Kecap RundayanKecap rundayan téh nyaéta kecap anu wangun dasarna geus dirarangkénan. Rarangkén dina basa Sunda téh kabéhanana aya opat, nyaéta: rarangkén hareup (
afiks atawa
awalan): rarangkén tengah (
infiks atawa
sisipan); rarangkén tukang (
sufiks atawa
akhiran); jeung rarangkén barung (
konfiks)
a. Rarangkén HareupRarangkén hareup nyaéta rarangkén anu ngantét hareupeun wangun dasarna. Rarangkén hareup dina basa Sunda nyaéta:
ba-,
barang-,
di-,
ka-,
N-,
pa-,
pada-,
pang-,
para-,
per-,
pi-,
sa-,
sang-,
si-,
silih/
sili-,
ti-,
ting/
pating-.
1. Rarangkén Hareup ba-
Conto kecap dina kalimah:
“Pa Haji Rahmat milu
bajoang ngarebut kamerdékaan.”
Gunana rarangkén hareup
ba- pikeun ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun…’
Conto séjéna:
balayar,
badarat,
barempug.
2. Rarangkén Hareup barang-
“Kuring mah ka dieu téh lain rék
barangpénta.”
Gunana rarangkén hareup
barang- ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ngalakukeun pagawéan anu teu tangtu atawa teu puguh objékna’.
Conto séjénna:
barangbeuli,
baranginjeum,
barangdahar.
3. Rarangkén Hareup di-
Guna jeung harti rarangkén hareup
di-, di antarana:
(1) “Poé ieu mah kuring rék digawé nepi ka peuting.”
Rarangkén
di- dinya gunana ngawangun kecap pagawean (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun …’.
Conto séjéna:
diajar,
didamel
(2) “Lamun rék ka masjid kudu
dikopéah atuh.”
Rarangkén
di- di nya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘maké’ ….
Conto séjénna:
dibaju,
dikabaya,
disapatu,
didasi.
(3) “Pepetasan téh geuning henteu
disada.”
Rarangkén
di- di di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngaluarkeun …’.
(4) “Buku téh geus
dibaca ku kuring.”
Rarangkén
di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘kakeunaan pagawéan ….’.
Conto séjénna:
dibilang,
dibawa,
dicokot,
dikorupsi.
(5) “Ban mobil téh kempés, kudu
dikompa heula.”
Rarangkén
di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘kakeunaan pagawéan ku/make …’.
Conto séjéna:
didongkrak,
dibuldoser,
disugu,
dipacul.
(6) “Lamun leuweung
diruksak tangtu bakal aya akibatna.”
Rarangkén
di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina “dijieun jadi …’.
Conto séjéna:
dijebol,
dibentuk,
dibeureun (saperti dina babasan: rék
dibeureum, rék
dihideung …)
(7) “Guru mah geus sakuduna
dihormat.”
Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘
dibere’
Conto séjénna:
dipeunteun,
dihampura.
4.
Rarangkén Hareup ka-
Guna jeung hartina rarangkén hareup
ka-, di antarana:
1.“Loték Bi Encum
kajojo ku urang mana-mendi.”
Rarankén
ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘kakeunaan ku pagawéan di- …’.
Conto séjénna:
kagiridig
2. “Rujak téh geuning henteu
karasa ladana.”
Rarangkén
ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘bisa di- …-keun’.
Conto séjénna:
kagambar,
kabayang.
3. “Babawaan téh moal bias
kabawa kabéh.”
Rarangkén
ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘bisa di- …”.
Conto séjénna:
kaangkut,
kasawang,
kairong.
4. “Hayam jago Mang Iyas
kagéléng mobil.”
Rarangkén
ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina “teu dihaja di- …’.
Conto séjénna:
katincak,
katoél,
katubruk,
kapacul
5. “Rumasa kuring mah jalma euweuh
kanyaho.”
Rarangkén
ka- di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘hal anu patali jeung …’.
