Kamis, 01 Desember 2011

BOBODORAN

Salila bulan Agustus 2009 Mangle ngamuat dalapan puluh judul Ha-Ha-Ha. Anu langsung kapilih minangka unggulanana nya eta: "Beuki Gelo" (Fitri Wulansari, Mangle nomer 2232), "Ngadurukan" (Aan Sumhana, Mangle nomer 2232), "Saruana" (Wawan Sudarwan, Mangle nomer 2233), "Teu Hayang" (Ena Rs, Mangle nomer 2233), "Buka Pantona" (Wiwin Rahayu, , Mangle nomer 2233), "SMS" (Endang, Mangle nomer 2234), "Si Kabayan" (T.S, Mangle nomer 2234), jeung "Masih Mending" (Izul, Mangle nomer 2235).
Tina dalapan judul nu kapilih minangka unggulan teh kasaring deui, kapilih opat judul nu diunggulkeun pikeun "pipiniliheun", nya eta: "Beuki Gelo", "Saruana", "Teu Hayang", jeung "SMS".

Beuki Gelo

Meunang beja yen cenah Si Emang teh ayeuna mah geus cageur tina ‘panyakit gede-rahulna', Basa ditanya naon palakiahna pangna bisa cageur kitu, jawabna teh, "Teu pira, unggal isuk-isuk, hudang sare, ngabaheum cengek we sapiring mah," cenah. Tapi teu matak ieuh kana kasehatan cenah. "Buktina Emang ayeuna teu kua-kieu. Padahal dina jero saminggu teh Emang geus beak ngabaheum cengek... dua kintal!" Tuh, cageur pan?

Saruana

Saliwat mah antara sakola jeung madrasah teh siga euweuh bedana. Da memang ari nu sejen-sejenna mah sarua wae boh madrasah boh sakola oge kitu-kitu keneh. Padahal masing kumaha bae oge pasti tetep aya bedana. Ceuk Amad jeung Kusmin mah bedana teh nya eta "Ari sakola mah ustadna guru, ari madrasah mah guruna teh ustad." Tuh, bedana pan?

Teu Hayang

Nu kahiji hayangeun usaha, tapi teu bogaeun modal. Nu kadua bogaeun modal, tapi teu hayangeun usaha. Nu katilu mah, teu boga modal, tapi... teu hayangeun usaha! Tuh, kumplit pan?"

SMS

Mun teu inget kana lagu nada SMS nu judulna Ulah Ceurik, geus hayang sahinghingeun ceurik masa SMS nu sakitu ‘garihalna' ditujukeun ka kuring. Geura we, nu ti Wa Ocoh: "Nung, wayahna Ua can bisa mayar hutang dipake mayar semesteran heula ku lanceuk maneh," cenah. Can dijawab geus jol deui SMS ti Ceu Ijah, cenah pageto sabeus gede genep puluh urang jumlahna rek piknik ka Pangandaran, "Ngan rek mampir heula ka imah Enung, siapkeun we senek jeung sangu sarereaaneun, nya?" cenah. Tuh, garihal pan?
***
Ahirna juri mutuskeun yen minangka Ha-Ha-Ha Pinilih Mangle Bulan Agustus 2009 nya eta: "Beuki Gelo" (Fitri Wulansari), "Saruana" (Wawan Sudarwan), jeung "SMS" (Endang), sarta baris mareunang pangdeudeul Rp 125.000.- (saratus dua puluh lima rebu rupia) sewang ti Drs. Dadang Iskandar, M.Pd. Dekan Fakultas Keguruan dan Ilmu Pendidikan UNPAS.
***
Juri Ha-Ha-Ha Pinilih





Ngan Tilu Siki

RW: "Ari nu peuting ngaronda saha?"
Hansip Adun: "Abdi we sareng pun Omen hansipna mah, ditambihan weh ieu ku pun Odoy sareng Aday. Ari kitu aya naon Pa RW?"
RW: "Puguh nini Cinot leungit endog hayam."
Hansip Adun: "Euleuh-euleuh... karunya teuing. Sabaraha siki nu icalna?"
RW: "Sapuluh siki cenah mah."
Odoy: "Gede wadul tah nini-nini teh Pa RW. Sidik ngan aya tilu siki nya  Day?"
RW jeung Hansip: "Hah..."

Fendy Sy. Citrawarga - Bandung

Istri Pa Dodo

Nyi Wiwi: "Dupi ieu leres bumina Pa Dodo, direktur PT Heboh?"
Bu Dodo: "Leres!"
Nyi Wiwi: "Dupi ibu sahana?"
Bu Dodo: "Ibu teh istrina Pa Dodo. Ari nyai saha?"
Nyi Wiwi: "Sami abdi ge istri Pa Dodo."
Bu Dodo: "Hah?"
Nyi Wiwi: "Ulah waka bendu Bu. Sami abdi ge istrina Pa Dodo. Bentenna teh Pa Dodo caroge ibu mah direktur, pun lanceuk mah tukang cukur."

Fendy Sy. Citrawarga - Bandung

BLT 1

Ema: "Uluh-uluh ituh dina tipi!"
Abah: "Naon Ma, mani hariweusweus?"
Ema: "Itu aya nu keur dibagi BLT, katincak tuluy maot!"
Abah: "Matak singgetan BLT teh diganti ayeuna mah!"
Ema: "Jadi naon kitu?"
Abah: "Pan asalna mah Bantuan Langsung Tunai, ari ayeuna mah jadi Bantuan Langsung Tewas!"
Ema: "Si Abah sok gagabah ari nyarita teh! Bongkena teu kabagean, sok sentimen!"

Komalawati
Jl. Pasarlama Kp. Sumurbandung RT 02/09
Cililin - Kab. Bandang Barat

BLT 2

Di pasar Cililin, omset sapoena para padagang ngadak-ngadak ngajaul ka luhur, alatan geus dibagi BLT. Nurutkeun panalungtikan, omset nu baramaen tepi ka duaratus rewu sapoena, bari beresih teu dipotong nanaon. Hebat teu?

Komalawati
Jl. Pasarlama Kp. Sumurbandung RT 02/09
Cililin - Kab. Bandang Barat

Laksana

Nyi Iteung (keur kakandungan): "Akang, ieu geura budak dina jero beuteung mani motah pisan! ti tatadi usikna mani tarik-tarik wae."
Kabayan: "Heueuh, sukur we atuh, Nyi! berarti laksana kahayang Nyai teh."
Nyi Iteung: "Nya kumaha kitu?"
Kabayan: "Enya, apan ti bareto keneh Nyai boga cita-cita lamun boga budak hayang jadi artis penyanyi dangdut anu lincah, kawas Dewi Persik tea, lin?"

Agus B Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16
Ds. Neglasar - Kec.Cisompet
Kab Garut 44174

Hubungan Gelap

Aban: "Ceuk beja cenah barudak anu lahir di lemburna Si Toing mah kabeh oge hasil hubungan gelap! Asa piraku nya?"
Ubun: "Nya heueuh atuh, apan ka lemburna Si Toing mah nepi ka kiwari oge can asup PLN, nu matak ari peuting teh sok maroek! Komo sanggeus euweuh minyak tanah mah!"

