina kecap paéhan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’supaya dijadikeun...’
Conto séjéna: gedéan, leutikan, alusan, jeung konéngan


m. ”Kang Jaja mah jalma daékan.”Rarangkén –an dina kecap daékan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’boga sipat/bakat...’
Conto séjéna: wanian, babarian, éraan, jeung kampungan

n. ”Néng Rina téh katémbongna beuki cahayaan baé.”Rarangkén –an dina kecap cahayaan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’boga..’
Conto séjéna: komaraan, bapaan, jeung anakan

o. ”Kendangan atuh ambéh ngeunaheun.”Rarangkén –an dina kecap kendangan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya maké...’
Conto séjéna: laguan, caian, bajuan, jeung tiungan

p. ”Mang Idris mah babari késangan.”Rarangkén –an dina kecap késangan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’kaluar/bijil...’
Conto séjéna: cimataan, léhoan, jeung getihan

q. ”Pa Hamid mah beunghar, mundingna oge puluhan.”Rarangkén –an dina kecap puluhan gunana ngawangun kecap bilangan anu hartina ’gundukan/sababaraha...’
Conto séjéna: ratusan, rébuan, jeung lima ratusan

r. ”Anu datang téh ngan tiluan.”Rarangkén –an dina kecap tiluan gunana ngawangun kecap bilangan anu hartina ’kumpulan/ ... urang’
Conto séjéna: limaan, sapuluhan, jeung sabelasan

  2. Rarangkén Tukang -eun

Guna jeung harti rarangkén tukang –eun di antarana:
1. ”Di imah Mang Hamid mah loba dahareun.”
Rarangkén –eun dina kecap dahareun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu rék/anu bisa di...’
Conto séjéna: beulieun, bawaeun, alaeun, jeung jualeun
2. ”Kuring dititah meuli sambeleun ku ema.”
Rarangkén –eun dina kecap sambeleun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’bahan/anu bisa dijieun...’
Conto séjéna: rujakeun, sayureun, jeung seupaheun
3. ”Menéna diuk gigireun kuring.”
Rarangkén –eun dina kecap gigireun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’tempat/arah di...’
Conto séjéna: handapeun, luhureun, tukangeun, jeung kéncaeun
4. ”Ulah loba teuing dahar jéngkol, bisi jéngkoleun.”
Rarangkén –eun dina kecap jéngkoleun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’kasakit’
Conto séjéna: cacingeun, hileudeun
5. ”Ari jadi kiper téh ulah jantungeun atuh.”
Rarangkén –eun dina kecap jantungeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’boga sipat/bakat...’
Conto séjéna: kuuleun, cacingeun, jeung peujit koréseun

6. ”Buru-buru atuh mandi téh bisi tinggaleun ku batur.”
Rarangkén –eun dina kecap tinggaleun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’dina kaayaan...’
Conto séjéna: leungiteun, barieukeun

7. ”Manéhna téh éraeun nu matak teu kadieu ogé.”
Rarangkén –eun dina kecap éraeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’jalma katilu dina kaayaan...’
Conto séjéna: daekeun, hayangeun, embungeun, jeung ngéwaeun

8. ”Kuring enggeus, ayeuna kari manéheun kaul.”
Rarangkén –eun dina kecap manéheun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’bagian...’
Conto séjéna: kuringeun, batureun

3.Rarangkén Tukang -keun
Guna jeung harti rarangkén tukang –keun di antarana:

1. ”Alungkeun ka leuwi kuya téh.”
Rarangkén –keun dina kecap alungkeun gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya dilakukeun.’
Conto séjéna: kawihkeun, tinggalkeun, jeung balangkeun

2. ”Tuliskeun upama aya nu penting téh, ambéh teu poho.”
Rarangkén –keun dina kecap tuliskeun gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya di....’
Conto séjéna: catetkeun, gambarkeun

3. ”Lamun hésé dibukana mah, ruksakkeun wé koncina.”
Rarangkén –keun dina kecap ruksakkeun gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya dijieun jadi.’
Conto séjéna: leutikkeun, ancurkeun, jeung lemeskeun

4. ”Ambéh singset, sarungna beubeurkeun.”
Rarangkén –keun dina kecap beubeurkeun gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya dipaké...’
Conto séjéna: kongkorongkeun, tiungkeun, jeung sarungkeun


4. Rarangkén Tukang -na
Rarangkén tukang –na mibanda alomorf -ana jeung –nana.

- Rarangkén –na robah jadi –ana upama ngantét kana:

1. Wangun dasar anu geus dirarangkénan ku –eun.
Contona: bawaeun + -na ------> bawaeunana
                dahareun + -na ------> dahareunana

2. Wangun dasar anu geus dirarangkénan ku –an.
Contona: tiluan + -na ------> tiluanana
                 kabéhan + -na  ------> kabéhanana

3. Wangun dasar nu geus dirarangkénan ku –keun.
Contona: nyatetkeun + -na ------> nyatetkeunana
                mawakeun + -na ------> mawakeunana

- Rarangkén –na jadi –nana uapama ngantét di antara:
dua jeung éta:

dua + -na ------> duanana
éta + -na ------> étanana

Guna jeung harti rarangkén –na, di antarana:
1. ”Bajuna geus kotor.”
Rarangkén –na dina kecap bajuna gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’milik’.
Conto séjéna: sapatuna, calanana, imahna, jeung kabogohna