Conto séjénna:
kabisa,
kamampuh,
kasakit
6. “Abdi mah teu acan gaduh
kabogoh, margi sakola kénéh.”
Rarangkén
ka- di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘hal anu dipi- …’.
Conto séjénna:
kahayang,
kaasih,
kanyaah
7. “Manehna téh
kapélét ku Néng Elis urang Buah batu.”
Rarangkén
ka- di dinya gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ‘kakeunaan ku …’.
Conto séjénna:
kagendam,
kaduyung
8. “Jang Somad jadi unggul
kahiji saémbara ngarang puisi.”
Rarangkén
ka- di dinya gunana ngawangun kecap bilangan nu hartina ‘tahapan atawa bagian…’.
Conto séjénna:
kadua,
katilu,
kasapuluh
5. Rarangkén Hareup N- (nasal)
Rarangkén hareup
N- mibanda alomorf (variasi)
m-,
n-,
ng-,
nga-,
nge-, jeung
ny-.
• Rarangkén
N- robah jadi
m- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan
b jeung
p.
Contona: baca +
N- ------>
maca
Pacul +
N- ------>
macul
• Rarangkén
N- robah jadi
n- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan
t.
Contona: tulis +
N- ------>
nulis
tanya +
N- ------>
nanya
• Rarangkén
N- robah jadi
ng- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan
k jeung vokal.
Contona: karang +
N- ------>
ngarang
aku +
N- ------>
ngaku
• Rarangkén
N- robah jadi
nga- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan
b,
d,
g,
h,
j,
l,
m,
n,
w, jeung
y.
Contona: badug +
N- ------>
ngabadug
dulag +
N- ------>
ngadulag
golér +
N- ------>
ngagolér
hampas +
N- ------>
ngahampas
juru +
N- ------>
ngajuru
liang +
N- ------>
ngaliang
ma’lum +
N- ------>
ngama’lum
riung +
N- ------>
ngariung
wadul +
N- ------>
ngawadul
yuga +
N- ------>
ngayuga
• Rarangkén
N- robah jadi
nge- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan sarta ngan saengang.
Contona: cét +
N- ------>
ngecét
Bor +
N- ------>
ngebor
• Rarangkén
N- robah jadi
ny- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan c jeung s..
Contona: colok +
N- ------>
nyolok
sapih +
N- ------>
nyapih
Guna jeung harti rarangkén N- di antarana:
1.“Ayeuna urang sami-sami
ngadu’a ka Gusti Alloh.”
Rarangkén
N- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngedalkeun …’.
Conto séjénna:
ngadongéng,
nyarita,
nyora
2.“Kuring keur
maca novel basa Sunda.”
Rarangkén
N- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun pagawéan …’.
Conto séjénna:
nginum,
ngigel,
ngaji,
masak
3. “Mang Joni keur
ngawuluku di sawah.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngawuluku gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun pagawéan ku/maké ...’.
Conto séjénna:
nyugu,
ngecrik,
ngarit,
ngabuldoser
4. ”Manéna téh kungsi
masantrén di Tasik.”
Rarangkén
N- dina kecap
masantrén gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun di ...’.
Conto séjénna:
masar,
ngaranca,
ngebon,
nyawah,
ngahuma
5. ”Kuring
ngarasa bungah manéh geus lulus ujian.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngarasa gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’boga ...’.
Conto séjénna:
ngaraos
6. ”Geus sakuduna urang
ngabdi ka nagara jeung bangsa.”
Rarangkén N- dina kecap
ngabdi gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’milampah saperti ...’.
Conto séjénna:
ngawula,
ngajag
7. ”Bu Tati keur
meunteun hasil ulangan kelas dua.”
Rarangkén
N- dina kecap
meunteun gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’méré ...’.
Conto séjénna:
ngahampura,
ngahormat,
ngama’lum
8. ”Néng Azka geus pinter
ngagambar.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngagambar gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyieun ...’.
Conto séjénna:
nyayur,
nyambel,
ngabordél,
nyulam
9. ”Pa Rahmat nuju
ngalayung di tepas bumina.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngalayung gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun dina waktu ...’.
Conto séjénna:
nyubuh,
moyan,
meuting
10. ”Budak téh gawéna ngan
ngaruksak cocooan baé.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngaruksak gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyieun jadi ...’.
Conto séjénna:
meulah,
ngalebur
11. ”Ulah sok
ngahina ke jelema téh.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngahina gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nganggap ...’.
Conto séjénna:
ngahampas,
nyatru
12. ”Basa kuring datang manéhna keur
ngagolér dina dipan.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngagolér gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’aya dina kaayaan ...’.
Conto séjénna:
ngadayagdag, n
gabaheuhay,
ngedeng
13. ”Ceu Purma keur
ngabaso di alun-alun.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngabaso gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’dahar/nginum ...’.
Conto séjénna:
nyirop,
nyoto,
ngopi,
ngemih
14. ”Ari solat téh kudu
ngiblat.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngiblat gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyanghareup/ngajugjug ka ...’.
Conto séjénna:
ngalér,
ngidul,
ngétan,
ngulon
15. ”Di luar anjing
ngagogog mani ragég.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngagogog gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngaluarkeun sora...’.
Conto séjénna:
ngagaur,
ngahiem,
ngabérélé,
ngahahah,
ngorosok
16. ”Lebah dinya mah jalana
ngolécér.”
Rarangkén
N- dina kecap
ngolécér gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’kaayan saperti...’.
Conto séjénna:
nyagak,
mayung,
nanjeur
17. ”Abong seniman, imahna ogé
nyéni.”
Rarangkén
N- dina kecap
nyéni gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’boga sipat...’.
Conto séjénna:
nyéntrik,
ngedul,
ngota
6. Rarangkén Hareup pa-
Guna jeung harti rarangkén hareup
pa-, di antarana:
1. ”Bapa kuring mah
patani.”
Rarangkén
pa- dina kecap
patani gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’nu biasa/pacabakanana...’.
Conto séjénna:
padagang,
pamayang
2. “Ayeuna manéhna jadi
patugas kaamanan di palabuan.”
Rarangkén
pa- dina kecap
patugas gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’anu ngalakukeun..’.
Conto séjénna:
pagawé,
pajoang,
patandang,
pamingpin
3. “Upami teu aya
paudur abdi ogé badé dongkap.”
Rarangkén
pa- dina kecap
paudur gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’anu jadi...’.
4. “Kuring teu mawa
panakol kohkol.”
Rarangkén
pa- dina kecap
panakol gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’alat/nu dipake...’.
Conto séjénna:
paneunggeul,
pangajul,
pamupus
5. “Kuring
papisah jeung manéhna téh di Pintusinga.”
Rarangkén
pa- dina kecap
papisah gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’aya dina kaayaan...’.
Conto séjénna:
pagalo,
paribut,
paantel
6. “Geus lila kuring teu
patanya jeung manéhna téh.”
Rarangkén
pa- dina kecap
patanya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’pabales-bales/silih...’.
7. Rarangkén Hareup pada-
Guna jeung hari rarangkén hareup
pada-, di antarana:
1. ”Bangsat téh
padangepung ku urang Buahbatu.”
Rarangkén
pada- dina kecap
padangepung gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ’loba kakeunaan ku pagawéan ...’.
Conto séjénna:
padanyiwit,
padamelong,
padamoro
2. ”Adi lanceuk
padadagang kaén di Pasar Baru.”
Rarangkén
pada- dina kecap
padadagang gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’sarua ...’.
Conto séjénna:
padadaék,
padausaha
3. ”Pérsib jeung Bandung Raya mah
padakuat atuh.”
Rarangkén
pada- dina kecap
padakuat gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’sarua ...’.
Conto séjénna:
padabeunghar,
padageulis
8. Rarangkén Hareup para-
”
Parasiswa kudu meuli buku basa Sunda.”
Rarangkén
para- gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’loba/sakabéh....’
Conto séjéna:
paraguru,
paramitra,
parabapa,
parasadérék.
9. Rarangkén Hareup per-
Rarangkén hareup
per- mibanda guna jeung harti, di antarana:
1. ”Manuk galudra téh
perlambang gagah sakti.”
Rarangkén
per- dina kecap
perlambang gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’anu jadi ...’.
2. ”
Perbawa loba duit sok hayang sagala dibeuli.”
Rarangkén
per- dina kecap
perbawa gunana ngawangun kecap sifat nu hartina ’hal anu dibawa ti lahir. ’
Conto séjéna:
perwatak
10. Rarangkén Hareup pi-
Guna jeung harti rarangkén hareup pi-, di antarana:
1. ”Ménta
pituduh mah ka Gusti Alloh atuh.”
Rarangkén
pi- dina kecap
pituduh gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’nu dijieun ...’.
Conto séjéna:
piwuruk,
piwejang,
piwulang
2. ”Kuring maké jam tangan dina
pigeulang.”
Rarangkén
pi- dina kecap
pigeulang gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’tempat ...’.
Conto séjéna:
piruhak
3. ”Mang Asep keur masang
pitapak di leuweung.”
Rarangkén
pi- dina kecap
pitapak gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’alat/pakakas ...’.
4. ”Geura
pigawé atuh PR téh ambéh téréh anggeus!”
Rarangkén
pi- dina kecap
pigawé gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nitah ngalakukeun ...’.
Conto séjéna:
pidamel
5. ”Sugan téh Néng Dési teu
piduit.”
Rarangkén
pi- dina kecap
piduit gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’resep kana/ka ...’.
Conto séjéna:
pidunya,
piindung
13. Rarangkén Hareup si-
Guna jeung harti rarangkén hareup
si- di antarana:
1. ”Kuring dititah
sideku ku manéhna.”
Rarangkén
si- dina kecap
sideku gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun...’.
Conto séjéna:
sidakep
2. ”Isuk-isuk téh kudu mandi, ulah
sibeungeut wungkul.”
Rarangkén
si- dina kecap
sibeungeut gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’migawé keur sorangan’.
Conto séjéna:
sidéang
14. Rarangkén Hareup silih-
Rarangkén hareup
silih- boga alomorf
sili- jeung
pili-.
Guna jeung hartina:
”Kang Jaja jeung Mang Juhe
silihpelong.”
Rarangkén
silih- gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’pabales-bales’.
Conto séjéna:
silihteunggeul atawa
siliteunggeul,
silihtajong atawa
silitajong,
silihgenti atawa
siligenti
15. Rarangkén Hareup ti-
Guna jeung harti rarangkén hareup
ti- di antarana:
1. ”Amir
titajong kana batu.”
Rarangkén
ti- dina kecap titajong gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’kalakuan teu kahaja’.
Conto séjéna:
tidagor,
tijalikeuh
2. ”Di Lebakjero aya treuk
tibalik.”
Rarangkén
ti- dina kecap
tibalik gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’aya dina kaayaan...’.
Conto séjéna:
titeuleum
16. Rarangkén Hareup ting/pating-
Rarangkén hareup
ting- mibanda alomorf
pating-, nu guna jeung hartina sarua.
Guna jeung harti rarangkén
ting-, di antarana:
1. ”Barudak awéwé
tinggerendeng di juru.”
Rarangkén
ting- dina kecap
tinggerendeng gunana ngawangun kecap pagawean (aktip) nu hartina ’loba anu ngalakukeun...’.
Conto séjéna:
tinggorowok,
tingcikikik, jeung
tingcéréwét
2. ”Lampu-lampu katénjona ti kajauhan
tingkaretip.”
Rarangkén
ting- dina kecap
tingkaretip gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’loba jeung tuluy-tumuluy atawa bareng dina kaayaan...’.
Conto séjéna:
tingsérédét,
tingburinyay