Rabu, 30 November 2011

RANRANGKEN HAREUP

Kecap RundayanKecap rundayan téh nyaéta kecap anu wangun dasarna geus dirarangkénan. Rarangkén dina basa Sunda téh kabéhanana aya opat, nyaéta: rarangkén hareup (afiks atawa awalan): rarangkén tengah (infiks atawa sisipan); rarangkén tukang (sufiks atawa akhiran); jeung rarangkén barung (konfiks)

a. Rarangkén HareupRarangkén hareup nyaéta rarangkén anu ngantét hareupeun wangun dasarna. Rarangkén hareup dina basa Sunda nyaéta: ba-, barang-, di-, ka-, N-, pa-, pada-, pang-, para-, per-, pi-, sa-, sang-, si-, silih/sili-, ti-, ting/pating-.

1. Rarangkén Hareup ba-
Conto kecap dina kalimah:
“Pa Haji Rahmat milu bajoang ngarebut kamerdékaan.”
Gunana rarangkén hareup ba- pikeun ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun…’
Conto séjéna: balayar, badarat, barempug.

2. Rarangkén Hareup barang-
“Kuring mah ka dieu téh lain rék barangpénta.”
Gunana rarangkén hareup barang- ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ngalakukeun pagawéan anu teu tangtu atawa teu puguh objékna’.
Conto séjénna: barangbeuli, baranginjeum, barangdahar.

3. Rarangkén Hareup di-
Guna jeung harti rarangkén hareup di-, di antarana:

(1) “Poé ieu mah kuring rék digawé nepi ka peuting.”
Rarangkén di- dinya gunana ngawangun kecap pagawean (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun …’.
Conto séjéna: diajar, didamel

(2) “Lamun rék ka masjid kudu dikopéah atuh.”
Rarangkén di- di nya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘maké’ ….
Conto séjénna: dibaju, dikabaya, disapatu, didasi.

(3) “Pepetasan téh geuning henteu disada.”
Rarangkén di- di di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngaluarkeun …’.

(4) “Buku téh geus dibaca ku kuring.”
Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘kakeunaan pagawéan ….’.
Conto séjénna: dibilang, dibawa, dicokot, dikorupsi.

(5) “Ban mobil téh kempés, kudu dikompa heula.”
Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘kakeunaan pagawéan ku/make …’.
Conto séjéna: didongkrak, dibuldoser, disugu, dipacul.

(6) “Lamun leuweung diruksak tangtu bakal aya akibatna.”
Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina “dijieun jadi …’.
Conto séjéna: dijebol, dibentuk, dibeureun (saperti dina babasan: rék dibeureum, rék dihideung …)

(7) “Guru mah geus sakuduna dihormat.”
Rarangkén di- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘dibere’
Conto séjénna: dipeunteun, dihampura.
4. Rarangkén Hareup ka-
Guna jeung hartina rarangkén hareup ka-, di antarana:
1.“Loték Bi Encum kajojo ku urang mana-mendi.”
Rarankén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘kakeunaan ku pagawéan di- …’.
Conto séjénna: kagiridig

2. “Rujak téh geuning henteu karasa ladana.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘bisa di- …-keun’.
Conto séjénna: kagambar, kabayang.

3. “Babawaan téh moal bias kabawa kabéh.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ‘bisa di- …”.
Conto séjénna: kaangkut, kasawang, kairong.

4. “Hayam jago Mang Iyas kagéléng mobil.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina “teu dihaja di- …’.
Conto séjénna: katincak, katoél, katubruk, kapacul

5. “Rumasa kuring mah jalma euweuh kanyaho.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘hal anu patali jeung …’.
Conto séjénna: kabisa, kamampuh, kasakit

6. “Abdi mah teu acan gaduh kabogoh, margi sakola kénéh.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘hal anu dipi- …’.
Conto séjénna: kahayang, kaasih, kanyaah

7. “Manehna téh kapélét ku Néng Elis urang Buah batu.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ‘kakeunaan ku …’.
Conto séjénna: kagendam, kaduyung
8. “Jang Somad jadi unggul kahiji saémbara ngarang puisi.”
Rarangkén ka- di dinya gunana ngawangun kecap bilangan nu hartina ‘tahapan atawa bagian…’.
Conto séjénna: kadua, katilu, kasapuluh


5. Rarangkén Hareup N- (nasal)
Rarangkén hareup N- mibanda alomorf (variasi) m-, n-, ng-, nga-, nge-, jeung ny-.
• Rarangkén N- robah jadi m- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan b jeung p.
Contona: baca + N- ------> maca
Pacul + N- ------> macul

• Rarangkén N- robah jadi n- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan t.
Contona: tulis + N- ------> nulis
tanya + N- ------> nanya

• Rarangkén N- robah jadi ng- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan k jeung vokal.
Contona: karang + N- ------> ngarang
aku + N- ------> ngaku