Agus B Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16
Ds. Neglasar - Kec.Cisompet
Kab Garut 44174

Ngosom

Si Adut keur dahar, ditanya ku Si Toto: "Keur naon, Dut?"
Tembal Si Adut bari ngosom: "Kor dohor jong jongkol, monoh hoyong jongkol, To?"
Si Toto (kabawakeun): "Sodo to-ong jongkol moh, bo-o. mon dogong moh hoyong!"

Ena Rs.
Sidamulya, Rancah.

Usil

Jajaka: "Neng, eta lancingan kotor..."
Cawene: "Wios..."
Jajaka: "Neng, eta sendalna oge kotor..."
Cawene: "Wios..."
Jajaka: "Neng, eta bujal katingali..."
Cawene buru-buru nutup bujalna. Rumasaeun make baju nu matak katingali bujal. Eraeun ari disebutkeun mah. Komo mun disebutkeun bujalna dosol mah, tada teuing...

Ena Rs.
Sidamulya, Rancah.

Racun

"Mang, meser racun cacing..."
"Racun cacing? nu kumaha, nya? Aya ge racun tikus..."
"Eta, Mang, nu ngabasmi racun dina beuteung kuring..."
"Oh, obat cacing kituh..."

Ena Rs.
Sidamulya, Rancah.

Eureun

Kuring eureun gawe dina beus teh. Najan dibere beus weuteuh oge, embung. Bongan gawe na beus mah "geunah calik, teu geunah balik." Jiga nu heueuh, gawe ukur diuk. Ari balik humarurung. Awak asa pejet, ari buruh teu sabaraha. Dunungan we nu bucitreuk mah.

Ena Rs.
Sidamulya, Rancah.

Disuntik

Babaturan sakantor, Si Endin, gering, ka dokter, disuntik. Atuh di kantor pada ngaheureuyan.
"Eta teh gara-gara can ganti KTP," ceuk Teh Lilis.
"Ku naon kitu?" si Didin can ngartieun.
"Bongan masih keneh KTP nu baheula, masih belum kawin keneh, coba lamun geuwat ganti ku nu anyar, pasti moal disuntik. Bejakeun we... tos tiasa nyuntik ayeuna mah! Tingali KTP abdi, Sudah kawin!"

Andri Priyatna
Jl. Kartini No. 233
Majalengka 45411

Sinetron Jurig

Dina tipi mani mahabu pisan sinetron jurig, aneh kolot budak teh resepeun pisan nongtong nu karitu teh. Akibatna kumaha?
Peuting Jumaah, De Galih anak Mang Diding nu kakara opat  SD hayang ka cai, na atuh, barang muka panto WC aya "penampakan" tea.
"Kela...," De Galih kalahka colohok, kalahka nilikan eta "penampakan", "Ieu teh... Kunti, Wewe Gombel, Tuyul, Kolor Hejo, atawa naon nyah? Mamah... aya jurig!!!" tuluy lumpat ka jero deuih.

Andri Priyatna
Jl. Kartini No. 233
Majalengka 45411

Nu Bageur

Asa aya nu salah bae dina hirup teh, utamana masalah awewe, naha bet hese?
"Geus gawe lain ayeuna mah?" ceuk Si Nanang sobat kuring baheula.
"Enggeus," tembal teh, "Ngan nya kitu, hayang meunang awewe teh asa... hese pisan dewek mah."
"Naha bet hese? Pagawean geus aya, gajih lumayan, tingal geuwat neangan awewe nu bageur..." ceuk Si Nanang deuih.
Tah eta! Di dinya salahna kuring teh, da kuring mah hayang teh awewe nu bageur jeung geulis, terpelajar, sawios beunghar ge! Akibatna jadi hese!

Andri Priyatna
Jl. Kartini No. 233
Majalengka 45411

Alus Keneh Adina

"Kumaha Neng Dida teh, sigana nu ngebet pisan ka maneh mah," cekeng teh.
"Da teu bogoh dewek mah," tembah Si Iman.
"Da enya, alus keneh adina. Adina mah bodas, lucu, awakna ngeusi teu gendut teuing care Neng Dida," cekeng teh deuih. "SMA keneh deuih, kakara kelas dua."
"Sok atuh, kenalkeun ka dewek!" tembal Si Iman haripeut.
"Tapi... da lalaki adina Neng Dida mah, kajeun?"
"Nya ari euweuh- euweuh teuing mah, sigana... lumayan oge," tembal Si Iman bati ngaheruk.

Andri Priyatna
Jl. Kartini No. 233
Majalengka 45411
Akronim di Kampung Kuring

"Akronim teh nyaeta singkatan nu geus mangrupakeun kalimah saperti Departemen Agama jadi Depag, Kantor wilayah jadi Kanwil. Tapi teu disangka-sangka akronim ge aya di kios asin di kampung kuring. Da geuning ari nyebut peda buntung teh jadi datung, sepat leutik jadi patik jeung teri jabrig jadi akronim tibrig!"

E.S
TB Sumber Terang
Kec. Pagelaran, Cianjur 43266

Bubur Beras

Si Ibro haruhah-harehoh balik meuli bubur ayam, dititah ku indungna. Barang ditanya ku indungna, "Ku naon manehna bet balik lengoh?"
Ari jawabanana teh, "Tuda tulisannana diganti jadi bubur beras".

Ayo Yahya Heryanto
Rancah 46387 Ciamis

Jadi Guru

Pasosore Kabayan jeung pamajikanana keur ngobrol nyawalakeun anakna nu karek tamat SMA.
Iteung: "Budak teh urang sina neruskeun kuliah ka kedokteran we, ambeh bisa ngubaran nu gering."
Kabayan: "Teu kudu ka kedokteran sagala, Ki Dukun, Ki Tabib ge teu sakola di kedokteran bisaeun ngubaran nu gering mah."
Iteung: "Ka Ekonomi atuh, supaya bisa jadi pangusaha."
Kabayan: "Lah montong. Um Bob oge jadi pengusaha beunghar lain lulusan ekomoni."
Iteung: "Kumaha mun ka tehnik?"
Kabayan: "Ah, Si Ujang nu boga bengkel dilandeuh ngan saukur tamat SMA, geuning bisaeun ngomean motor jeung mobil ge."
Iteung: "Sigana mending ka pertanian, nya!"
Kabayan: "Iteung... Iteung, ti nini aki nepi ka uing oge bisa nyawah, bisa ngebon apan teu disakolakeun ti pertanian. Budak urang mah sina jadi guru we, ambeh bisa jadi guru dokter, guru pangusaha, guru montir, guru patani, guru ABRI, nu utamana mah jadi guru nu bisa digugu jeung ditiru."

Yati Rohayati
SMA Negri 24 Bandung
Jln. A.H. Nasution No. 27 Kota Bandung, 40619

Pere
Kuring hudang. Jam nunjukeun tabuh tujuh, kabeurangan. Satengah jam deui ka asup sakola. Kuring buru-buru mandi tuluy dangdan gesat-gesut. Dahar mah teu kaburu. Waktu keur nalian sapatu, indung kuring nanya. "Har, pan ieu teh poe Minggu?" kuring kerek inget, reuwas katungtungnakeun.

Hermana
Jl. Nanggela No. 396
Kawali 46253

Cekas

Kaca jandela mani bararesih pisan. Kuring ngagebeg. Aya kukupu asup norobos kaca. Singhoreng kaca teh lain beresih, tapi euweuhan.

Hermana
Jl. Nanggela No. 396
Kawali 46253

Hees

Abah Ontohod: "Naon tujuan nyaneh make hayang milu jadi Caleg teh Bay?"
Kabayan: "Nya uing mah hayang we ngajaran hees dina korsi anggota dewan, da katenjona meni jiga nu nikmat heesna teh jaba dibayar deuih."
Abah Ontohod: "Kasebeleun, dasar pangedulan!"

M. Arsya

Lamun Eleh
Iteung: "Bongan sagala geus beak dipake kampanyeu, pokona mah lamun eleh dina pemilu mah, Iteung rek menta talak."
Kabayan: "He... he... he... tapi lamun meunang Akang rek kawin deui."
Iteung: "Hah...?"

M. Arsya

Kabiasaan

Rengse dicontreng, ku Aki Jati keretas suara teh teras dipeunteun 1, maksudna betul hiji,. Abong pangsiunan guru, rupina hilap, raraosanana nuju meunteun keretas ulangan barudak.

M. Arsya

Kampanyeu

Pamajikan kuring abret-abretan miluan kampanyeu, pas waktuna pamilihan teu meunang panggilan da euweuh dina DPT-na, pamajikan ngajulaeu, kuring puasss...

Dodo Irawan
Kom. Badak Permai
Pandeglang

Salah Sangka

Disangka kuring mah tukang ngarang barakatak dina majalah Mangle biwirna ableh, urat beuheungna ranteng balas seuseurian. Tapi kanyataanana teu kitu. Buktina saderek "Ena Rs", sakitu tegepna, paingan "Neng Ami" bogoheun, he.. he. Kumaha ari Kang Tehas FB sami kitu?

Dodo Irawan
Kom. Badak Permai
Pandeglang

Ari Anjeunna...?

Basa ngadenge Kiai sobatna nu cicing di kota ngawayuh, Mama Kiai ngumpulkeun santri-santri dewasa, kaasup kuring. Sugan teh bade naon. Anjeuna mamatahan: "Kahade sobat Mama teh tong diturutan, nya Dak. Pamajikan mah hiji ge cukup. Awewe mah da kitu keneh- kitu keneh!" sanggemna.
Kabeh santri silih reret. Na ari Mama Kiai teu sadar kitu...? Anjeunna ge garwan tilu... malah palay ngajejegan hiji deui cenah.

Asep Budi Syafi'i - Bandung

Kantos Masantren?

Kantos masantren? Geura etah Mama Kiai, mun tos nerangkeun bab awewe teh sok nepi ka bubuk leutikna, da memang aya dina kitabna. Pasti we, isukna para santri dewasa mah kabeh aradus. Kaimpikeun!

Asep Budi Syafi'i - Bandung

Loba nu Belangna

Baongna kuring keur masantren, mun ngobor belut teh sok sagala diala. Oray ge dihapuk.
Hiji peuting kuring ngobor jeung Si Adut. Meunang satengah ember. Saparapat ember disanggakeun ka Mama Kiai peuting eta keneh.
Isukna, ana haok teh Mama Kiai: "Jurig siah! Na ngirim belut ka dewek teh loba keneh nu belangna batan nu coklatna...? Harom siah!"
Si Sadut tah, jangji borolo... teu dipilih heula!

Asep Budi Syafi'i - Bandung

Sieun Direbut

Kuring mah mun pulang kampung teh kumaha Lurah Santri. Mun manehna balik ka Sumedang, kuring balik ka Bandung. Mun manehna teu balik, kuring ge tara, sanajan kacida pentingna. Pasalna mah gede kasieun. Kabogoh kuring sieun direbut ku manehna. Ceuk beja lurah santri teh ngaheroan kabogoh kuring! meueueunynynyiii...!

Asep Budi Syafi'i - Bandung

Pulsa

Dunungan: "Cik Jang, pangmeulikeun Kartu As! Yeuh duitna!"
Pembantu: "Mangga...!" (bari ngaleos indit)
Teu lila pembantu teh geus balik deui, bari mawa "kartu remi" sagepok. Pok nyarita ka dununganana:
Pembantu: "Numawi Bapa, teu tiasa cenah meser kartu As-na wungkul mah! Kedah dipeser sadayana cenah!" (bari mikeun kartu remi ka dununganana).
Dunungan: "Naaa Sujang, aya ku belegug! Kami mah nitah meuli pulsa kartu As, lain nitah meuli kartu remi!"
Pembantu: "Oooh..."

Agus B. Irawan
Desa Neglasari
Kec. Cisomper - Kab. Garut

Panas

Ujay: "Aneh Hp teh! Ongkoh geus dieusian pulsa, tapi henteu daekeun asup wae!"
Ajo: "Ari eta, naon kitu pulsa-na?"
Ujay: "Mentari!"
Ajo: "Oh, pantesan atuh! Panaseun meureun?" (bari ngaleos).

Agus B. Irawan
Desa Neglasari
Kec. Cisomper - Kab. Garut

Ngalahirkeun

Dani: "Kasebeleun bidan teh, pamajikan urang rek ngalahirkeun teu ditarima, kalah sina balik deui!"
Rian: "Naha?"
Dani: "Enya, cenah da hamilna ge karek lima bulan!"





Dulurna

Incu: "Ki, ari puting beliung teh dulurna puting susu sanes?"
Aki: "Ngahuleng!"

Ati Wulandari
Jl. Moh. Ali No.85
Kec. Ciranjang - Cianjur 43282

Si Horeng Teh

"Si horeng teh lain ngan saukur aya kawin massal jeung korupsi massal wungkul tapi aya geuning kasurupan massal nu anyar keneh di Jember, Jawa Timur!"

Ati Wulandari
Jl. Moh. Ali No.85
Kec. Ciranjang - Cianjur 43282

Sarua Bolonna

Budak 1: "Kuring mah teu ngarti ku indung kuring, unggal kuring menta dahar jeung sambel sok dicarekan wae"
Budak 2: "Meureun we da lada atuh sambel mah... hayoh deuih nyeri beuteung!"
Budak 1: "Ah da tara lada-lada teuing sambelna oge!"
Budak 2: "Naha atuh?"
Budak 1: "Ngan kitu... mun dahar jeung sambel teh kuring mah kudu aya wae lalabna, dagingna, atina, jeung endogna!"
Budak 2: "Bener aneh nya indung maneh mah?"

Hikmat

Wartawan

Pipik: "Geus gawe naon maneh ayeuna, asa jarang panggih?"
Aso: "Jadi wartawan euy... sibuk!"
Pipik: "Ah... euweuh duitan wartawan mah!"
Aso: "Kajeun ah... jeung deui wartawan mah tugasna neangan berita lain neangan duit!"
Pipik: "Ih, ari maneh teu bisa diajak heureuy!"

Hikmat

Bejana

"Bejana majalah tempo disiomay ku Aburijal Bakri?"
"Lain disiomay atuh. Disomasi kitu!"

Ena Rs
Sidamulya, Bj. Gedang, Rch.

Gagah

Horeng Si Mandra teh najan artis manehna mah gagah. Eta we sok aya paribahasa sakti mandraguna.

E Ena Rs
Sidamulya, Bj. Gedang, Rch.

Teu Kabikeun

Mang Turdi baheula mah sok maen kuda lumping. Tapi geus lila eureun. Pangna eureun cenah lantaran kuda lumpingna teu beukieun deui beling, hayang wae huut. Ari huut pan kudu meuli. Kalah matak bondos. Diantep. Paeh we si kuda lumping teh.

Ena Rs
Sidamulya, Bj. Gedang, Rch.

Salah Sangka

Kuted: "Heran kuring mah euy, unggal nu ngaliwat ka handapeun tangkal kadu kuring, sok ngarandeg heula. Tuluy tanggah... kabitaeun meureun nya?"
Cumlun: "Lain kabitaeun tanggah teh, ulah waka salah sangka!"
Kuted: "Lamun lain kabitaeun naon atuh?"
Cumlun: "Sieuneun kaduna ninggang kana hulu... deuleu, sok ajaran ku maneh!"
Kuted: "Oooh... kitu, sugan teh!"

Hikmat

Pegat

Izal: "Pegat... pegat...!"
Noer bari lumpat: "Aya naon? Aya bangsat? Lumpat ka mana bangsatna?"
Izal: "Sanes bangsat, ieu bohlam pegat!"
Noer: "Ari maneh, ngareureuwas wae kolot keur sare teh, bohlam pegat wae kudu gogorowokan sagala?"
Izal: "Sieun... atuda poek!"

Hikmat

Pangalaman Menarik

Incu: "Naon tah Ki, pangalaman menarik aki keur ngora baheula?"
Aki: "Nu puguh mah harita teh aya mobil tiguling ka jurang  tuluy ku aki rame-rame jeung babaturan ditarik nepika mobil bisa ka angkat deui ka tonggoh. Eta we meureun pangalaman menarik aki mah jang!"

Ence Sumirat
Perum Kota Baru
Blok C3 - 32 Kec. Cisaku
Cianjur 43285

Pajabat Teras

"Basa aya pajabat teras ti Legok Nyentil ngalongok ka Mang Doing, salah saurang tokoh oposisi ti Barisan Leklok alias Balok tangtuna oge Mang Doing ngaku pisan ka semah bari pokna teh, mangga lebet ka bumi". Ngadenge kitu pajabat teras teh kompak ngajawab, mangga. Teu kedah ka lebet pajabat teras mah ceukap we calikna oge dina teras!"

Ence Sumirat
Perum Kota Baru
Blok C3 - 32 Kec. Cisaku
Cianjur 43285

Balik Deui

Obed: "Jelema jaman ayeuna, hususna dikalangan para artis awewe, tetela geuning loba anu baralik deui ka jaman maranehna keur orok!"
Unen: "Na kumaha kitu?"
Obed: "Heueuh, bareto mangsa maranehna keur orok henteu areraeun bubulucunan atawa ditaranjang ukur mamake cawet jeung kaos sangsang. Ayeuna sanggeus maranehna dewasa, bubulucunan deui wae nembong-nembongkeun..."
Unen: "His ari taun teh! Pan ilaing ge resep ka nu kitu teh, lin?"

Agus B. Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16 Desa Neglasari
Cisompet - Garut 44174

Gajih Buta



Asal Ulah Maca Mangle
Bu Tikeu tos ngalahirkeun dioprasi caesar, sabot ngantos damang anjeunna karesel ngagoler wae.
"Dok, kenging bari maca?"
"Mangga wae, asal ulah maca Mangle."
"Naha Dok?"
"Bilih kabaca barakatakna bahaya, engke kaputan tilas oprasi na patuangan tiasa udar deui"
Bu Tikeu ngadon tipepereket nahan piseurieun.

M. Arsya

Kantong Canggih
Para pakar disainer kantong di nagara Manaboa ngayakeun gempungan pikeun nyiptakeun hiji produk kantong nu canggih tur serbaguna di antarana: nu bisa dipake balanja, anti air, bisa dipake tiung lamun hujan, tilam diuk lamun darurat, fleksibel teu gagarubang, bisa ditilep disakuan, teu ngerakeun lamun dibawa apel ka kabogoh, teu matak kabita rampog atawa jambret, bisa didaur ulang, trendi tur murah pisan hargana.
Sanggeus adu reyom, debat meunang tujuh poe tujuh peuting ahirna juri mupakat wae hasilna eta kantong teh dingaranan: KANTONG KERESEK HIDEUNG.

M. Arsya

Stress
Di rohangan tunggu rumah sakit.
Pasen 1: "Kasawat naon Pa?".
Pasen 2: "Asam urat, rumaos seueur teuing wisata kuliner"
Pasen 1: "Ari bapa kasawat naon?"
Pasen 3: "Kolestrol, rumaos abi oge ari dahar teh kudu wae jeung gule, sate, jeung sop buntut."
Pasen 1 nanya ka Bapa Ontohod: "Ari Abah kasawat naon?"
Bah Ontohod: "Stress Ujang."
Pasen 1: "Ngemutan naon atuh Bah dugi ka stress kitu?"
Bah Ontohod: "Rumaos teu kacumponan hayang barang dahar ngeunah."

M. Arsya

Nyieun Kalimah
Bu Guru: "Syarif jieun kalimah make kecap edan."
Syarif: "Aden adina Idan tatangga Udin rada edan, da dismekdon ku Si Adun."
Bu Guru: "Ayeuna maneh Aden make kecap syaraf."
Aden: "Syarif ahli sorof, suruf rada syaraf da disirep ku tukang sirop."
Bu Guru: "Aralus."

Nurul Hidayah
Madrasah Aliyah Yaspin
Jl. Pesantren No. 26
Cibolong Kidul Cisaat
Sukabumi - Jawa Barat
43152

Motto Mangle
"Kumaha mun motto Mangle teh kieu wae atuh, MENDING NGAGAKGAK BATAN NGAGUKGUK!"

Ati Wulandari
Jl. Moh. Ali No.85
Kec. Ciranjang - Cianjur 43282

Beuki Murah
"Kalender teh beuki dieu beuki murah!"
"Na kumaha kitu?"
"Nya pan baheula mah kalender teh dua rebu tujuh, terus dua rebu... dalapan ayeuna mah geus dua rebu salapan!"

Ati Wulandari
Jl. Moh. Ali No.85
Kec. Ciranjang - Cianjur 43282

Iding: "Naon sababna motor teu meunang asup ka jalan tol?"
Odong: "Sabab meunang asup ka jalan tol mah kandaraan nu gilindingna opat atawa leuwih cara mobil."
Iding: "Salah."
Odong: "Sabab kitu aturanana meureun?"
Iding: "Salah."
Odong: "Ari ceuk ilaing naon alesanana?"
Iding: "Sabab ditumpakan ku jelema. Da mun teu ditumpakan mah teu nanaon. Tenjo we ku ilaing ningan sok aya treuk mawa motor asup ka jalan tol, ku pulisi ge teu dikitu kieu."
Odong: "Heueuh, nya!"

