Rabu, 30 November 2011

GUGURITAN

Guguritan teh minangka judul karangan anu dina wangun pupuh. Conto-contona:
  1. Dina Pupuh Kinanti aya guguritan kembang Eros, Parahu Laju Didayung jeung sajabana
  2. Dina Pupuh Asmarandana aya Guguritan: Eling-eling mangka eling
  3. Dina Pupuh Dangdanggula aya guguritan: Bandera Urang, Kembang Cau, Mega Beureum.
  4. Jeung sajabana
Nurutkeun wangunna eta guguritan teh :
  1. Carita
  2. Sindiran Dangding
  3. Wawangsalan Dangding
Ari numutkeun eusina mah guguritan teh jembar pisan, sakumaha dina wawacan upamana bisa nyaritakeun lalakon, kasusahan, kabingungan, kasedihan, kabungahan, ngambek, perang, wawaran jeung sajabana.
Conto-conto pupuh :
1.   Pucung 
Utamana jalma kudu rea batur
keur silih tulungan
silih nitipkeun nya diri
Budi akal lantaran ti pada jalma
2.   Lambang
Urang kudu inget pisan
Nya diajar di sakola
Kudu gura-giru bisa
Sing inget ka indung bapa
3.   Pupuh Magatru
Guguritan      : Peuyeum Sampeu
lagu                : Buhun
Peuyeum sampeu dagangan ti Ranca Purut
Dijual dua saduit
Dibungkusan daun waru
Dituruban daun jati
Katuangan anu ompong
Guguritan       : Majalaya
Lagu               : Buhun
Majalaya Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo, Rongga, Cisondari
Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong
4.  Pupuh Maskumambang
Guguritan      : He Barudak
Lagu               : Buhun
He barudak kudu mikir ti leuleutik
Maneh kahutangan
Ku kolot ti barang lahir
Nepi ka ayeuna pisan
5.  Pupuh Pangkur
Guguritan      : Seja Nyaba (dicutat tina wawacan
                          Panji Wulung)
Lagu               : Buhun
Seja nyaba ngalalana
Ngitung lembur ngajajah milang kori
Henteu puguh nu dijugjug
Balik paman sadaya
Nu ti mana tiluan semu rarusuh
Lurah begal ngawalonan
Aing ngaran Jaya Pati
6.  Pupuh Balakbak
Guguritan      : Aya Warung
Lagu               : Buhun
aya warung sisi jalan rame pisan
Citameng
Awewena bisa pisan ngala duit
Ngagoreng
Lalakina – lalakina los ka pipir nyoo hayam
Si Rengge
Guguritan      : Awewena
Lagu               : Buhun
Awewena loba pisan caritana
Cerewed
Lamun henteu panuju kasalakina
Ngeceblek
Salakina-salakina cicing bae teu ngalawan
Nyerengeh
Guguritan      : Palered
Lagu               : Buhun
Di dinya mah loba pisan gagarabah
Palered
Aya maung, hayam, entog, meri, soang
Jeung monyet
Didagangkeun-didagankeun di tokona loba pisan
Ngaberes
7.   Pupuh Mijil
Guguritan      : Putra Pringgandani
Lagu               : Buhun
Mesat ngapung Putra Pringgandani
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak-lirik ningali ka bumi
Milari Sang Rayi
Pangeran Bimanyu
Guguritan       : Pamaksadan Hasil
Lagu               : Buhun
Lamun hayang pamaksadan hasil
Sing loba kanyaho
Jeung kahayang ditambah kadaek
Hiji deui perlu kapimilik
Kabisa nu mahi
Sakitu teh cukup
Guguritan       : Bapak Tani
Lagu               : Buhun
Bapa Tani nu di tepis wiring
Pakena kalotor
Dudukuyna oge geus laledeh
Manggul pacul jeung ngajingjing arit
Gambarna patani
Tah eta teh kitu
8.   Pupuh Sinom
Guguritan      : Tawis Kabingah
Lagu               : Pangrawit
Sinom tawis kabingahan
Kabingahan tanpa tanding
Teu kagambar ku rumpaka
Henteu kasanggi ku dangding
Patepang sareng wargi
Nu cunduk ti lembur-lembur
Ketua KTNA
Mugi-mugi nambih andil
Ngaronjatkeun karaharjan masarakat
9.   Pupuh Asmarandana
Guguritan      : Eling-eling mangka eling
Lagu               : Buhun
Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Gururitan       : Eling-eling Murangkalih
Lagu               : Buhun
Eling-eling murangkalih
Kudu apik jeung berseka
Ulah odoh ka panganggo
Mun kotor geuwat seuseuhan
Soeh geuwat kaputan
Ka nu buruk masing butuh
Ka nu anyar masing lebar
Nu rujit mawa kasakit
Mawa cela ka salira
Katenjo ku batur awon
Tungtungna urang dihina
Ku pada babaturan
Batur the geus tangtu embung
Babarengan eujeung urang
10. Pupuh Wirangrong
Guguritan      : Daun Kaliki
Lagu               : Buhun
Daun kaliki ditulis
Karinding laguna goyong
Samangka kabeuki ciung
Disuakan awi tali
Meungpeun carang ku ayakan
Api-api kurang awas
11. Pupuh Dangdanggula
Guguritan      : Bandera Urang
Tina                : Panji Pustaka
Anggitan                : MA Salmun
a. Ngerab-ngerab katebak ku angin
Beureum bodas hebat tapi waos
Dua warna pulas polos
Ti luhur beureum alus
Perlambangna sugih kawani
Teguh tanggoh tur gagah
Dina perang tarung
Suka pejet batang ngejat
Kajeun lebur teu lebar naruhkeun pati
Bumela ka nagara