2. ”Ayeuna pun nini téh tos tujuhna.”
Rarangkén –na dina kecap tujuhna gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’nincak kana waktu ...’.
Conto séjéna: tiluna, opatpuluhna

3. ”Paingan tara ka dieu, atuda geus aya gantina.”
Rarangkén –na dina kecap gantina gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’hal nu tangtu.’
Conto séjéna: daunna, balikna, jeung alusna


5. Rarangkén Tukang –ing/ning
1) Rarangkén tukang –ing dipaké upama ngantét kana wangun dasar anu ditungtungan ku konsonan.
Contona: mungguh + -ing ------> mungguhing
                 bakat + -ing ------> bakating

2) Rarangkén tukang –ning dipaké upama ngantét kana wangun dasar anu ditungtungan ku vokal.
Contona: éstu + -ning ------> éstuning
                kersa + -ning ------> kersaning

Guna jeung hartina:
Bakating ku nyeri, hing baé atuh manéh na ceurik.”
-Rarangkén –ing/ning gunana ngawangun kecap pancén anu ngandung harti ’panganteb’
Conto séjéna: kersaning, éstuning, awahing, jeung mungguhing  

2 komentar:

  1. nilai Dear customer,
    Wilujeng Gabriella Eleanor injeuman sungut, hiji organisasi lending global dumasar di AS, dedicated ka nyadiakeun gajian tunai gancang dijamin pikeun individu mumpuni, pausahaan swasta, pausahaan umum, di hiji laju dipikaresep kakara 2% tanpa jaminan. Urang geus mantuan sajumlah individu jeung pausahaan nu geus Nyanghareupan kasusah finansial sakuliah dunya. Lamun anjeun panawaran jeung urang, Anjeun panawaran jeung pausahaan injeuman wasta Dunya panggedena nu paduli ngeunaan kaperluan finansial Anjeun. Kami baris ngurus anjeun ngaliwatan sakabéh prosés.
    1) Cash keur naon Anjeun hoyong.
    2) gajian nepi ka $ 500,000.00
    3) Gancang sarta gampang ti kiriman ti dokumén dipénta persetujuan.
    No komisi.
    4) sinyalna sakuliah dunya.
    5) pembiayaan Kredit nepi ka 36 installments bulanan maneuh. Nepi ka 59 poé mayar installment kahiji. Nelepon dina urang ayeuna keur solusi finansial Anjeun.

    Sejenna ngalamar:
    1) Ngaran Full:
    2) Nagara:
    3) Alamat:
    4) nyarita basa Inggris:
    5) Gender:
    6) Status kakawinan:
    7) Gawé:
    8) Number Telephone:
    9) posisi Wayah di karya:
    10) panghasilan Bulanan:
    11) injeuman Jumlah Diperlukeun:
    12) Lilana injeuman:
    13) gajian tujuan:
    14) Agama:
    15) Dupi anjeun dilarapkeun online jeung sungut séjén di jaman baheula:
    16) BBM PIN:
    Urang ayeuna awaits response urgent Anjeun
    Salam hormat.
    Ny Gabriella Eleanor.

    BalasHapus
  2. nilai Dear customer,
    Wilujeng Gabriella Eleanor injeuman sungut, hiji organisasi lending global dumasar di AS, dedicated ka nyadiakeun gajian tunai gancang dijamin pikeun individu mumpuni, pausahaan swasta, pausahaan umum, di hiji laju dipikaresep kakara 2% tanpa jaminan. Urang geus mantuan sajumlah individu jeung pausahaan nu geus Nyanghareupan kasusah finansial sakuliah dunya. Lamun anjeun panawaran jeung urang, Anjeun panawaran jeung pausahaan injeuman wasta Dunya panggedena nu paduli ngeunaan kaperluan finansial Anjeun. Kami baris ngurus anjeun ngaliwatan sakabéh prosés.
    1) Cash keur naon Anjeun hoyong.
    2) gajian nepi ka $ 500,000.00
    3) Gancang sarta gampang ti kiriman ti dokumén dipénta persetujuan.
    No komisi.
    4) sinyalna sakuliah dunya.
    5) pembiayaan Kredit nepi ka 36 installments bulanan maneuh. Nepi ka 59 poé mayar installment kahiji. Nelepon dina urang ayeuna keur solusi finansial Anjeun.

    Sejenna ngalamar:
    1) Ngaran Full:
    2) Nagara:
    3) Alamat:
    4) nyarita basa Inggris:
    5) Gender:
    6) Status kakawinan:
    7) Gawé:
    8) Number Telephone:
    9) posisi Wayah di karya:
    10) panghasilan Bulanan:
    11) injeuman Jumlah Diperlukeun:
    12) Lilana injeuman:
    13) gajian tujuan:
    14) Agama:
    15) Dupi anjeun dilarapkeun online jeung sungut séjén di jaman baheula:
    16) BBM PIN:
    Urang ayeuna awaits response urgent Anjeun
    Salam hormat.
    Ny Gabriella Eleanor.

    BalasHapus