Fendy Sy. Citrawarga - Bandung

Jiga
Uus: "Pa, ari kingkong teh jiga naon?"
Bapa: "Anu jiga Oa ngan gede!"
Uus: "Ari Oa jiga naon?"
Bapa: "Anu jiga monyet!"
Uus: "Anu jiga monyet naon?"
Bapa (kesel): "Jiga indung maneh...!"
Uus: "Maaah... Ieu geura yeuh ceuk Si Bapa, Mamah jiga monyet!"
Bapa: "Na ari siiiaaa... ka kolot teh!"

Hikmat

Akibat Bingung
Aya pamuda tukang mabok keur dipapatahan ku ustad.
Ustad: "Yeuh, ulah mabok wae atuh, haram deuleu. Maneh nyaho teu mun akibatna loba nginum?"
Pamuda: "Terang...!"
Ustad: "Naon akibatna teh?"
Pamuda (teu kireum-kireum): "Beser...!
Ustad (ngaleos): "Abong nu keur mabok."

Hikmat

Beusi
Aso: "Abdi teh atlet lari Bah... hoyong tiasa lumpat tarik sareng bedas kumaha tah cara sareng saratna?"
Bah Omeng: "Euh... jadi maneh teh hayang bisa lumpat tarik jeung bedas?"
Aso: "Sumuhun Bah, kumaha tah?"
Bah Omeng: "Gampil eta mah Cu... saratna mah ngagegel beusi geura!"
Aso: "Ngagegel beusi?"
Bah Omeng: "Enya... sok geura tingali kuda oge ngagegel beusi, lumpatna tarik jeung bedas!"
Aso (na hate): "Kasebeleun siah hanas jauh-jauh aing ka dieu!"

Hikmat

Saliwang
Aki jeung nini keur ngobrolkeun incu na anu turunan indo.
Aki: "Nini, incu teh mani kasepnya abong turunan... ngan hanjakal bet digundul. Saha ngarana teh Aki mah poho deui?"
Nini: "Oooh... eta Si Luis."
Aki: "Luis... luis nanahaon geus puguh gundul euweuh buukan!"
Nini: "Euh dasar nu saliwang..."

Hikmat

Ngetik
Budi: "Silaing mah Gus, mani "jadul" pisan! nyieun karangan diketikna ku mesin tik biasa! ku komputer atuh, da ayeuna mah geus canggih. Sagala ge ku komputer!"
Agus: "Enya make komputer! Dicolokeun kana irung silaing! Da puguh ka lembur urang mah can aya listrik...!" (bari terus ngetik dicaangan ku lampu cempor!).

Agus B. Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16 Desa Neglasari
Cisompet - Garut 44174

Cita-cita
Guru: "Sakur jelema pasti boga cita-cita. Cing Jan, ari cita-cita hayang jadi naon?"
Ijan: "Hoyong janten dokter, supados tiasa tutulung ngalandongan nu teu damang."
Guru: "Alus tah! ari Abud, hayang jadi naon?"
Abud: "Abdi mah hoyong janten tentara! Supados tiasa bela nagara!"
Guru: "Hade oge! Cing ari Itok, hayang jadi naon tah cita-cita teh?"
Itok: "Eueuh, abdi mah hoyong janten pangarang! Supados... pinter ngabohong!"
Guru: "Heueuh da eta pagawean maneh, purah ngabohong."

SMP Haratis
Kardun: "Cenah sakola SMP Negri teh haratis, tapi budak kuring mah teu bisa asup."
Kirdun: "Naha bisa kitu?"
Kardun: "Ceuk kepala sakolana mah pedah SD-na teu lulus."
Kirdun: "Nya heueuh atuh, jadol teh hanas didengekeun."

Zeni - Dago

Pisah Ranjang
Budi: "Bejana pisan ranjang jeung pamajikan?"
Arip: "Heueuh euy..."
Budi: "Aya masalah naon kitu, pan anyar kawin lin?"
Arip: "Eta boga risbang dua. Naasna teh duanana reyod, teu bisa disarean ku duaan. Sono-sono ge kapaksa kudu misah ari rek reup sare mah.
Budi: "Oh... sugan teh."

Zeni - Dago

Siga Munding
"Bener euy hirup mah kudu siga munding!"
"Nya kunaon kitu make jeung kudu nyonto ka sato sagala?"
"Geus kabuktian loba jelema anu tuturut munding."

Moh. Iqbal - Cimahi

Muringkak Bulu Punduk
Bubun: "Sangkan teu boga panyakit ngompod kumaha nya?"
Dani: "Gampang atuh hayang teu sieunan ku jurig mah."
Bubun: "Gampang kumaha?"
Dani: "Tingal ka warung meuli silet."
Bubun: "Terus?"
Dani: "Geus aya silet kerokkeun kana bulu punduk, beres."
Bubun: "Heueuh nya..."

Moh. Iqbal - Cimahi Kabayan: "Pantesna Si Kardun tereh pisan beungharna, da cenah sok ngahakanan gajih buta!"
Iteung: "Iyyy...! Lain, dikumaha ngalana nya, pan buta teh bangsa jurig alias dedemit, lin?"

Agus B. Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16 Desa Neglasari
Cisompet - Garut 44174

Rumah Makan "Wilujeng Sumping"

Sanggeus datang deui di Papua, sobat kuring urang Papua asli nyaritakeun pangalamannana ka kuring sakulawarga salila utrak-atrek di Bandung.
Sobat: "Bapa, salami kuring tingali di Bandung meh unggal poe dahar di rumah makan wilujeng sumping. Geuning urang bareto kungsi dahar di dinya!"
Kuring (bari seuri): "Yeuh Pa, itu mah rumah makan Sindang Reret... lain wilujeng sumping."
Sobat: "Ari eta unggal urang asup ka dinya, geuning aya tulisan wilujeng sumping; naon hartina?"
Kuring: "Pa, ari wilujeng sumping teh hartina selamat datang keur ngawilujengkeun atawa ngabageakeun ka nu ngadon daratang ka dinya."
Sobat: (bari mabuk sirahna) "Oh... ada harus... sa pikir juga... ko banyak sekali rumah makan wilujeng sumping?" (Oh... paingan... ceuk pikir teh, geuning rumah makan wilujeng sumping teh mani di unggal tempat aya...!)

Endang M. Suhandanie - Jayapura

Abong Budak

Ibu 1: "Budak kuring mah teu beukieun dahar jeung bihun."
Ibu 2: "Naha?"
Ibu 1: "Eta majarkeun teh buuk ninina diasakan."
Ibu 2: "Abong budak nya..."

Lala Latifah - Tasikmalaya

Sakola Pertanian

Pa Dudung: "Abong sakola pertanian nya, nanaon teh pasti wae hubunganana teh jeung tatanen."
Pa Dani: "Nya naon kitu?"
Pa Dudung: "Itu budak nu keur sakola di jurusan pertanian meunang beasiswa ti kampusna..."
Pa Dani: "Alus atuh meunang beasiswa mah, batur mah pahayang-hayang."
Pa Dudung: "Nyaeta oge katarimana mah, ngan ari sangkaan teh bakal duit atawa bebas biaya kuliah."
Pa Dani: "Ari kitu naon?"
Pa Dudung: "Budak kuring mah meunang Beas wae dua karung."
Pa Dani: "Nya meureun da milihna jurusan pertanian, coba mun jurusan nu lain mah."

Lala Latifah - Tasikmalaya

dicutat tina mangle edisi 2220-2227

PARIBASA BASA SUNDA

Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.
Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda, ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng mamrih kahormatan atawa kauntungan.
Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna.
Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.
Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
napsu kapegung.
Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida nyaahna.
Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu pohara hade galena.
Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.
Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa kajadian.
Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
Aya hate kadua leutik naksir.
Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.
Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
Baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun.
Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku rido jeung beresih hate.
Banda tatalang raga lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
Belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka papada kawula.
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
Beurat birit hese jeung sungkan dititah.
Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.
Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.
Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
Bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu gede.
Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
Buluan belut, jangjangan oray pamohalan kajadian.
Bungbulang tunda / tunda talatah lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.
Buntut kasiran koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang ginding, loba pakean anu aralus dipake.
Buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
Caang bulan dadamaran migawe nu kurang mangpaat.
Cacag nangkaeun Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.
Cangkir emas eusi delan omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
Cara bueuk meunang mabuk ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
Cara gaang katincak anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
Cara jogjog mondok carekcok bae, mani gandeng nacer.
Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
Cecendet mande kiara Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
Ceuli lentaheun Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
Cicing dina sihung maung Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).
Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
Clik putih clak herang Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.
Daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
Dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
Dah bawang dah kapas tah barangna tah duitna.
Daluang katinggang mangsi Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
Deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
Dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
Dipiamis buah gintung disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.
Disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
Dogdog pangrewong bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
Dosa salaput hulu kacida loba dosana.
Dulang tinande awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.
Duum tinggi ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.
Elmu ajug pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
Elmu sapi samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
Elmu tumbila nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
Elok bangkong nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
Endog tara megar kabeh najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
Galehgeh gado darehdeh tapi henteu terus kana hate.
Gancang pincang kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
Gantung denge hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
Gede gunung pananggeuhan Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
Gede gunung pananggeuhan Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
Getas harupateun, pingges harepan Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
Gindi pikir belang bayah Goreng hate, dolim, julig , dengki.
Ginding kakampis Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
Giri lungsi tanpa hina Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
Goong saba karia Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
Gurat batu Pageuh kana jangji.
Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
ade gogog hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
Hade ku omong goreng ku omong Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
Hampang birit gampang jeung daekan dititah.
Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
Hapa hapa ge ranggeuyan Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
Harewos bojong Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
Harus omong batan goong Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
Hayang untung jadi buntung teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
Hejo tihang Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
Herang caina beunang laukna Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
Herang caina beunang laukna Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
Heurin ku letah Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan.
Hirup ku panyukup gede ku pamere Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
Hulu dugul dihihidan Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
Hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
Hurung nangtung siang leumpang Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).
Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara paurna.
Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina bina.
Ipis kulit beungeut Gede kaera.
Iwak nangtang sujen Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
Jabung tumalapung sabda tumapalang milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
Jadi maung malang jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
Jadi sabiwir hiji jadi carita jalma loba.
Jadi senen kalemekan mindeng dicaritakeun batur.
Jaman cacing dua saduit jaman baheula pisan.
Jati kasilih ku junti pribumi kaeehkeun ku urang asing.
Jauh jauh panjang gagang hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
Jauh ka bedug anggang ka dayeuh dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
Jauh ka bedug dusun,bodo, euweuh kanyaho.
Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
Jegjeg ceker cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
Jejer pasar lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
Jeung leweh mah mending waleh leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
Jogjog neureuy buah loa mikarep ka anu lain babad.
Jogjog neureuy buah loa Milampah anu moal pihasileun.
Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara Kawentar pisan, kawentar kamana mana.
Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
Kandel kulit beungeut euweuh caerá.
Katempuhan buntut maung Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
Katumbukan catur kadatangan carita Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.
Kawas anjing kadempet lincar Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.
Kawas cucurut kaibunan Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
Kawas hayam keur endogan cilingcingcat bae, teu bisa cicing.
Kawas hayam panyambungan Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
Kawas kacang ninggang kajang Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
Kawas kuda leupas ti gedogan Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
Kawas lauk asup kana bubu Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
Kawas lauk asup kana bubu gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
Kawas nu mulangkeun panyiraman Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.
Kawas siraru jadi Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
Kawas wayang pangsisina Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
Kejo asak angeun datang Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
Keur meujeuhna bilatung dulang Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
Keur nuju bentang surem keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.
Kiceupna sabedug sakali Pohara lungguhna.
Kiruh ti girang kiruh ka hilir Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.
Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam Kacida miskina.
Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
Kudu bisa ngeureut neundeun Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
Kudu boga pikir kadua leutik Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
Kujang dua pangadekna Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
Kulak canggeum bagja awak Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
Kumaha bule hideungna bae Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.
Kumaha kejebur caina geletuk batuna kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
Kunang kunang nerus bumi Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
Kuru cileuh kentel peujit Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
Kurung batok teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae.
Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
Landung kandungan laer aisan Gede timbanganana, gede pangampurana.
Langsung saur bahe carek Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
Legok tapak genteng kadek Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
Leubeut buah hejo daun Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
Leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
Leunggeuh cau beuleum Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
Leutik burih euweuh kawani.
Leutik cahak, gede cohok Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
Leutik leutik ngagalatik Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
Leutik ringkang gede bugang Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
Lieuk euweuh ragap taya Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
Loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
Lodong kosong ngelentrung Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
Luhur kuta gede dunya Gagah tur beunghar taya kakurang.
Luncat mulang Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
Lungguh tutut Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
Maliding sanak Henteu adil, pilih kasih.
Mangpengkeun kuya ka leuwi Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
Mapay ka puhu leungeun Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
Maut nyere ka congona Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
Melengkung bekas inhalan Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
Mere langgir kalieun Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
Meungpeun carang ku ayakan Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
Meungpeung teugeu harianeun Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
Miceun batok meunang coet Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
Mindingan beungeut ku saweuy ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
Mipit teu amit ngala teu menta Maling boga batur.
Miyuni hayam kabiri Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
Moal ceurik menta eusi Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
Moal neangan jurig teu kadeuleu arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
Mobok manggih gorowong Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.
Mobok manggih gorowong meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
Monyet kapalingan jagong Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
Mopo memeh nanggung Hoream, teu sanggup samemeh prak.
Mun teu ngakal moal ngakeul mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/panyabaan.
Mupugkeun tai kanjut Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan).
Ngadu angklung di pasar papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.
Ngadu ngadu rajawisuna mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong.
Naheun bubu pahareup hareup dina pangabutuh silih injeuman duit.
Nangkeup mawa eunyeuh mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
Nangtung kariung ngadeg karageman Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
Nepakeun jurig pateuh Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
Nete porot ngeumbing lesot Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
Nete semplek nincak semplak Kieu salah kitu salah.
Nete semplek nincak semplak Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
Nete taraje, nincak hambalan Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
Neukteuk curuk dina pingping Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
Neundeun piheuleut nunda picela Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
Ngabudi ucing teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
Ngadagoan kuah beukah Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu).
Ngadagoan uncal mabal Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
Ngadaweung ngabangbang areuy pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
Ngadek sacekna, nilas saplasna Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
Ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
Ngagandong kejo susah nyatu loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
Ngagedag bari mulungan Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
Ngaliarkeun taleus ateul ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
Ngaliarkeun taleus ateul Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
Ngarep ngarep bentang ragrag Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
Ngarep ngarep kalangkang heulang Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
Ngeupeul ngahuapan maneh Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
Nginjing sila, bengkok sembah goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.
Ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah taya guna sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
Ngodok liang jero Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
Ngukur ka kujur nimbang ka awak Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
Ngusap birit bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
Nimu luang tinu burang Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
Nincak parahu dua Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
Ninggang kana kekecrekna Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
Noong ka kolong Leutik hate, leutik pangharepan.
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
Nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
Nuju hirup ninggang wirahma Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
Nulungan anjing kadempet nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
Nya di hurang nya dikeuyeup Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
Nya ngagogog nya mantog Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
Nya picung nya hulu maung Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
Nyair hurang meunang kancra Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
Nyaliksik ka buuk leutik Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
Nyalindung ka gelung Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
Nyanghulu ka jarian Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
Nyeri beuheung sosonggeteun Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
Nyeungeut damar di suhunan mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
Nyeungseurikeun upih ragrag Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
Nyiar batuk piaraheun Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
Nyieun heuleur jeroeun huma Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.
Nyieun pucuk ti girang pangheulana neangan piaseaeun.
Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
Nyiuk cai ku ayakan Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
Nyium bari ngegel Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
Nyokot lesot ngeumbing porot Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
Nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
Nyuhun nanggung ngelek ngegel Rebo pisan, babawaanana loba naker.
Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
Omong harus batan goong Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
Owah gingsir Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
Paanteur-anteur julang silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
Pacikrak ngalawan merak Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
Pada rubak sisi samping Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
Pagirang girang tampian Paunggul unggul dina neangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).
Paheuyeuk heuyeuk leungeun Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
Pait daging pahang tulang Arang gering.
Pait daging pahang tulang cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
Pakotrek iteuk Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
Paluhur luhur diuk pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
Panday tara bogaeun bedog Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
Papadon los ka kolong Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
Peureum kadeuleu beunta karasa Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
Pindah cai pindah tampian Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
Pinter aling laing bodo Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
Piruruhan katengahimahkeun Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
Pupulur memeh mantun Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
Puraga tamba kadengda Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
Raweuy beuweungeun rambay alaeun Loba dahareun da loba pepelakan.
Rumbak caringin di buruan dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
Rumbak kuntieun Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
Rusuh luput gancang pincang Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
Sabobot sapihanean Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
Sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
Sagalak galakna macan taru nyatu anakna sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
Sagolek pangkek sacangreud pageuh Hanteu cidra kana jangji.
Saherang herangna cai beas Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
Sakecap kadua gobang Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
Sakiriciking duit sakocopoking bogo Naon bae anu matak narik kana hate urang.
Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
Sangsara di geusan betah Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
Sapu nyere pegat simpay Paturay papisahan.
Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
Satengah buah leunca Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
Saumur nyunyuhun hulu Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
Saungkab peundeuy Omongan anu pondok tur kurang manis.
Sengserang padung Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
Sentak badakeun teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
Sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
Sereg dibuana logor diliang jarum Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
Seukeut ambeu seukeut deuleu loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
Seukeut tambang manan gobang Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
Seuneu hurung cai caah Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
Seuneu hurung dipancaran Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
Seuseut batan neureuy keueus Hese pisan.
Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
Sirung ngaliwatan tunggul Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
Sosoroh ngadon kojor Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri sorangan.
Tamplok batokeun Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
Taya halodo panyadapan taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae digelendeng atawa dicarekan).
Teng anak teng, anak merak kukuncungan sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
Teu aya sarebuk samerang nyamu Teu aya saeutik eutik acan.
Teu beunang dikoet kunu keked Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
Teu boga pikir rangkepan Teu boga curiga saeutik eutik acan.
Teu busik bulu salambar teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.
Teu cari ka Batawi tapi ka salaki hakan pake hayang ti salaki.
Teu diambeuan teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
Teu didingding kelir teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
Teu dipiceun sasieur Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
Teu ditari teu ditakon Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
Teu gugur teu angina Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
Teu mais teu meuleum teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.
Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
Teu nyaho di alip bingkeng bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
Teu puguh alang ujurna teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.
Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
Tiis ceuli herang mata ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
Tikoro andon peso ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
Tinggar kalongeun Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
Tipu keling ragaji Inggris pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
Titip diri sangsang badan Mihapekeun maneh.
Titirah ngadon kanceuh sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
Tugur tundang cuntang gantang Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
Tunggul dirarud catang dirumpak Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
Tunggul sirungan, catang supaan Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
Ulah beunghar memeh boga ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
Ulah cara ka malati kudu cara ka picung Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
Ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
Ulah muragkeun duwegan ti luhur masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
Ulah pangkat memeh jeneng Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
Ulah tiis tiis jahe kudu iatna, kudu cingceung.
Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
Uncal tara ridu ku tanduk Duduluran karumpul kabeh.
Uyah tara tees kaluhur Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.
Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang wiwirang nau pohara gedena.

Rarangkén Tukang

Rarangkén Tukang
Rarangkén tukang nyaéta rarangkén anu ngantét tukangeun wangun dasarna. Rarangkén tukang dina basa Sunda di antarana: -an, -eun, -ing/ning, -keun, jeung –na.


1. Rarangkén Tukang -an
Guna jeung harti rarangkén tukang –an di antarana:


a. ”Kamari kuring ngaliwat ka sakolaan Téh Azka.”Rarangkén –an dina kecap sakolaan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’tempat...’
Conto séjéna: kuburan

b. ”Tah ieu puisi téh karangan Jang Adud.”Rarangkén –an dina kecap karangan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’hasil...’
Conto séjéna: tulisan, catetan, jeung paisan

c. ”Dagangan kuring mah geus payu kabeh.”Rarangkén –an dina kecap dagangan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu di ... -keun’
Conto séjéna: omongan, caritaan

d. ”Jang, nginjeum kiloan sakeudeung ka Mang Qomar!”Rarangkén –an dina kecap kiloan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’parabot/nu dipake...’
Conto séjéna: méteran, takeran, jeung timbangan

e. ”Ambéh téréh mah urang ngaloték atahan baé.”Rarangkén –an dina kecap atahan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’boga sipat...’
Conto séjéna: asakan

f. ”Agama Islam téh mangrupa ageman umumna urang Sunda.”Rarangkén –an dina kecap ageman gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu di...’
Conto séjéna: ajian, ceungceuman

g. ”Pung biang nganggo sinjang garutan.”Rarangkén –an dina kecap garutan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’hasil/asal ti...’
Conto séjéna: tasikan, cirebonan

h. ”Ilo ku hidep bacaan ti handap.”Rarangkén –an dina kecap bacaan gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu bisa di...’