• Rarangkén N- robah jadi nga- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan b, d, g, h, j, l, m, n, w, jeung y.
Contona: badug + N- ------> ngabadug
dulag + N- ------> ngadulag
golér + N- ------> ngagolér
hampas + N- ------> ngahampas
juru + N- ------> ngajuru
liang + N- ------> ngaliang
ma’lum + N- ------> ngama’lum
riung + N- ------> ngariung
wadul + N- ------> ngawadul
yuga + N- ------> ngayuga

• Rarangkén N- robah jadi nge- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan sarta ngan saengang.
Contona: cét + N- ------> ngecét
Bor + N- ------> ngebor

• Rarangkén N- robah jadi ny- upama ngantét kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan c jeung s..
Contona: colok + N- ------> nyolok
sapih + N- ------> nyapih

Guna jeung harti rarangkén N- di antarana:

1.“Ayeuna urang sami-sami ngadu’a ka Gusti Alloh.”
Rarangkén N- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngedalkeun …’.
Conto séjénna: ngadongéng, nyarita, nyora

2.“Kuring keur maca novel basa Sunda.”
Rarangkén N- di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun pagawéan …’.
Conto séjénna: nginum, ngigel, ngaji, masak

3. “Mang Joni keur ngawuluku di sawah.”
Rarangkén N- dina kecap ngawuluku gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun pagawéan ku/maké ...’.
Conto séjénna: nyugu, ngecrik, ngarit, ngabuldoser

4. ”Manéna téh kungsi masantrén di Tasik.”
Rarangkén N- dina kecap masantrén gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun di ...’.
Conto séjénna: masar, ngaranca, ngebon, nyawah, ngahuma

5. ”Kuring ngarasa bungah manéh geus lulus ujian.”
Rarangkén N- dina kecap ngarasa gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’boga ...’.
Conto séjénna: ngaraos

6. ”Geus sakuduna urang ngabdi ka nagara jeung bangsa.”
Rarangkén N- dina kecap ngabdi gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’milampah saperti ...’.
Conto séjénna: ngawula, ngajag

7. ”Bu Tati keur meunteun hasil ulangan kelas dua.”
Rarangkén N- dina kecap meunteun gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’méré ...’.
Conto séjénna: ngahampura, ngahormat, ngama’lum

8. ”Néng Azka geus pinter ngagambar.”
Rarangkén N- dina kecap ngagambar gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyieun ...’.
Conto séjénna: nyayur, nyambel, ngabordél, nyulam

9. ”Pa Rahmat nuju ngalayung di tepas bumina.”
Rarangkén N- dina kecap ngalayung gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngalakukeun dina waktu ...’.
Conto séjénna: nyubuh, moyan, meuting

10. ”Budak téh gawéna ngan ngaruksak cocooan baé.”
Rarangkén N- dina kecap ngaruksak gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyieun jadi ...’.
Conto séjénna: meulah, ngalebur

11. ”Ulah sok ngahina ke jelema téh.”
Rarangkén N- dina kecap ngahina gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nganggap ...’.
Conto séjénna: ngahampas, nyatru

12. ”Basa kuring datang manéhna keur ngagolér dina dipan.”
Rarangkén N- dina kecap ngagolér gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’aya dina kaayaan ...’.
Conto séjénna: ngadayagdag, ngabaheuhay, ngedeng

13. ”Ceu Purma keur ngabaso di alun-alun.”
Rarangkén N- dina kecap ngabaso gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’dahar/nginum ...’.
Conto séjénna: nyirop, nyoto, ngopi, ngemih

14. ”Ari solat téh kudu ngiblat.”
Rarangkén N- dina kecap ngiblat gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nyanghareup/ngajugjug ka ...’.
Conto séjénna: ngalér, ngidul, ngétan, ngulon

15. ”Di luar anjing ngagogog mani ragég.”
Rarangkén N- dina kecap ngagogog gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’ngaluarkeun sora...’.
Conto séjénna: ngagaur, ngahiem, ngabérélé, ngahahah, ngorosok

16. ”Lebah dinya mah jalana ngolécér.”
Rarangkén N- dina kecap ngolécér gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’kaayan saperti...’.
Conto séjénna: nyagak, mayung, nanjeur

17. ”Abong seniman, imahna ogé nyéni.”
Rarangkén N- dina kecap nyéni gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’boga sipat...’.
Conto séjénna: nyéntrik, ngedul, ngota


6. Rarangkén Hareup pa-
Guna jeung harti rarangkén hareup pa-, di antarana:

1. ”Bapa kuring mah patani.”
Rarangkén pa- dina kecap patani gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’nu biasa/pacabakanana...’.
Conto séjénna: padagang, pamayang

2. “Ayeuna manéhna jadi patugas kaamanan di palabuan.”
Rarangkén pa- dina kecap patugas gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’anu ngalakukeun..’.
Conto séjénna: pagawé, pajoang, patandang, pamingpin

3. “Upami teu aya paudur abdi ogé badé dongkap.”
Rarangkén pa- dina kecap paudur gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’anu jadi...’.