b. Pulas bodas warna anu murni
Suci setra alah batan sutra
Sasmita beresih hate
Perlambang budi luhung
Suci tina geugeuleuh galih
Tur adil palamarta
Pengkuh teu salingkuh
Beuneur bebeneranana
Kersa bakti gumati terus jeung ati
Ka nusa jeung ka bangsa

c. Beureum bodas wani sarta suci
Netenggeran sa-Indonesia
Sing lambat lambut ngelebet
Ngebutkeun bayu wahyu
Mawat jaya daya sajati
Rahayu mulya raya
Ari saratna sarupa
Kudu bakti sewu-sewu seuweu siwi
Sawawa sawajarna
12. Pupuh Sinom
Guguritan      : Sinar Bulan
Lagu               : Cahya Sumirat
Sinar bulan mani mencrang
Tengah peuting sepi jempling
Di langit bentang baranang
Ngahibaran diri kuring
Anu keur langlang-lingling
Ngawaskeun nu keur ngalantung
Kuring teu anggang leumpang
Sanajan kitu teu cicing
hate kuring baluang ngantosan beurang
13. Pupuh : Kinanti
Gugurintan    : Anaking Jungjunan Kalbu
Lagu               : Panimang
Anaking jungjunan kalbu
Didu’akeun siang wengi
Salira sing panjang yuswa
Salira masing walagri
Jeung masing luhur darajat
Sabar soleh suci galih

Guguritan       : Pangrungrum Bangun Aralum
Lagu               : Ninun
Pangrungrum bangun aralum
Hariring sari nu ketir (deuh masing deudeuh)
Haleuang sada nalangsa
Nganti-nganti seuweu siwi
Para putra-putri Sunda
Tumandang di medan seni
(Dicutat tina Ganda Mekar)
14. Pupuh   : Dangdanggula
Gururitan       : Dangdanggula Purwaning Hariring
Dangdanggula purwaning hariring
Tawis bingah nu tanpa wangenan
Ngiring bingah ka panganten
Anu nembe ngadahup
Takdir diri dihin pinasti
Nyatana ayeuna
Kersa Maha Agung
Pangerab Nu Murbeng Alam
Mugi-mugi ieu panganten sakalih
Bagja salalawasna

Saterusna ieu aya sababaraha pada guguritan. Cobi tengetan bandingkeun sareng conto anu ditulis ti payun, taksir pupuh naon?
1. Pupuh      :……?
Kueh-kueh anu aya di lembur-lembur
Lapis legit jeung papais
Simping opak, apem, cuhcur,
Wajit, bolu, kueh ali
Angleng, semprong jeung kolontong
2. Pupuh      : ….?
Wuluku, garu, pasangan
Sawarehna tina parabot patani
Parang, congkrang, pacul, garpuh,
Susurung jeung lalandak
Kored, cungkir, lanjam diwuwuh ku pecut
Tambang oge teu kaliwat
Kasasup tali kondali
3. Pupuh      :.?
Planet panon peo urang
Merkurius ngaranna anu kahiji
Anu kaduana Venus
Ari nu katiluna
Ieu pisan bumi tempat urang hirup
Ari anu sejena mah
Pek sebutan hiji-hiji
4. Pupuh      :
Nun sumuhun nu ieu wastana curuk
Ari nu sisi mah cinggir
Anu di tengah jajangkung
Nu caket cinggir jariri
Indung leungeun anu pondok
5. Pupuh      :
Ari tabeat penjajah
Teu mikirkeun karahajaan pribumi
Asal maranehna wungkul
Harirupna ngacak ngebur
Henteu cara pribumina
Sangsara salalawasna
6. Pupuh      : ?
Guguritan  : Nyambut
Hayoh tarik wulukuna masing jujur
Entong ka sisi ka gigir
Nincakna kakalem wungkul
Geus di tungtung mideur deui
Kitu bae ulah poho
7. Pupuh      : ?
Guguritan  : Melak Pare
Lamun hayang pelak pare alus mulus
Sing alus garapan
Jeung sing alus ngarur cai
Jeung pupukna 2 X ku urang kudu cukupan

Tandurna ge ku urang kudu diatur
Kudu tandur jajar
Sarta ulah ombol teuing
Umur binih 2 X ulah pisan kakolotan
      

Piaraan pelak pare kudu alus
Ngarambet ngarandak
Ngored galeng oge deui
Moal hade 2 X upama urang culculan
8. Pupuh      : ?
Anak-anak lurah Semar Badranaya
Garoreng
Aya anu disebut si Udawala
Si Udel
Aya deui 2 X hiji deui anu bungsuna
Si Gareng
9. Pupuh      : ?
Lampah beuteur ku urang ulah ditiru
Jorok baranghakan
Cacing ngaringkuk disantok
Teu nyahoeun jerona aya useupan
10. Pupuh    : ?
Sangkan untung urang kudu boga elmu
Jeung aya kahayang
Dibarengan ku kadaek
Hiji deui 2 X saratna aya kabisa


11. Pupuh    : ?
Rebab raja kanayagan
Ari kendang eta nu jadi papatih
Gambang bonang ketuk kempul
Taat kana parentah
Sang gamelan saron oge pada tuhu
Kecrek ge milu marentah
Goong anu ngaheueuhan
12.  Pupuh   : ?
Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir
Pacikrak ngalawan merak
Anjing ngagogogan kalong
Cileungcang mande sagara
Jogjog neureuyan loa
Ngajul bentang ku asiwung
Cecendet mande kiara

Tidak ada komentar:

Posting Komentar