i. ”Cokotan deui urutna bisi laleungitan.”Rarangkén –an dina kecap cokotan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya di...’
Conto séjéna: bawaan, alaan, jeung pulungan
j. ”Lamun aya nu cilaka téh buru-buru tulungan.”Rarangkén –an dina kecap tulungan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya dibéré...’
Conto séjéna: bantuan, wakilan, jeung talangan

k. ”Kang Robi keur latihan ménbal di Situbatu.”Rarangkén –an dina kecap latihan gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) anu hartina ’ngalakukeun...’

l. ”Lamun aya anjing mah urang paéhan wé ku saréréa.”Rarangkén –an dina kecap paéhan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’supaya dijadikeun...’
Conto séjéna: gedéan, leutikan, alusan, jeung konéngan


m. ”Kang Jaja mah jalma daékan.”Rarangkén –an dina kecap daékan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’boga sipat/bakat...’
Conto séjéna: wanian, babarian, éraan, jeung kampungan

n. ”Néng Rina téh katémbongna beuki cahayaan baé.”Rarangkén –an dina kecap cahayaan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’boga..’
Conto séjéna: komaraan, bapaan, jeung anakan

o. ”Kendangan atuh ambéh ngeunaheun.”Rarangkén –an dina kecap kendangan gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya maké...’
Conto séjéna: laguan, caian, bajuan, jeung tiungan

p. ”Mang Idris mah babari késangan.”Rarangkén –an dina kecap késangan gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’kaluar/bijil...’
Conto séjéna: cimataan, léhoan, jeung getihan

q. ”Pa Hamid mah beunghar, mundingna oge puluhan.”Rarangkén –an dina kecap puluhan gunana ngawangun kecap bilangan anu hartina ’gundukan/sababaraha...’
Conto séjéna: ratusan, rébuan, jeung lima ratusan

r. ”Anu datang téh ngan tiluan.”Rarangkén –an dina kecap tiluan gunana ngawangun kecap bilangan anu hartina ’kumpulan/ ... urang’
Conto séjéna: limaan, sapuluhan, jeung sabelasan

  2. Rarangkén Tukang -eun

Guna jeung harti rarangkén tukang –eun di antarana:
1. ”Di imah Mang Hamid mah loba dahareun.”
Rarangkén –eun dina kecap dahareun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu rék/anu bisa di...’
Conto séjéna: beulieun, bawaeun, alaeun, jeung jualeun
2. ”Kuring dititah meuli sambeleun ku ema.”
Rarangkén –eun dina kecap sambeleun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’bahan/anu bisa dijieun...’
Conto séjéna: rujakeun, sayureun, jeung seupaheun
3. ”Menéna diuk gigireun kuring.”
Rarangkén –eun dina kecap gigireun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’tempat/arah di...’
Conto séjéna: handapeun, luhureun, tukangeun, jeung kéncaeun
4. ”Ulah loba teuing dahar jéngkol, bisi jéngkoleun.”
Rarangkén –eun dina kecap jéngkoleun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’kasakit’
Conto séjéna: cacingeun, hileudeun
5. ”Ari jadi kiper téh ulah jantungeun atuh.”
Rarangkén –eun dina kecap jantungeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’boga sipat/bakat...’
Conto séjéna: kuuleun, cacingeun, jeung peujit koréseun

6. ”Buru-buru atuh mandi téh bisi tinggaleun ku batur.”
Rarangkén –eun dina kecap tinggaleun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’dina kaayaan...’
Conto séjéna: leungiteun, barieukeun

7. ”Manéhna téh éraeun nu matak teu kadieu ogé.”
Rarangkén –eun dina kecap éraeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’jalma katilu dina kaayaan...’
Conto séjéna: daekeun, hayangeun, embungeun, jeung ngéwaeun

8. ”Kuring enggeus, ayeuna kari manéheun kaul.”
Rarangkén –eun dina kecap manéheun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’bagian...’
Conto séjéna: kuringeun, batureun

3.Rarangkén Tukang -keun
Guna jeung harti rarangkén tukang –keun di antarana:

1. ”Alungkeun ka leuwi kuya téh.”
Rarangkén –keun dina kecap alungkeun gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya dilakukeun.’
Conto séjéna: kawihkeun, tinggalkeun, jeung balangkeun

2. ”Tuliskeun upama aya nu penting téh, ambéh teu poho.”
Rarangkén –keun dina kecap tuliskeun gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya di....’
Conto séjéna: catetkeun, gambarkeun

3. ”Lamun hésé dibukana mah, ruksakkeun wé koncina.”
Rarangkén –keun dina kecap ruksakkeun gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya dijieun jadi.’
Conto séjéna: leutikkeun, ancurkeun, jeung lemeskeun

4. ”Ambéh singset, sarungna beubeurkeun.”
Rarangkén –keun dina kecap beubeurkeun gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) anu hartina ’nitah supaya dipaké...’
Conto séjéna: kongkorongkeun, tiungkeun, jeung sarungkeun


4. Rarangkén Tukang -na
Rarangkén tukang –na mibanda alomorf -ana jeung –nana.

- Rarangkén –na robah jadi –ana upama ngantét kana:

1. Wangun dasar anu geus dirarangkénan ku –eun.
Contona: bawaeun + -na ------> bawaeunana
                dahareun + -na ------> dahareunana

2. Wangun dasar anu geus dirarangkénan ku –an.
Contona: tiluan + -na ------> tiluanana
                 kabéhan + -na  ------> kabéhanana

3. Wangun dasar nu geus dirarangkénan ku –keun.
Contona: nyatetkeun + -na ------> nyatetkeunana
                mawakeun + -na ------> mawakeunana

- Rarangkén –na jadi –nana uapama ngantét di antara:
dua jeung éta:

dua + -na ------> duanana
éta + -na ------> étanana

Guna jeung harti rarangkén –na, di antarana:
1. ”Bajuna geus kotor.”
Rarangkén –na dina kecap bajuna gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’milik’.
Conto séjéna: sapatuna, calanana, imahna, jeung kabogohna

2. ”Ayeuna pun nini téh tos tujuhna.”
Rarangkén –na dina kecap tujuhna gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’nincak kana waktu ...’.
Conto séjéna: tiluna, opatpuluhna

3. ”Paingan tara ka dieu, atuda geus aya gantina.”
Rarangkén –na dina kecap gantina gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’hal nu tangtu.’
Conto séjéna: daunna, balikna, jeung alusna


5. Rarangkén Tukang –ing/ning
1) Rarangkén tukang –ing dipaké upama ngantét kana wangun dasar anu ditungtungan ku konsonan.
Contona: mungguh + -ing ------> mungguhing
                 bakat + -ing ------> bakating

2) Rarangkén tukang –ning dipaké upama ngantét kana wangun dasar anu ditungtungan ku vokal.
Contona: éstu + -ning ------> éstuning
                kersa + -ning ------> kersaning

Guna jeung hartina:
Bakating ku nyeri, hing baé atuh manéh na ceurik.”
-Rarangkén –ing/ning gunana ngawangun kecap pancén anu ngandung harti ’panganteb’
Conto séjéna: kersaning, éstuning, awahing, jeung mungguhing