4. “Kuring teu mawa panakol kohkol.”
Rarangkén pa- dina kecap panakol gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’alat/nu dipake...’.
Conto séjénna: paneunggeul, pangajul, pamupus

5. “Kuring papisah jeung manéhna téh di Pintusinga.”
Rarangkén pa- dina kecap papisah gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’aya dina kaayaan...’.
Conto séjénna: pagalo, paribut, paantel

6. “Geus lila kuring teu patanya jeung manéhna téh.”
Rarangkén pa- dina kecap patanya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’pabales-bales/silih...’.


7. Rarangkén Hareup pada-
Guna jeung hari rarangkén hareup pada-, di antarana:

1. ”Bangsat téh padangepung ku urang Buahbatu.”
Rarangkén pada- dina kecap padangepung gunana ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina ’loba kakeunaan ku pagawéan ...’.
Conto séjénna: padanyiwit, padamelong, padamoro

2. ”Adi lanceuk padadagang kaén di Pasar Baru.”
Rarangkén pada- dina kecap padadagang gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’sarua ...’.
Conto séjénna: padadaék, padausaha

3. ”Pérsib jeung Bandung Raya mah padakuat atuh.”
Rarangkén pada- dina kecap padakuat gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’sarua ...’.
Conto séjénna: padabeunghar, padageulis

8. Rarangkén Hareup para-
Parasiswa kudu meuli buku basa Sunda.”

Rarangkén para- gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’loba/sakabéh....’
Conto séjéna: paraguru, paramitra, parabapa, parasadérék.

9. Rarangkén Hareup per-
Rarangkén hareup per- mibanda guna jeung harti, di antarana:
1. ”Manuk galudra téh perlambang gagah sakti.”

Rarangkén per- dina kecap perlambang gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’anu jadi ...’.


2. ”Perbawa loba duit sok hayang sagala dibeuli.”

Rarangkén per- dina kecap perbawa gunana ngawangun kecap sifat nu hartina ’hal anu dibawa ti lahir. ’
Conto séjéna: perwatak

10. Rarangkén Hareup pi-
Guna jeung harti rarangkén hareup pi-, di antarana:
1. ”Ménta pituduh mah ka Gusti Alloh atuh.”

Rarangkén pi- dina kecap pituduh gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’nu dijieun ...’.
Conto séjéna: piwuruk, piwejang, piwulang


2. ”Kuring maké jam tangan dina pigeulang.”

Rarangkén pi- dina kecap pigeulang gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’tempat ...’.
Conto séjéna: piruhak


3. ”Mang Asep keur masang pitapak di leuweung.”
Rarangkén pi- dina kecap pitapak gunana ngawangun kecap barang nu hartina ’alat/pakakas ...’.


4. ”Geura pigawé atuh PR téh ambéh téréh anggeus!”

Rarangkén pi- dina kecap pigawé gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ’nitah ngalakukeun ...’.
Conto séjéna: pidamel


5. ”Sugan téh Néng Dési teu piduit.”

Rarangkén pi- dina kecap piduit gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’resep kana/ka ...’.
Conto séjéna: pidunya, piindung
 
13. Rarangkén Hareup si-
Guna jeung harti rarangkén hareup si- di antarana:
1. ”Kuring dititah sideku ku manéhna.”
Rarangkén si- dina kecap sideku gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun...’.
Conto séjéna: sidakep

2. ”Isuk-isuk téh kudu mandi, ulah sibeungeut wungkul.”
Rarangkén si- dina kecap sibeungeut gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’migawé keur sorangan’.
Conto séjéna: sidéang


14. Rarangkén Hareup silih-
Rarangkén hareup silih- boga alomorf sili- jeung pili-.
Guna jeung hartina:
”Kang Jaja jeung Mang Juhe silihpelong.”
Rarangkén silih- gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’pabales-bales’.
Conto séjéna: silihteunggeul atawa siliteunggeul, silihtajong atawa silitajong, silihgenti atawa siligenti


15. Rarangkén Hareup ti-
Guna jeung harti rarangkén hareup ti- di antarana:
1. ”Amir titajong kana batu.”
Rarangkén ti- dina kecap titajong gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’kalakuan teu kahaja’.
Conto séjéna: tidagor, tijalikeuh

2. ”Di Lebakjero aya treuk tibalik.”
Rarangkén ti- dina kecap tibalik gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’aya dina kaayaan...’.
Conto séjéna: titeuleum


16. Rarangkén Hareup ting/pating-
Rarangkén hareup ting- mibanda alomorf pating-, nu guna jeung hartina sarua.
Guna jeung harti rarangkén ting-, di antarana:

1. ”Barudak awéwé tinggerendeng di juru.”
Rarangkén ting- dina kecap tinggerendeng gunana ngawangun kecap pagawean (aktip) nu hartina ’loba anu ngalakukeun...’.
Conto séjéna: tinggorowok, tingcikikik, jeung tingcéréwét

2. ”Lampu-lampu katénjona ti kajauhan tingkaretip.”
Rarangkén ting- dina kecap tingkaretip gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’loba jeung tuluy-tumuluy atawa bareng dina kaayaan...’.
Conto séjéna: tingsérédét, tingburinyay  

1 komentar: