Rabu, 30 November 2011

- FUNGSI KALIMAH -

Fungsi kalimah
A. Kalimah Wawaran
Kalimah wawaran nyaéta kalimah anu eusina ngawawarkeun méré béja ka nu lian tur miharep résponsi nu mangrupa panitén wungkul. Dina basa tulisan biasa ditungtungan ku peun (.), ari dina basa lisan boga lentong.
contona: Manéhna keur indit ka Jakarta. Sumuhun, leres ieu bumina Wa Haji mah.
B. Kalimah Pananya
Kalimah pananya nyaéta kalimah anu eusina nanyakeun hiji perkara ka jalma lian sarta miharep résponsi nu mangrupa jawaban. Dina basa tulisan ditungtungan ku tanda pananya (?), ari dina lisan boga lentong.
contona: Manéhna téh mahasiswa UPI Bandung? Dimana meuli buku téh?
C. Kalimah Paréntah
Kalimah paréntah nyaéta kalimah anu eusina pikeun maréntah batur sangkan milampah pagawéan, atawa miharep résponsi nu mangrupa tindakan. Sina basa tulisan sok ditungtungan ku tanda panyeluk (!), ari dina basa lisan mibanda lentong.
Aya rupa-rupa kalimah paréntah kayaning:
1. Kalimah Panitah nyaéta kalimah anu dipaké pikeun nitah batur sangkan ngalakukeun hiji hal. Contona: Punten pangmésérkeun cai!
2. Kalimah pangajak nyaéta kalimah anu dipaké pikeun ngajak jalma lian ngarah digawé babarngan. Contona: mangga atuh urang tuang heula!
3. Kalimah pangharepan nyaéta kalimah anu eusina ngébréhkeun harepan lumangsungna peristiwa. Contona: muga-muga baé baé kuring jadi munggah haji taun ayeuna!
4. Kalimah panyaram/panyarék nyaéta kalimah anu eusina pikeun nyarék jalma lian sangkan ulah migawé pagawéan. Contona: Ulah garelut waé atuh!
5. Kalimah pangwawadi nyaéta kalimah anu eusina nganjurkeun atawa ngawawadian jalma lian sangkan ulah migawé pagawéan. Contona: saéna mah pami badé mondok lapor heula ka !
6. Kalimah pangjurung nyaéta kalimah anu eusina ngajurungkeun jalma pikeun migawé pagawéan. Contona: geuwat atuh bisi kaburu hujan!
D. Kalimah Panyeluk
Kalimah panyeluk (Interjéksi) nyaéta kalimah anu eusina ngébréhkeun rasa (émosi) panyaturna, upamana waé rasa gumbira, nalangsa, kagét, geuleuh, reueus, jst. Dina basa tulisan sok ditungtungan ku tanda panyeluk (!)
Nilik kana adegan internalna, kalimah panyeluk aya sababaraha rupa.
a. Kalimah Salam nyaéta kalimah anu wangunna matok, biasana dipaké waktu tepung jeung jalma lian, boh ngamimitian boh mungkaskeun omongan. Contona:
- Wilujeng énjing!
- Assalamualaikum!
b. Kalimah Panggentra (vokatif) nyaéta kalimah panyeluk nu diwangun ku nyebut ngaran, gelar, sesbutan, atawa pangkat geusan manggil atawa ngagentraan jalma lian. Contona:
- Asép!
- Pa Guru!
- Béca!
c. Kalimah Anteuran nyaéta kalimah panyeluk anu ngébréhkeun rasa panyatur, biasana tumali jeung kanyeri, kareueus, kakeuheul, antusiasme, jst. Contona:
- Aduh!, Euleuh!, Asyik!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar